Sabtu, 29 Januari 2011

Purnama Alam (Bag. 24)

11. Saur putri atuh nuhun, pertanda bisa ngajagi, teu aya kataledoran, cepet temen kekel ati, kana gawe kumawula, hormatan mangke di ahir.
12. Sanggeus Putri nyaur kitu, ningali ka hiji mantri, juru Jurung pajarangan, rupana ku sejen budi, pias semu nandang susah, jalanan nyorang balahi.
13. Jeung hanteu ngiring piunjuk, ka kersa Sang Raja Putri, kalangkung Ratna Suminar, kaget salebeting galih, geus tangtu aya sababna, nu bakal nyusahkeun ati.
14. Kitu manah Ratna Ayu, sarta teu lami ngalahir, ka Ki Mantri Pajarangan, saurna eh paman Mantri, ku naon eta paroman, pias kawas rupa gering.
15. Reujeung hanteu cara batur, pada gerah bungah ati, didatangan ku kaula, jeung pada bijil wawarti, piunjuk kasalametan, ari paman wungkul cicing.
16. Budi-budi patut kusut, kiceup carang bangun gering, rupa kesat lir ngamadat, geseh ti adat sasari, cing paman naon sababna, bejakeun ka kula misti.
17. Nyembah Mantri seug piunjuk, ka eta Sang Raja Putri, jisim abdi sayaktosna, gaduh kaewedan leuwih, nu bakal balukar bahya, kana diri jisim abdi.
18. Tangtos kenging hukum gantung, ku kersa gamparan pasti, dupi anu jadi marga, wirehing abdi, eusi Jurung-pajarangan, baruang racun werejit.
19. Sadayana budal kabur, ledis henteu aya kari, tina Jurung-pajarangan, ku marga eta sim abdi, mung harut sadaya-daya, buang-anggang gantung tinggi.
20. Mariksa deui Ratnayu, sarta langkung kaget galih, sugan ku naon asalna, da tangtu moal teh teuing, nyingkahna tanpa karana, tangtu naon asalna, da tangtu mohal teh teuing, nyingkahna tanpa karana, tangtu pisan aya margi.
21. Ki Mantri Ginggi ngawangsul, bawi raos jisim abdi, nu jadi baruntak sangar, ka kamar tempat werejit, katinggang ku darigama, katindih ku kari-kari.
22. Abdi nampi ti Jeng Ratu, sarupi arca sahiji, siksaeun di Pajarangan, nu hanteu nurut ka Gusti, Sri Maha Putiasukma, Ratu Ambaran nagari.
23. Wastana anu saestu, eta arca nu katampi, wartosna Purnama Alam, putra Sang Riskomar nagri, dupi margina disiksa, ku Sang Putiasukmaji.
24. Teu purun dianggo mantu, anggur tega kana pati, eta Sang Purnama Alam, kitu wartosna nu sidik, ti Aria Patih Kumba, nalika nitipkeun tadi.
25. Atuh ku sim abdi terus, didamel parab werejit, amung henteu yasa teurak, werejit anggur nyalingkir, arca Sang Purnama Alam, dengdeng hanteu busik-busik.
 
Dangdanggula
1. Marga eta menggah diri abdi, taya sanes mung sadaya-daya, ngiringan gamparan bae, dibuang jeung dibunuh, sadrah pisan diri sim abdi, margi karumaosan, kalampud ku luput, awit tina kabodoan, Rajaputri ngalahir ka Mantri Ginggi, kula kakara terang.
2. Na iraha Putiasukmaji, ngirim arca ka Karangpanyiksaan, kula bet teu nyaho-nyaho, sarta Jeng Rama ulun, hanteu pisan masihan warti, sakitu geus lilana, Sang Putia Ratu, ngirimkeun arca siksaan, saruana reujeung paman Mantri Ginggi, teu pisan ngabejaan.
3. Kaduana benerna mah tadi, barang gebrus ngasupkeun si arca, sidikkeun masing katenjo, teurak-hanteuna racun, mun geus sidik eta werejit, yen hanteu bisa teurak, jait buru-buru, pindahkeun deui arcana pilih-pilih kana kamar sejen deui, nu bakal bisa teurak.
4. Kamar duruk reujeung kamar giling, kamar keueum sarta kamar kampa, kamar cacag kamar godog, mana bae nu maju, anu bakal teurak ngabasmi, tah kitu permistian, lain sina wungkul, tetep dina hiji kamar, bet paman mah diantep sakitu bukti, yen racun hanteu mental.
5. Mantri Ginggi ngawangsul ka Putri, jisim abdi oge satadina, emutan nya kitu bae, amung kalangkung-langkung, barang arca bade dijait, di Jurung-pajarangan, hanteu kiat asup, panas teu aya bangsana, jisim abdi ampir-ampir nyorang pati, bawaning ku panasna.
6. Jisim abdi saumur nya hurip, nembe mendak nu kitu panasna, langkung tina seuneu bae, ngahuleng Ratna Ayu, ngadangukeun piunjuk Mantri, yen kitu balukarna, dina kamar racun, teu lami lajeng ngandika, coba-coba ku kaula rek diroris, si Jurung Pajarangan.
7. Hanteu lami lajeng Rajaputri, angkat nyatat nu ngiring sadaya, pramantri jeung prakaliwon, ngajugjug kamar racun, hanteu lami Putri geus sumping, ka Jurung Pajarangan, nyondong panto nutup, sartana waktu harita, Rajaputri kaget salebeting galih, dugi ka ngarandegna.
8. Marga ngangseu seungit ngadalingding, langkung-langkung ti seungitna kembang, ngelehkeun sugri wawangen, Ratnayu barang ngambung, ngadak-ngadak pepes nya galih, ilang di kapusingan, lipur geusan bendu, wekasan Putri imbalan, ka Ki Mantri nu geus bakuna ngajagi, mukakeun panto guha.
9. Mantri Ginggi saparantos nampi, parentahan ti Ratna Suminar, teras bae muka panto, tapi kersa Yang Agung, eta panto kamar werejit, hanteu beunang dibuka, cara beunang maku, dipaksa potong sorogna, Mantri Ginggi susahna kawanti-wanti, nepi ka ngucur kesang.
10. Dibantuan ku sakabeh mantri, hanteu beunang disurung disungkal, disered padoger-doger, sadaya sami bingung, Ratu Putri lajeng ngalahir, ka Mantri Pajarangan, paman Mantri mutuh, nepi ka kieu petana, yen pertanda geus heubeul tara diroris, sampe taihiangan.
11. Halik bae pramantri nyalingkir, coba arek ku kula dilaan, nya urang rujadkeun bae, teu lami Ratna Ayu, nyandak panto kamar werejit, jeung ngawatek sagala, sakur elmu-elmu, babakuna pamecatan, nu dipalar ku keresa Ratu Putri, rarujad paburantak.
12. Tatapina kersana teu jadi, canmbal kabeh jangjawokanana, sakur elmuning kasakten, diusap jeung ditiup, panto kamar jongjon walagri, teu obah-obah acan, Raja Putri langkung, kagetna lebeting manah, jeung ngaraos kakara saumur hurip, teu mental pangawasa.
13. Sarta nandang wirang leuwih-leuwih, ku sadaya pramantri nu ningal, culang-cileung seuri koneng, teu lami lajeng nyaur, ka sadaya pramantri-mantri, jasad kaula tiwas, cambal elmu-elmu, sagala taya nu mental, kawas-kawas eta si arca teh lain, manusa samanea.
14. Diri kula saumur nya hurip, bet kakara ngarasa ayeuna, ajian camplang sakabeh, mana kitu ge tangtu, ieu arca terah istuning, bener pangkusumahna, kasinungan luhung, ngagem raraga sampurna, katitisan wahyu sipating sajati, ieu Purnama Alam.
15. Tapi kula tekad dina ati, kajeun nadah pati jeung tinimbang, teu laksana muka panto, sabab ku kula estu, geus kaharti moal sak deui, akal supaya bisa, muka ieu pintu, kudu tata jeung pamitan, geura dangu ku sadaya para mantri, kitu ge susuganan.
16. Hanteu lami lajeng Ratu Putri, deku nyieun tedak kahormatan, bari mayun kana panto, nun Gusti Agung, Rajaputra terah Narpati, Sang Pangeran Purnama, abdi neda tulung, ieu panto mugi muka, abdi bade ngadeuheus ka kersa Gusti, marga maksad patepang.
17. Saenggeusna panuhun Sang Putri, eta panto bet ujug bray muka, cara disurungkeun bae, Ratu Putri kalangkung, nandang kaget lebeting galih, tina panto geus muka, awas ka Sang Sunu, jero Jurung Pajarangan. Raja Putri teu kendat neuteup ningali, ka arca Sang Purnama.
18. Kitu deui sadaya pramantri, sami ningal kana jero kamar, awas ka Pangeran Anom, karageteun kalangkung, tina margi naringal rupi, cahaya Sang Pinutra, gumebyar, bawaning langkung kasepna, pada muji sadayana kapala jin, ka Pangeran Purnama.
19. Mantri Ginggi jaba ningal rupi, aya deui pakageteunana, mungguh ka Pangeran Anom, tina sabab kapungkur, waktu neundeun kana werejit, arca Purnama Alam, cicingna ngudupung, tatapi mangsa harita, linggihna teh bet geus dina korsi gading, mayun kana pantona.
20. Tatapina ku Ki Mantri Ginggi, teu diwartos ka mantri sadaya, wungkul kaget dina hate, kacatur Ratna Ayu, hanteu pisan kendat ningali, ka arca Sang Purnama, lucueun kalangkung, sarta nyaur lebet manah, masa Allah naha mana kasep teuing, arca Purnama Alam.
21. Aing mindeng ngambah-ngambah nagri, hanteu manggih nu kieu kasepna, anak-anak pranarpatos, anu enggeus katimu, sabuana pusering bumi, sakur bangsa kajinan, ukur lumbrah patut, taya nu kieu kasepna, reujeung naha ieu rasa hate aing, geugeut teuing ka dinya.
22. Tayohna mah mustina lalaki, aya kasep meakkeun nu lian, ngowahkeun hate awewe, buktina aing estu, geus kawentar yen tukang nampik, bawaning kapengkuhan, adat ti ka pungkur, tatapi ayeuna naha, ngait meulit ati ka ieu lalaki, jeung nyaah perwatekna.