Sabtu, 29 Januari 2011

Purnama Alam (Bag. 23)

Sarah nyarande kana tihang saung. Jagong meunang meungkeutan patulayah dina tunjangeunana.
"Nembe mah mani reuwas, Ceu," pokna ka dahuan Panji, Ceu Salamah.
"Aya naon karah?"
"Aya nu moro di peuntaseun walungan. Sakitu abdi sieunna teh, Panji kalah ngaderegdeg bade ngiring nuturkeun."
"Ah, da geus adatna kitu si eta mah. Najan keur sakumaha segutna mantuan gawe di kebon oge, ari mireng panting anjing mah, belaan cul kana hanca. Kadang-kadang jebulna deui teh ampir wayah asar," walon Ceu salamah.
"Naon tea, Ceu?" Panji nu karek datang ka saung milu nembrong.
"Heueuh, eta, Enji mah teu kaop ngadenge aya nu moro, sok terus we ngereles. Mun geus rek asar, karek puncengis ka imah."
"Ah, ari kana pangaresep mah kumaha deui, tuda!" omongna. "Aya keneh caian teko teh, Ceu?"
"Loba. Pan karek meunang ngeusian deui bieu, meunang ngahaja naheur. Ke, urang cicikeun heula."
"Keun we ku abdi, Ceu," Sarah miheulaan ngarongkong gelas. Cur dieusian. "Panas keneh caina oge geuning."
"Antep heula atuh, sina tiis!" omong Panji bari ngageberan awakna ku dudukuy. "Keur mahabu deui hama ayeuna teh, Ceu?"
"Enya, pangpangna bagong. Kapan jagong anu ayeuna diala oge lolobabna pasesaanana. Cacak mun teu ditungguan saban peuting mah, boa bakal beak digalaksak. Biasa tuda, Enji, ari keur usum halodo kieu mah sok mindeng tarurun ka kebon, malah sok aya nu asup ka lembur."
"Bagong, Ceu, anu ka lembur teh?" Sarah nanya semu kaget.
"Lain, bentang pilem," Panji anu nembalanana.
"Ah, Sarah nanya sabener-bener!"
"Enya, bagong anu tarurun ka lembur teh, Eneng!" omong Ceu Salamah. "Kapan minggu tukang mah, poe kasur Ceu Isoh mani beak digaley."
"Ah, piraku, Euceu!"
"Ih, ari Eneng; marukankeun kumaha kitu?"
"Ceu Isoh pamajikan Kang Jumanta tea, Ceu?" Panji mairan.
"Heueuh, anu imahna pangtonggohna."
"Pantes rek kitu oge, tuda imah sasat adek ka leuweung. Heueuh, pan ti lebah panto pawonna teh langsung nampeu kana rarambu. Untung teu terus asup ka enggon oge."
"Mangkaning kasurna kaitung weuteuh keneh."
"Bagong hayangeun kawin meureun eta mah, Ceu!"
"Ah, aya-aya wae Jang Enji mah!" omong Sarah bari rada ngadilak.
"Tah, mun di kota, anu kungsi kajadian teh poe kasur digaley angkot; ari di dieu mah digaley bagong," omong Panji.
Sabot kitu, ti lebah kebon katenjo aya nu ngabrul. Barang disidik-sidik, horeng aya nu keur digagandong.
"Naon itu, nJi?"
"Paling oge nu keur moro cilaka di leuweung," tembalna. "Disasaak ku bagong kitu?" bari terus ngaderegdeg, arek nyidikkeun.
Sarah ge pipilueun turun ti saung, terus ngiciprit nuturkeun Panji.
"Ku naon, euy?" ceuk Panji.
"Labuh kana gawir," tembal anu saurang; teu kungsi ngarandeg heula, terus we ngarungkug ka lebak.
"Cilaka ku naon, nJi?" Sarah nanya, da manehna mah kapandeurian.
"Labuh."
"Parna?"
"Nya heueuh meureun, matak balikna digandong oge."
"Tuh nya, ceuk Sarah ge ...."
"Naon?"
"Untung Panji teu tulus milu moro. Tuh geuning batur ge cilaka!"
"Ah, meureun teu ati-ati we eta mah, matak kitu ge. Atawa mungkin wae sabab indit ka leuweung bari tacan beberesih mandi gede heula!"
"Ngaco, ah!"
"Ih, da jeung enyana."
"Geus ah, gandeng!" omong Sarah, bari terus balik deui ka saung.
Tambah deui kanyaho teh, ceuk Sarah dina hatena. Ayeuna mimiti rada apal kana kaayaan di pasisian. Lain wae ukur semet nyaho kaayaan alamna, tapi deuih sawatara sisi kahirupan masarakatna.
Sajeroning meuting di imah lanceukna Panji, di suku gunung, Sarah jadi nyaho kumaha ari prak-prakan nyieun gula, misalna, ti mimiti nurunkeun lodong anu geus dieusi lahang tepi ka nyitakna pisan.
Ulin di kebon atawa di huma, kukucuprakan di walungan nu caina canembrang herang. Di Bandung mah pimananeun bisa kitu. Anu tacan kasaba teh puncak Gunung Cakrabuana, anu ngadingding tonggoheun lembur. Mangkaning aya curug opat umpak, cenah. Eta ge ku Panji kungsi diajak ka dinya, ngan manehna nolak, sabab sieun mopo di jalanna.
Ari bieu, tambah deui kanyahona ngeunaan bagong nu sok turun ka lembur, malah aya nu ngagaley poe kasur sagala.
Teu sangka, horeng Panji karesepna kana moro. Jadi, lain ngan ukur catur wungkul. Padahal mah mun tong resep ka nu kararitu, da geuning sakitu deet picilakaeunana.
Ah, engke mah rek dicarek!
***
Dina dekna, rada ragu saenyana mah basa rek ngontrakkeun imah teh. Hantem dipikir deui dibulak-balik. Lain ku nanaon, sieun dina hiji mangsa, aya ahli waris Bapa anu ngagugat. Heueuh, kapan ieu imah teh ukur pamere, lain meunang meuli sorangan, bari jeung ari status kuring teh saenyana kumaha. Memang enya ari "marengan" Bapa mah aya taunna, tapi pan teu kabeungkeut ku hubungan anu resmi, sok komo lamun dipapaykeun susuratanana.
Nya hal eta anu dipapaykeun ka Panji teh, sugan wae manehna daekeun mere bongbolongan. Ieu ge rada lila ditimbang-timbangna; naha pantes atawa henteu kuring ngajak badami ka manehna. Heueuh, kapan ieu imah teh pamere ti hiji lalaki anu kungsi rada lila hirup babarengan jeung kuring. Ari ayeuna rek diobrolkeun ka hiji lalaki deui anu geus mimiti jadi bagian tina hirup kuring deuih; meureun sahenteuna wae lalakon kuring dina mangsa ka tukang-tukang bakal kaungkab deui. Ngan sanggeus dilelekan deui, kuring ngarasa yakin yen Panji moal boga pikiran goreng.
"Ari dina susuratanana, make ngaran saha?" ceuk manehna.
"Nya ngaran Sarah atuh, malah dijieunna oge di hareupeun notaris," tembal kuring. "Ke, dagoan heula geura, urang cokot sertifikatna," bari terus ngaleos ka kamar. Dina map husus diteundeunna oge, dihijikeun jeung susuratan parenting lianna.
"Cingan ngilikan!"
Bareng diilo ku duaan. Eces pisan ditetelakeun yen dina oper nama teh make ngaran kuring, lengkep jeung identitas lianna. Di handapna dikuatan ku tanda tangan notaris.
"Ke, ke ..., anu asalna boga hak kana ieu tanah reujeung imahna teh asana mah ...," omongna bari terus nyekelan tarang.
"Saha? Panji wawuh?"
"Asana mah .... Mun teu salah, ieu jelema teh kungsi kabaud kana perkara gede, kira opat-lima taun ka tukang, tapi teu tulus jadi perkara di pangadilan. Biasa, kajahatan kerah-putih anu loba rambat kamalena jeung nu nyekel kakawasaan," tembalna. "Tapina, naha ieu sertifikat bet jadi ragrag ka Sarah kalawan resmi di hareupeun notaris?
"Ih, kapan Sarah mah sakadar anu narima wungkul;pamere ti ... Bapa," tembal kuring. Waktu ngedalkeun kecap 'Bapa', sora nu kaluar tina biwir ngadadak jadi laun.
"Oh, rada kaharti atuh ayeuna mah ..."
"Kumaha?" kuring rikat megat omongan.
"Ieu sertifikat teh bisa jadi panyogok, upeti, atawa naon wae istilahna mah ka .... Ka saha teh, Sarah?"
"Bapa," walon kuiring, angger alon. Enya, asa kagok tuda nyebut-nyebut Bapa hareupeun Panji teh.
"Bapa naon ngarana teh?"
Etah! Naha manehna bet kalah nanya kitu deuih? Kuring teu nembalan.
"Bapa naon?" pokna deui.
"Ah, naha bet kalah hayoh wae puputeran di dinya! Geus ah, kadieukeun!" kuring rada nyentak, bari ngajewang sertifikat tina leungeunna.
"Tong direbut atuh, bisi soeh!"
"Naha atuh kalah hayoh wae ngaguliksek sual eta? Ongkoh urang teh keur nyaritakeun perkara arek ngontarakkeun imah! Naha bet jadi nyabit-nyabit ka nu lain-lain! Geus, ah!" bari rek ngajengkat.
"Perhatosan! Perhatosan ka sadayana! Dinten ieu aya nu geulis nuju bendu ...."
"Teu lucu, ah!"
"Mangga geura dareugdeug ku sadayana! Jangan hiraukan, jangan hiraukan .... Eh, salah. Kuduna mah: jangan lewatkan, jangan lewatkan!"
"Teu lucu!"
"Karcisna berhadiah kulkas berwarna. Hadiah menggiurkan, langsung diantar ke rumah, tanpa perantara.
Jreng-dung-jreng, dung-jreng! Sarimin pergi ke pasar! Sarimin merebut sertifikat ... Etah, geus salah deui wae. Sarimin membawa payung! Sarim ...!"
Gancang ditungkup biwirna, bari rada diciwit.
"... min nyiwit!"
"Gandeng! Gandeng ...!"
"Sarimin gandeng ...! Jreng-dung-jreng ..."
"Ieuh, Panji, gandeng!"
"Mending keneh gandeng jeung baeud baketut kitu mah!"
"Enya atuh, ayeuna mah moal baeud."
"Tah, kitu. Geulis-geulis baketut nyungcung. Marukankeun lucu, kitu?"
"Bongan tuda ...."
"Geus tong nyebut bongan, da uing mah nanya sabener-bener, Teteh!"
"Nanyakeunana entong perkara eta atuh! Kapan Panji geus jangji, moal ngungkit-ngungkit pangalaman Sarah dina mangsa ka tukang-tukang."
"Lain rek ngungkit-ngungkit, ngan ieu mah bawaning ku hayang jentre nerangkeunana. Kade tong salah harti, Teteh!" manehna ngangles. "Geus we kitu atuh ayeuna mah, ngarah teu kakapanjangan, mending tulus kontrakkeun. Moal, moal aya nanaon."
"Kapan ceuk Panji, ieu imah teh hasil tina upeti. Sogokan meureun, nya, ngarah perkarana henteu terus dika-pangadilankeun?"
"Ongkoh cenah moal nyaritakeun perkara eta, da bisi dianggap ngungkit-ngungkit. Ari ayeuna naha bet ngajalanan deui?"
"Ih, lain rek ngajalanan maksud Sarah mah! Nanyakeun soteh status hukumna, pedah ku Panji disebut barang tina upeti."
"Ah, ari status hukumna mah sah boga Sarah. Sok, saha nu rek ngagugatna, da sakabeh bukti aya di dieu," omong Panji yakin. "Ngan meureun anu masih keneh jadi pasualan teh, kasang tukang reujeung prosesna, tepi ka imah ieu ahirna jadi milik Sarah."
"Tah eta, Ujang Enji, anu hayang dibadamikeun teh," kuring gancang nempas. "Sok sieun Sarah narima barang pamere tina jalan anu dianggap salah."
"Ah, anu bieu disebutkeun mah karek ceuk pangira uing wungkul. Boa teuing anu saenyana mah lain kitu. Bisa wae ieu imah teh lain tina upeti, tapi meunang meuli. Tapi, uing boga pangira kitu teh tangtu aya dasarna, dumeh jabatan anu mikeun ieu sertifikat ka Sarah gede pisan lolongkrang kamungkinanana pikeun dibere ruruba, sabab manehna boga kakawasaan dina urusan anu patali jeung hukum. Cacak mun pamerena lain ti eta mah, lain ti jelema anu gede lolongkrangna pikeun milampah korupsi atawa kolusi, uing moal nyieun pangira ka lebah dinya. Ieu mah pamere ti jelema anu nyaaheun ka Sarah, anu ...," kalimahna teu dianggeuskeun.
"Anu naon?"
"Heueuh, anu ... mikaasih Sarah."
"Tah, tah, Panji geus mimiti ngaleok deui ka dinya!"
"Eh, naha sok salah harti wae? Nya heueuh atuh anu mikanyaah jeung mikaasih Sarah. Cacak mun teu kitu mah, pimananeun make kudu barangbere, bari anu dibikeunna teh lain barang murah-murah. Ngartos, Teh?"
***