"Moal sugan, tepi ka kitu-kitu teuing mah. Dina derna oge aya kajadian di urang, piraku sugan sakabeh penerbangan internasional jadi areureun. Anu dipimelang mah lain Sarah teu bisa balik, tapi teu niat balik deui."
"Ah, ngaco!"
"Atawa, balik ari balikna mah, ngan teu ka Bandung."
"Ngaco, ngaco! Memangna naon Sarah teh! Atawa memang Panji sorangan anu teu percaya?" Sarah mencrong, bangun rek ngajugjugan eusi hate Panji.
"Percaya ... percaya ...."
"Naha atuh make nyarita kitu?"
Panji teu nembalan.
Rada lila panji rek nyoara teh. "Mun tea mah enya aya kacangcaya, sakumaha ceuk anggapan Sarah, jigana alatan ku perbawa suasana anu ayeuna keur karandapan. Ku Sarah ogenan tangtu geus karampa, hirup di dieu teh matak kaluman, da sagala rupa diwatesanan. Sahenteuna, pikiran oge remen sensitip kana hal-hal nu negatif. Disabar-sabar oge, dijanglar-janglar oge, angger ukur sasabar-sabarna, sajanglar-janglarna anu keur cicing di jero tahanan. Beda jeung manusa bebas, dina keur manggih katugenah teh, atawa aya pikiran-pikiran goreng, bakal babari ngabangbalerkeunana, da boga kalaluasaan masing rek naon-naon ogenan. Tah, Sarah, uing teh sok remen dijungjurigan ku perasaan sorangan."
Sarah henteu mairan, kalah ka tungkul. Enya, ku manehna oge geus karampa, kumaha pagaliwotana perasaan Panji. Cacak mun aing sorangan anu ngarandapanana, ceuk Sarah dina hatena, geus pasti bakal kawas perasaan manehna; boa leuwih ti kitu.
"Jadi, hampura wae mun uing sok nembongkeun sikep anu ku Sarah ditapsirkeun aya kacangcaya. Sorangan ge sadar ari enggeusna mah; boa Sarah ngarasa kasigeung, cekeng teh dina hate."
"Enya, Sarah ge ngarti," pokna. "Ngan sakapeung mun keur nyanghareupan sikep Panji kawas kitu teh, Sarah sok asa jadi serba salah. Kawas ayeuna Sarah rek indit ka Jepang, ari dina hate mah pan geus disebutkeun: hoream, hoream! Lain wae ku sabab faktor suasana anu bakal kajadian di nagara urang, anu ceuk Panji gede kamungkinan bakal timbul riributan. Lain, lain ngan eta-etana alesan timbulna kahoream teh, tapi aya faktor sejen."
"Naon?"
"Enya, dina hate aya nu kurang genah, lantaran Sarah kudu indit ninggalkeun Panji dina kaayaan kawas ayeuna. Saenyana ari dina hate leutik mah keukeuh teu mikeun rek ninggalkeun lemah cai teh. Tapi kumaha deui atuh? Pan ku Sarah ge geus didongengkeun, naon pangna keukeuh maksakeun indit. Cacak mun Si Permana teu rek kawin mah, Sarah teh moal ieuh milu, najan pangajak ti Jakarta haben-habenan oge. Geus we cicing di Bandung, da ari keur kahirupan sapopoe mah tara tepi ka kosong. Honor tina ngajar di tempat keurseus oge lumayan keur sasoranganeun wae mah. Kitu deui ondangan manggung, kapan tara sepi-sepi teuing," ngarandeg heula.
Panji teu nyoara. Balem soteh lain pedah teu ngarti, ngan bawaning ku gedena karumasa. Enya, kapan kahirupan manehna ayeuna oge, sanggeus boga status tahanan, saha deui anu nangkesna, lamun lain Sarah. Kitu deui anu sok ngabantu-bantu waragad sakola alona, nya saha atuh.
Lantaran Sarah ge sarua jempe, ahirna Panji ngabijilan deui omongan, "Ulah kurang-kurang hampura we, lantaran uing teu bisa ngabantu-bantu; Sarah kudu tihothat sorangan, bari sanghareupaneun sakitu ngabegbregna."
"Lah, tong teuing jadi pikiran. Hanas ayeuna Sarah kudu cape, nya keun wae. Kapan Panji sorangan anu tiheula nyarita kitu, bari sakalian ngadorong ku sumanget."
"Enya atuh. Ieu mah dicaritakeun soteh ...."
"Geus, teu kudu dicaritakeun!" Sarah megat omongan. "Nu penting mah, geura singkahkeun kacangcaya anu nyangkaruk dina hate Panji! Ulah dikukut wae, da engkena ukur jadi bangbaluh; boh keur diri Sarah, boh keur Panji sorangan. Urang teh pan geus pada-pada dewasa. Bet Sarah oge ayeuna mah geus bisa ngeunteung kana lalampahan sorangan dina mangsa ka tukang-tukang. Jangji nya, Panji?"
Panji unggeuk lalaunan.
***
Ti sajungna sarah ka Osaka, ayeuna mah nu diarep-arep datang ngabesukan teh alona. Tapi geus leuwih ti saminggu Uning teu embol-embol. Gering kitu? Palangsiang enya, ceuk Panji dina jero hatena. Ti heula-heula mah basa Sarah tacan indit, memang alona sok dicarek ulah mindeng-mindeng teuing besuk, sabab geus pasti bakal ngaganggu kana jadwal sakolana. Heueuh, kapan asupna teh pabeubeurang, tepi ka kira-kira tabuh lima sore. Ari jadwal besuk ukur dijatah sajam, ti tabuh opat. Jadi, mun rek nepungan emangna teh tangtu wae kana bolos diajar, atawa sakurang-kurangna kudu menta idin heula ka guru yen rek ninggalkeun pangajaran samemeh waktu. Mangkaning ti sakolana ka tempat Panji ditahan teh ganti angkotna ge kudu dua kali. Kana pililaeun di jalanna oge, moal cukup k satengah jam. Tacan deui lamun kapegat macet. Tabuh sakitu teh kapan waktuna budalan kantor. Ayeuna, sanggeus Sarah euweuh (saheulaanan), Uning jadi diarep-arep datang. Ana geus nincak poe Rebo atawa Saptu teh, Panji sok asa gumbira. Heueuh, pikeun jalma nu dikungkung mah naon deui nu bisa jadi kabungah teh, iwal ti aya nu datang nepungan. Taya deui nu ayeuna bisa diarep-arep ku Panji, iwal alona; da ari dulur-dulurna mah kapan jarauh, katurug-turug geus laloba uruseun. Ti heula, Kang Obing jeung Kang Girang nu datang teh, sakali-kalina. Terus deuih Ceu Nunung. Eta ge kabeneran keur aya tugas ka Bandung; nya nyimpang heula ka tempat tahanan.
"Naha atuh Enji, pamustunganana bet jadi kieu?" omong lancekna aya semu-semu nyalahkeun. Sarua jeung Kang Obing, datangna teh bari nganaha-naha.
Panji teu nembalan. Kahiji, dianggap lain waktuna pikeun nerangkeun pangna manehna jadi ditahan. Kadua, moal aya gunana masing dicaritakeun oge. Dina hate leutikna mah, saenyana Panji teu ngarep-ngarep dilongok ku lanceukna anu ieu. Lain embung tepung, atawa lain sieun dipangloh, ceuk pamikirna, ngan bisi matak jadi ganjelan kana kalancaran karir manehna; mangakaning Ceu Nunung teh keur meujeuhna bentang terang. Dina pajamanan ayeuna tea, ulah waka kasalahan anu langsung, dalah anu ngan ukur pakait ku sabab aya hubungan duduluran oge teu weleh dikotektak, teu weleh ditareangan. Anu dimaksud kasalahan di dieu utamana lain nu dianggap ngalanggar hukum; kriminal murni, misalna, tapi boh ucap boh ketak nu papalingpang atawa teu sajalan jeung aturan maen nu nyekel kakawasaan. Geuning sok remen kabejakeun, si anu dieureunkeun tina jabatanana lantaran dulurna aya nu kabaud kana gerakan anu nanduk kana pamarentahan rezim Orde Baru, atawa si eta teu naek-naek pangkatna sabab di antara anakna aya nu teu milih Golkar dina Pemilu, jeung rea-rea deui contona. Rezim anu ayeuna keur ngawasa sensitip pisan kana lengkah-lengkah rahayat anu ku maranehna dianggap ngandung unsur pulitis. Memang enya, ari anu dipake panyindekelanana mah siga-siga konstitusional, sabab anu salawasna ditabeuh ku maranehna dumasar kana undang-undang. Ngan anu kudu dipaluruh deui: naha enya eta undang-undang teh geus mere tempat pikeun aspirasi anu jolna ti handap, atawa ngan ukur kahayang rezim sarta terus disetempel ku para anggota dewan anu proses dipilihna siga enya dibungkus ku demokrasi, anu dina seuhseuhanana ukur pikeun ngalanggengkeun kakawasaan Soeharto?
Dina kondisi anu memang kitu diciptakeunana, anu nyarekel jabatan loba nu makmak-mekmek hayang weureu seubeuh sorangan tanpa miduli kapentingan balarea. Moal, moal kajiret ku hukum. Sabab, ari nu disebut hukum, remen pisan dina kabuktianana mah lir ramat lancah. Anu nyangsang dina ramat lancah mah salawasna oge sasatoan laleutik anu teu pati bisa hojah. Tapi ari pikeun sasatoan galede mah, anu tanagana rosa, boro-boro bisa beunang, nu puguh mah kalah ramat lancahna awut-awutan.
Ti saprak manehna bisa beunta, kaayaan nu lumangsung di sabudeureunana teu katenjo robah. Enya ari pangwangunan fisik mah beunang disebutkeun rongkah-rohaka, tur geus mimiti karasa ku balarea, kaasup ku maranehna nu caricing di suklakna, di siklukna. Geuning jalan desa ka lembur Si Akang ge ayeuna mah geus alus sapotong, komo ti saprak aya kiriditan sapi mah; nu dikokolakeun ku bapana. Puskesmas geus tepi ka ampir saban desa, najan ari nu dilongokna ku dokter mah ukur sawaktu-waktu. Sakola? Ih, kapan geus parat ka gunung, ku ayana program SD Inpres teh, najan wawangunanana loba nu wawayagon lantaran make rumus kongkalikong, bari gajih guruna remen dipotong oge. Pek, naon deui anu teu ningkat dina urusan fisik mah. Geus karuhan di kota, dalah di pasisisan oge kahirupan (sabagian) wargana geus katembong moronyoy. Pakakas mebeler, barang elektronik kaasup jeung parabolana, dalah kendaraan pisan moal hese neangan anjukeun, asal apal kana selahna. Keun, urang iwalkeun heula ari patani anu geus robah jadi buruh tani mah, atawa ngaleutna kaom wanita nu harayang jadi TKW di Arab Saudi.
Geus dua kali manehna didaptar ku Pantarlih, najan karek sakali-kalina ari lebah nyolokna mah. Kahiji, basa keur sakola keneh di SMA. Tah, harita mah Panji miluan kana Pemilu, kitu ge inditna ka TPS teh lain karep-karepna teuing, tapi lantaran ngaragangan (atawa sieun saenyana mah ku) anu jadi bapa, anu geus aya taunna jeneng kapala desa. Teu pati loba pikiran harita mah, dapon gejos. Kadua, basa geus mahasiswa. Teu, teu hayang acan sabenerna mah miluan Pemilu teh. Aya soteh rengkol ngaranna di panitia sabab didaptarkeun ku bapana deui wae. Enya, kapan manehna masih keneh ngagunakeun KTP lembur asalna, sok sanajan geus tilu taun matuh di Bandung. Dina poean nyoblos, Panji teu mulang ka lembur, da ceuk pamanggihna taya hartina ieuh miluan Pemilu ge ari hasilna geus kanyahoan jauh-jauh ti samemehna mah-Golkar angger jadi mayoritas tunggal. Tah, ngan akibatna matak peuheur. Basa mulang ka lembur, manehna pada ngarentog, sabab dianggap teu loyal ka bapa anu dibere pancen ngonengkeun desa. Ku sabab ngarasa geus dewasa, katurug-turug geus jadi mahasiswa, manehna ngajawab ku ngaluarkeun rupa-rupa argumentasi: naon pangna teu kataji ku Pemilu. Rame pacental-cental heula, tapi hiji ge taya nu daekeun narima kana pamanggihna. Komo Kang Obing mah, anu harita boga kalungguhan jadi kekentong organisasi pamuda orsosmasinal di tingkat kacamatan, mani teu sirikna nunjuk-nunjuk. Cacak mun taya nu ngahalangan, kawasna teh kana nyabok enya. Geus puguhing deui ari omongan garihal mah, kadengena matak nyentug pisan; ngawakwak kawas ka budak satepak.
Dina Pemilu anu katilu kalina, anu lumangsungna karek sawatara bulan ka tukang, Panji teu daptar-daptar acan. Manehna ngarasa laluasa pikeun nembongkeun sikep jeung pamadegan sorangan, da ngarasa geus bisa hirup mandiri dina jalan sorangan. Komo deui ayeuna mah bapana geus teu jeneng nanaon; geus mareman, satutasna tutug dua entragan jadi kapala desa. Panji nganggap teu perlu rumojong kana lumangsungna Pemilu; malah lengkah-lengkahna geus kaitung rada jauh, sabab sikepna ditembongkeun entang-entangan sarta diorganisasi dina hiji wadah; anu ceuk pandangan pamarentah jelas-jelas dianggap ilegal jeung inkonstitusional.
Balukarna, Panji jeung sawatara babaturanana arasup kamar tahanan.
***
Nincak minggu kaduana, Uning besuk.henteu kawas sasarina, datangna teu make baju seragam sakola. Jigana teh inditna langsung ti imah. Barang gok, paromanna katembong alum. "Ku naon, gering?" kitu anu pangheulana kedal tina biwir Panji, sanggeus nangenan pasemon alona beda ti sasari. Sok sanajan alona teh carang takol, tapi da biasana mah tara katembong nguluwut.
Minangka jawabanana teh, Uning ngan ukur gideug.
"Naha atuh mani ngampleng, euweuh ka dieu-dieu?" nanya deui, dumeh teu sugema ku jawaban alona nu ngan ukur gideug. "Di sakola keur usum ulangan, kitu?"
Gideug deui.
"Amang teh ngarep-ngarep pisan maneh; naha kunaon teu embol-embol? Pangpangna mah sieun kumaha onam. Enyaan henteu tas gering?"
"Henteu, Mang. Abdi mah wangsul ti lembur, da kamari ieu sakola pere," tembal Uning, alon meh teu kadenge.
"Nya sukur we atuh ari teu gering mah. Terus, kumaha Si Ema jeung adi-adi maneh, calageur? Pa Aki deuih, kumaha bejana?"
Unggeuk bari tungkul. "Titip salam ka Amang, Ema teu tiasa ka dieu," pokna angger alon.
"Heueuh, keun wae. Ulah jadi pikiran pedah teu nempo ka dieu, da Amang mah teu naon-naon ieuh," walon Panji. Geus kasawang pibarabeeun di jalanna mun Si Euceu besuk mah, da pasti bakal ngaringkid budak; mangkaning nu leutik mah sakitu ronelna, ceuk dina hatena. "Ari pangna maneh katempona teu berag, naha ku naon atuh? Atawa ieu mah ukur tetenjoan Amang wungkul?"
"Ah, teu nanaon ..."
"Nu bener?"
Tapi angger teu nerangkeun.
"Gering maneh teh henteu, tapi mani kawas anu keur susah," omong Panji deui, sanggeus alona keukeuh ngabetem.
"Abdi teh dipiwarang uih deui ka lembur," lila-lila mah teu burung pok, dumeh ku emangna oge diantep sina ngahuleng salila-lila.
"Apan kamari balik, lin, ceuk maneh oge?"
"Dipiwarang uih teh, uih ngalih, sanes mung ukur ngalongok wungkul," tembalna bangun asa-asa.
"Ku saha?"
"Ku Bapa."
"Sababna ...?"
"Duka atuh."
"Har, maenya ari teu puguh nu jadi sababna mah!"
"Muhun, pan ayeuna mah Amangna oge ...," nyaritana teu kebat, kalah rungkul deui.
Karek sakitu ge Panji geus langsung ngarti, naon pangna alona dititah balik deui ka lembur, ka imah kolotna. Heueuh, meureun ceuk itungan bapana Si Uning, cicing di Bandung ge ayeuna mah teu puguh tuturkeuneunana, da sidik anu diiluanana oge keur ditahan, apanan. Tangtuna oge, pangna Uning dititah balik ku kolotna teh didasaran ku rasa melang. Meureun salempang nenjo budak cicing di Bandung sosoranganan. Ari ti heula-heula mah, samemeh emangna ditahan, puguh saha anu ngurusna, da.
"Terus, ari maneh rek kumaha ayeuna?" Panji nanya, sanggeus manehna ge sarua ngahuleng rada lila.
"Ah, teu bade kukumaha abdi mah ..."
"Mun enya teu rek kukumaha, naha atuh katenjona mani bangun keur bingung kacida? Ari enya mah dititah balik deui ka lembur, nya kari balik. Atuh eta sual sakola, pindah deui we ka ditu."
"Abdi mah hoyong di dieu, da."
"Heueuh, tapi maneh ge kudu ngarti kana kamelang kolot."
"Ah, naha bet melang sagala, da abdi ge tiasa ngajaga diri," pokna, rada bedas ayeuna mah.
"Is, lain kitu. Heueuh, ari ngarasa bisa ngajaga diri sorangan tea mah. Tapi, itungan Si Bapa jeung Si Ema mah meureun beda. Sahanteuna ka anak nu jauh ti kolot, bari ka anak awewe, bari kaayaan anu dituturkeunana batan sakieu."
"Pokona abdi mah hoyong keneh di dieu; hoyong keneh sakola."
"Har, kapan di lembur ogenan maneh teh angger bakal sina sakola."
"Geuraheun teuing, Amang ..."
"Naha kumaha, kitu?"
Ngabetem deui.
"Naha bakal kumaha kitu, lamun maneh balik deui ka lembur?"
"Sieun teu kenging neraskeun sakola," tembal Uning.
"Ah, piraku. Asa araraneh teuing mun maneh dicarek sakola mah. Sabodo-bodona indung-bapa maneh, bet piraku tepi ka nyarek sakola. Mun kitu maneh sorangan anu geus mogok, eta mah beda deui dongengna."
"Bapa tea atuh ..."
"Terus, lamun maneh teu sakola, rek naon atuh cicing di lembur ogenan? Maenya ukur rek sina babantu di dapur wungkul?"
"Abdi teh sieun dititah buru-buru kawin," pokna, bangun anu hoream kebat nyaritana oge.
Ngadenge jawaban alona kitu, Panji rada ngarenjag. Heueuh, meureun pangna Si Uning mugen keukeuh embung balik deui ka lembur teh sieun sakolana dititah eureun, terus dikawinkeun, ceuk dina hatena. Memang geus ngadenge yen eta budak geus aya nu ngocal-ngocal rek dipulung minantu. Meureun eta, keur mah bageur, katurug-turug rada aya rupaan; rada ised ti jajar pasar, komo lamun geus dipapantes, didangdanan mah. Tapi, da karek semet dinya; hartina masih keneh jauh kana dikawinkeun mah. Pantesna teh karek babadamian papada kolotna wungkul, da geuning buktina ari jinisna mah kalah hare-hare. Si Uning kalah sok jejebris, bari ditungtungan ku; "Abdi mah hoyong keneh sakola, hoyong kuliah, moal waka ngemutan kawin."
Enya, eta budak teh cita-citana mah luhur. Pokna oge, hayang kawas Mang Enji atawa Bi Nunung. Katempona bangun jejem deuih, sok sanajan ari uteukna mah teu kaasup istimewa.
"Ku Amang pangcarioskeun atuh ka Si Bapa," pokna deui, sanggeus sajongjonan pahuleng-huleng.
"Ari maneh! Rek kumaha bisa nyaritana, kapan uingna ge keur ditahan," Panji gancang nempas.
"Eh, muhun nya. Engke we atuh mun Amang tos bebas deui, enggal-enggal nyarios ka Si Bapa yen abdi mah bade teras sakola di Bandung."
"Babari ari geus aya di luar mah, masing rek nyarita kukumaha wae oge. Naon hesena Amang ngomong ka Si Bapa atawa ka Si Ema. Atuh ayeuna mah matak naon mun ku maneh heula we caritakeunana."
"Entos eta ogenan. Tapi Si Bapa tea, boro-boro daek ngadangu kana omongan abdi."
"Ah meureun, bane we manehna nyaritana teu tartib, atawa teu jelas nu dipake alesanana."
"Ah, asa kirang kumaha. Si Bapana we eta mah,' pokna; angger neumbleuhkeun ka bapana. "Mun Tanteu aya di dieu mah, abdi bade nyuhunkeun tulung ka Tanteu. Hanjakal Tanteuna nuju ka Jepang."
"Dina keur ayana ge, ulah! Ulah ditepikeun jeung menta tulung ka Tanteu atuh, da manehna mah di luar garis; taya hubungan jeung Si Bapa katut Si Ema," Panji gancang ngahulag paniatan alona. Heueuh, da teu pihadeeun mun Sarah diajak pipilueun mah.
"Ari entos, ka saha deui atuh abdi nyuhunkeun tulung? Mang Parman sareng Mang Obing, wah, pimanaeun. Bi Nunung tebih, Bi Idah nya kitu keneh."
"Ka Mang Tahmid atuh."
"Horam nepanganana; tebih sareng sareng hese di jalanna."
"Tuh, da maneh mah kalah nyebut hoream. Enya, geus wae nyarita ka Mang Tahmid."
"Atuh abdi kedah ka lembur deui. Tapi, kumaha sakola? Pan Senen enjing lebetna deui teh."
"Matak naon mun ku surat."
"Biheung dugi ku serat mah atuh, Amang."
"Eh, alamatkeunana atuh ka kantor desa. Pan Pa Aki oge sok rajeun keneh ka desa. Tah engke ti desa, Pa Aki nitah nganteurkeun ka tukang ojeg."
"Pami seratna dibuka ku Pa Aki, kumaha?"
"Atuh keun wae, da lain ku batur ieuh. Sakalian we Pa Aki ge ku maneh bere nyaho, ngarah bisa mantuan."
Alona ngahuleng. Katembongna mah manehna bangun anu ngartieun kana jalan pikiran emangna.