15. Jalma geus leungit kaisin, ear nyarebut haturan, ka Raja pinutra Anom, ari ka Dewi Kania, sakabeh anu ningal, taya papadana lucu, kana kasaeanana.
16. Nyebut ilih-ilih geulis, alah-alah kutan endah, eleh-eleh kutan hade, boa-boa lain jalma, moncorong cara bulan, bet ngagebur kaya layung, ngagebyar cara berlian.
17. Palangsiang widadari, beunang nyandak ti sawarga, kitu pamuji sakabeh, ka eta Dewi Kania, catur nu di pamengkang, Prameswari sareng Ratu, langkung-langkung kaget manah.
18. Jalanan dua perkawis, sahiji ningal cahaya, awang-awang jadi obor, beda jeung cahaya siang, ngagebur jeung gumebyar, lain hurung rupa layung, gumilang lain berlian.
19. Kadua kagetna Gusti, ningal anu paburia, lalumpat paboro-boro, kawas aya nu diudag, Ratu lajeng nimbalan, ka mantri juru tutugur, coba ku maneh pariksa.
20. Itu jalma balawiri, bet kawas aya perkara, nu bakal ngagetkeun hate, wuri-wuri aya cahya gumebyar matak heran, nyembah mios mantri tugur, bari lumpat ti pamengkang.
21. Henteu lila dongkap deui, ngadeuheus ka Sang Sri Nata, ngunjukkeun pinutra Anom, sarengan Aria Patia, sumping ti Gurangsarak, barang Ratu geus ngadangu, yen sumping Pangeran Putra.
22. Ngojengkang lebet ka puri, da cua teu palay tepang, sareng Dewi Kania teh, ngan Meswari anu jengkar, ngabujeng ka kaputran, ngambrul nu ngiring ti pungkur, garwa priyayi sadaya.
23. Pinutra kacatur deui, sumping ka gedong kaputran, sareng nu ngiring sakabeh, mantri-mantri sadayana, sareng Aria Patia, nu mapag paburu-buru, para menak di nagara.
24. Sang Putra sareng Sang Dewi, lalungusur tina kaderah, lumebet ka bumi bae, sarta nyondong tetebahan, enggeus sami lalenggah. Kania jeung putra Sunu, caket lawang pagulingan.
25. Teu lami Prameswari, sareng praistri sadaya, Nyi Aria Nyi Kaliwon, lebet ka gedong kaputran, bade nepangan putra, barang Kania Sang Sunu, ningal sumping Prameswara.
26. Ngalih calikna ka hilir, kana sisi panto latar, bawaning ku isin bae, barang Prameswari ningal, ka Nyi Dewi Kania, ngaranjug geus terap lucu, lir ka putra Sang Purnama.
27. Sajongjongan teu lalinggih, ngadeg henteu medal lisan, ngan wungkul olohok mencrong, ka Nyai Dewi Kania, tina kaget ku rupa, ku geulis punjul ti batur, sarta nyaur lebet manah.
28. Ya Allah teu nyana teuing, kutan teh kieu rupana, geulis matak moho nenjo, minantu aing Kania, paingan Ki Purnama, ujug-ujug kana purun, rek nikah henteu bebeja.
29. Sanajan pikiran aing, ka ieu Dewi Kania, leuwih-leuwih cocog hate, ku sabab waktu ayeuna, lamun ngider sajagat, sasamana moal nimu, nu geulis kaya kieu mah.
Kinanti
1. Lain patut anak wiku, lain titi anak santri, estu rupa anak menak, teu lami Prameswari, lajeng lenggah dina dipan, bari teu petot ningali.
2. Garwa priyayi nya kitu, ngaberes sami caralik, di jero gedong kaputran, sami raresep ningali, ka rupi Dewi Kania, ku tina kalangkung geulis.
3. Uluh lucu uluh lucu, ilih manis ilih manis, alah endah alah endah, geulis lain ulin-ulin, gandang lain ku dangdanan, geulis jasmani pribadi.
4. Teu lami Meswari nyaur, ka Sang Pinutra raspati, eh ujang Purnama Alam, ulah nandang kaget ati, rentag ku sabab diala, ti pasantren Paramanik.
5. Ku ama reujeung ku ibu, sabab ibu leuwih-leuwih, nya nandangan kamelangan, turug-turug boga rabi, hina aya di padesan, ayeuna mah ujang misti.
6. Purun teu purun ge kudu, ulah arek balik deui, ka pasantren Gurangsarak, reujeung Nyi Kania deui, ngeusian karang kaputran, ngajatnika senang ati.
8. Ku margi eta panuhun, manawi gamparan idin, sataun maksad ngiring, kana pangersa gamparan, amung sakalangkung abdi, sesah ku aya pambengan, ajian teu acan hasil.
9. Henteu kudu jauh-jauh, rek ngalap pangeusi ati, bagbagan elmuning kitab, di dieu ge henteu jadi, halangan nuluykeun lampah, ngaji elmuning kiai.
10. Kaduana sabab ibu, leuwih-leuwih keueung ati, ibu pajauh jeung ujang, bener ibu sugih mukti, kawasa pangkat Meswara, disembah digusti-gusti.
11. Dirubung ku dulur-dulur, dijaring ku kulawargi, dijaraga ku ponggawa, tatapina henteu kalis, pikir ngungun sumoreang, sabot ujang di Pramanik.
12. Ibu nandang gering nantung, ti peuting ngan wungkul nyaring, bayeungyang melang ka ujang, timburu pinanggih gering, ti beurang wungkul nyoreang, sieun pinanggih kanyeri.
13. Ayeuna ujang geus cunduk, atuh ibu cageur pikir, lesot tina baya lara, nyingkir ti geusan prihatin, pukah pasangaran rasa, ujang datang tur walagri.
14. Turug-turug ujang gaduh, rabi baris narik ati, kana geusan kalulusan, ibu doa lahir batin, tuluykeun panjang rangkepan, ulah gumilir gumingsir.
15. Raja Pinutra ngawangsul, ka ibu Sang Prameswari, sadaya-daya ngiringan, ka kersa gamparan yakti, ngandika Prameswara, sukur ujang henteu mungkir.
16. Pertanda nyaah ka ibu, bijil kasadrahan ati, jeung ieu Nyai Kania, kumaha purun nya ati, nuturkeun Purnama Alam, parindah ti Paramanik.
17. Dewi Kania ngawangsul, menggah abdi Dalem yakti, mung maksad sadaya-daya, kumambang kana panglahir, kalayan kana pangersana, putra Dalem nu sayakti.
18. Imut Prameswari nyaur, nya bener Kania eulis, kekel kana kumawula, nuturkeun ombak salaki, sakitu anu dipenta, lulus runtut repeh rapih.
19. Panjang lamunna dicatur, harita Parameswari, sabadana sasauran, lajeng ti kaputran mulih, ngantunan uang jeung barang, ka mantu putri Pramanik.
20. Pangeran pinutra Sunu, sarengan rayi Sang Dewi, lenggah di karang kaputran, sarta anu ngajaragi, juru sisih juru seka emban-emban urang puri.
21. Purnama Alam seug nyaur, kumaha Nyai kakuping, ibu tadi sasauran, tina urang teh dimisti, henteu meunang deui mulang, ka pasantren Paramanik.
22. Dewi Kania ngawangsul, duh gamparan raos abdi, panuhun ulah dipungpang, bilih ngajadi sak galih, ibu rama ka gamparan, tumutkeun bae pamugi.
23. Pangeran Pinutra nyaur, engkang mah kumaha Nyai, ngan dina poe isukan, urang nitah ka Pramanaik, nyanggakeun serat ka ama, yen urang teh tuluy mukim.
24. Barudak kedah dijurung, baralik ti Paramanik, ngan barang sina ditilar, urang sanggakeun sakali, ka embi sareng ka ama, Kania ngawangsul deui.