Sabtu, 18 Desember 2010

Purnama Alam (bag 12)

14. Sareng ku abdi kaemut, gamparan teh anu mawi, disaur ku Kangjeng Raja, dibedol ti Paramanik, kantenan dumeh gamparan, kagungan garwa ka abdi.
 
15. Margi kadoana Ratu, wartos ti sisi ti gigir, ka Putri Ratu Ambarak, jenengan Dewi Kaswati, gamparan anu teu kersa, ahir-ahir nikah abdi.
 
16. Pantes rek bendu Jeng Ratu, dipikir dibulak-balik, da gamparan anu lepat, ti kapungkur oge geuning, abdi teh sering unjukan, inggis kasiku ku Gusti.
 
17. Ayeuna parantos timbul, tacan gentos sasih deui, geus nandang marga tugenah, mung menggah emutan abdi, kapambeng nandangan bagja, teu gimir ku nindih pati.
 
18. Najan lampus pegat umur, moal panasaran pikir, supados asal bumela, ka lenggah gamparan yakti, ayeuna sumangga enggal, ka nagri tong risi-risi.
 
19. Gamparan nu nandang pupus, abdi anu ngirin mati, gamparan nu nandang lara, abdi nu nyangking nyeri, sumawon gamparan bingah, kantenan abdi nu seuri.
 
20. Pangeran Pinutra nyaur, atuh sukur teuing Nyai. Boga tekad pasanggupan, ka engkang rek bela pati, dina waktu sakieuna, nuju tunggara nya ati.
 

Pangkur

1. Pangeran Purnama Alam henteu lami saparantos gunem warti, sareng rai henteu kantun, sarta waktu harita, sami kulem wantu nuju tabuh satu, gancangan nu dicarita, kocapkeun isukna deui.
2. Harita enggeus ubyag, Raden Patih jeung sakabeh pramantri, di bumi Sang Maha Wiku, geus pada dangdan-dangdan, kitu deui Pangeran Pinutra Sunu, geus nganggo di patamuan, sareng rai Nyai Dewi.
 
3. Saparantos teras jengkar, ti patamon ka bumina Sang Resi, Kania jeung putra Sunu, barang sumping ka dinya, ret katingal ku Patih jeung Maha Wiku, sarta ku santri sadaya, yen Pangeran Putra sumping.
 
4. Sadayana resep ningal, ka Pinutra sarta ka Nyai Dewi, tina langkung nurub cupu, pada sami endahna, eukeur alus kawuwuh pamurub mancur, pameget kaya dewata, istrina lir widadari.
 
5. Sumawonna Arya Patya, langkung-langkung nandang kayungyun galih, sarta nyaur dina kalbu, asa mohal kacida. Kangjeng Ratu teu asiheun ningal mantu, sakitu leuwih geulisna, hese lamun nyiar tanding.
 
6. Ngan muga-muga jeng Raja, masing leuwih asih ka Nyai Dewi, sarta kabenduna lipur, da nangguh moal aya, rupa putri bangsa terah para ratu, anu pantes ka Purnama, jaba ti ieu Nyi Dewi.
 
7. Kitu manahna Aria, mangnedakeun ka putri Paramanik, kacaturkeun Maha Wiku, nyampeurkeun ka Pinutra, ngaharewos bisi nu sejen ngadangu, duh Agan ama ngemutan, sareng ka ieu Nyi Dewi.
 
8. Tatapina moal panjang, kedah catet ulah rek geruh galih, ayeuna ama teh nuhun, Agan sareng Kania, ka nagari disaur ku Kangjeng Ratu, suganna jadi lantaran, numpes hama juru julig.
 
9. Sareng kadua perkara, Agan ulah teu kersa ka Kaswati, ditikahkeun ku jeng Ratu, tatapi sing waspada, tina margi aya balukarna tangtu, Kaswati sareng ramana, tapi Agan ulah gimir.
 
10. Katiluna ieu ama, hajat jimat perlu kudu dicangking, anggo ulah kantun-kantun. Nurasjati ngaranna, pangaruhna moal aya anu wantun, sumawonna sipat jalma, najan dina setan mo wani.
 
11. Sabab jimat kawarasan, sumawonna tumbak pedang jeung badi, najan ditindih ku gunung, dina saibaratna, moal pisan nyorang pejah lampus umur, masih ngagem ieu jimat, beulitan Nurasjati.
 
12. Ari ieu Nyi Kania, ieu bae tikel-balung dicangking, jimat emas ulah kantun, dina salalawasna, pangaruhna teu beda pisan nya kitu, kawantu jimat pusaka, sasaka ti nini aki.
 
13. Ayeuna mah nya geura bral, didu’akeun mo elat beurang-peuting, mugi sing mulus rahayu, teu lami Rajaputra, jeung Kania sujud ka pangkon Sang Wiku, sarta nangis cumalimba, Pinutra jeung Nyai Dewi.
 
14. Gancangna Pangeran Putra, sareng rayi sami lungsur ti bumi, muru kaderah nu murub, duaan sami tunggang, Nya Dewi Kania sareng Sang Sunu, ngarendeng dina kaderah, pada mustikaning rupi-rupi.
 
15. Cek basa lir golek anyar kasorotan mun keusik tingkaretip, mun batu jiga ngagebur, cadas-cadas harerang, kasorotan ku putri pinutra Sunu, gancangna tumeras jengkar, ti pasantren Paramanik.

Asmarandana

1. Panjang lamunna ditulis, pertata sajalan-jalan, gancangna nu dicarios, Pangeran Purnama Alam, sigeug di tengah jalan, ayeuna anu dicatur, Sri Maha Raja Riskomar.
 
2. Waktu harita di puri, sarengan parameswara, taya anu dicarios, kajaba ti Sang Pinutra, nu jadi kasumpegan, sarta henteu lami nyaur ka rayi parameswara.
 
3. Dina poe ieu pasti, datangna Purnama Alam, kitu ge lamun teu mogok, puruneun kana diala, datang soteh ayeuna, tapi Nyai ulah burung, nyadiakeun di kaputran.
 
4. Reujeung maksud kakang pasti, upama enggeus daratang, Purnama jeung Kania teh, urang sina ngeunah heula, bojona Ki Purnama, ulah waka gurunggusuh, dibuburak sina pirak.
 
5. Idahan heula sasasih, aku sarta bere ngeunah, alur ka minantu bae, pek ayeuna geuwat-geuwat, sadia di kaputran, bisi kaburu carunduk, Purnama jeung Si Kania.
 
6. Kadua perkara deui, mangkena dina datangna, ulah sina ka karaton, cua da lain sasama, tina kawantu somah, tara bisa tindak-tanduk, di medan sok salah tincak.
 
7. Sabab ku engkang kapikir, upama Purnama datang, geus tangtu pada lalajo, menak rama dararatang, tina harayang terang, ari gok teh putri dusun, engkang nu kantun erana.
 
8. Sigeugkeun anu di puri, kocap saeusi nagara, lalaki reujeung awewe, ubyag pabeja-beja, yen Pangeran Purnama, di poe ieu geus tangtu, sumpingna ti Gurangsarak.
 
9. Nini-nini suka ati, randa-randa pada bungah, cawene gumbira hate, rimbitan rarampayakan, tina bawaning bungah, sarta pada turun kaul, rek bakti ka Rajaputra.
 
10. Nini-nini ngagulali, randa-randa ngajawadah, cawene ngabaragenjel, aceuk-aceuk ngarakicak, mun embok ngararopak, indung-indung ngejo gadung, rimbitan ngarejo ketan.
 
11. Geus ubyag di nagari, ear pada cacarita, recok ngararomong cekcok, nu kasep enggeus garwaan, ka putri Gurangsarak, aringgis teu nurub-cupu, salempang endah saurang.
 
12. Harita geus balawiri, jalma-jalma nu maregat, sumawon lamun awewe, maridang pagandang-gandang, enggeus jejel di jalan, lulurung pinuh ku tangtung, rorak heurin ku barudak.
 
13. Panjang lamunna ditulis, kocap Pangeran Pinutra, nu pada ngadago-dago, ku jalma nu mararegat, sareng Raden Aria, para mantri jaga satru, geus sumping ka kaca-kaca. (hanca)