Sabtu, 18 Desember 2010

Purnama Alam (bag 14)

25. Dupi eta mah teu langkung, mung menggah unjuk tingali, ka pun bapa kedah pisan, yen gamparan nampi lahir, ti pangersa Kangjeng Raja, henteu kenging mulih deui.
 
26. Saparantos gunem catur, Rajaputra sareng rayi, teras ngajatnika lenggah, kacatur Parameswari, sasumping tina ngalayad, putra-putra nu maranis.

Dangdanggula

1. Waktu eta geus sumping ka puri, nyondong raka Sri Maha Naraptia, nuju lenggah di karaton, ka rayi lajeng nyaur, coba rayi masingna sidik, engkang geura bejaan nu kakara cunduk, Purnama jeung Si Kania, henteu lami ngawangsul Parameswari, ka raka Sang Sri Nata.
2. Wangkid ieu Purnama ku abdi, ditetepkeun sareng pun Kania, di karang-kaputran bae, teu kenging deui wangsul, Ki Purnama ka Paramanik, sarengan pun Kania, Ratu lajeng nyaur, reujeung kumaha rupana, Si Kania kumaha jeung Nyi Kaswati, dina tindak rupana.
 
3. Ngawangsulan Sang Parameswari, saperkawis rupina Kania, alam ayeuna mah hese, najan putri praratu, kawas moal aya nu nanding, kana rupi Kania, raos abdi estu, tina kasaeanana, malah-malah abdi ge nembean manggih, nu sakitu geulisna.
 
4. Sinarengan upami Kaswati, direndengkeun sareng pun Kania, rupi Kaswati ngagandek, Sang Ratu deui nyaur, ka Meswari kumaha Nyai, dina tindak-tandukna, Meswari ngawangsul, lah engkang sampurna pisan, ditingalna lir titi anak narpati, tatana sareng basana.
 
5. Henteu aya cocode saeutik, sareng malah upama Purnama, gaduh bojo ka nu sanes, pikiran abdi nangguh, moal mendak najan ngilari, putri-putri narpatia, nu nandean kitu, saupami manah engkang, teu percanten sumangga layad tingali, rupina pun Kania.
 
6. Barang Ratu ngadangu Meswari, teu ngandika dina sajongjongan, kaget ku ngadangu wartos, teu lami teras nyaur, coba engkang arek ningali, ayeuna ka kaputran, bisi catur palsu, henteu lami Sang Sri Nata, lajeng jengkar nu ngiring ponggawa mantri, ka karang kaputraan.
 
7. Henteu lami Sri Maha Narpati, enggeus sumping ka gedong kaputran, sarta teras lebet bae, Pangeran Putra Sunu, keur nyalira di jero bumi, sabab Dewi Kania, keur nuju di dapur, nyaksian rencang popolah, Sang Pinutra Purnama barang ningali, kasumpingan rama.
 
8. Langkung-langkung nandangan kaajrih, Sang Sri Nata lajeng bae lenggah, dina korsi jero gedong, sarta teu lami nyaur, bari imut sarta ningali, ka putra Sang Purnama, eh bagea agus, kumaha di ‘tu teh betah jeung kumaha ngaji teh enggeus mangarti, coba ama bejaan.
 
9. Sang Pinutra Purnama teu lami, teras nyembah ngawangsul ka rama, kulanun dawuh Pagusten, abdi Gusti nu estu, aya hibar dampaling Gusti, haperkawis ajian, amung henteu wudu, kadar diajar sakedap, saur Ratu ih bari sok montong teuing, bablas sakabeh kitab.
 
10. Ngan supaya darapon mangarti, sabab lain gadangan ulama, bisluit nyangking pasantren, sakitu ge geus cukup, henteu kudu diajar deui, reujeung ayeuna ama, anu matak rusuh, ujang diala ku ama, saenyana ama melang leuwih-leuwih, ujang di Gurangsarak.
 
11. Tina sabab dihantem dipikir, bet cacakan padeudeukeut jeung ama, awewe gujrud paroho, ampir guyur tagiwur, jauh komo di Paramanik, terkadang matak tiwas, tah ama sakitu, reujeung kadua perkara, ujang ngirim surat hal unjuk tingali, ka ibu jeung ka ama.
 
12. Mertelakeun yen geus boga rabi, ka Kania seuweu Wiku Kurbah, ama leuwih heran hate, ari nu matak bingung, sabab ujang bareto geuning, gurnita nya tampikan, ka praputri ratu, anu gareulis rupana, sumawonna ka anak santana kuring, bangun nenjo ge cua.
 
13. Ahir-ahir ari di Pramanik, ujug-ujug nikah ka Kania, leungit tampikan bareto, ku sabab eta kitu, coba ama hayang papanggih, reujeung Kania tea, coba-coba saur, henteu lami Sang Pinutra, lajeng nyembah mios ti payuneun Gusti, nyaur Dewi Kania.
 
14. Henteu lami Sang Putra jeung rayi, geus ngadeuheus ka payun Sri Nata, Kania tumungkul mando, gedengeun Purta Sunu, langkung-langkung nandangan ajrih, kocap Maha Narpatia, anu hayang maphum, ka mantu Dewi Kania, barang ret ge ningal ka Nyai Dewi, soca kumedep tasma.
 
15. Ratu dugi teu iasa ngalahir, mung hookeun ningali Kania, olohok teu kendat mencrong, nyaur lebeting kalbu, bet tetela geulisna leuwih, henteu geseh ti beja, beunang ge disebut, ieu mah mustika rupa, nya paingan Ki Purnama Alam sudi, ari kaya kieu mah.
 
16. Tina budi nepi kana titi, tina rupa nepi kana tindak, lir pedaran ti kaputren, geus asup kana catur, nurub cupu ka anak aing, ngan aing leuwih susah, pikir mundur maju, ari rek terus Kania, sina tetep lulus panjang laki rabi, ka Si ujang Purnama.
 
17. Aing tangtu nandangan kaisin, ku Sang Ratu nagara Ambarak terkadang manahna goreng, ngarurug ngajak tarung, taruh pati ngaboyong nagri, jalan ku ieu pasal, aing leuwih paur, turug-turug Sang Ambarak, gagah sakti juru unggul dina jurit, taya raja nu kuat.
 
18. Ari arek dibedol ku aing, sina pisah Ki Purnama Alam, jeung ieu Nyi Kania teh, Ki Purnama tinangtu, kaedanan moal sak deui, ku ieu Nyi Kania, jadi moal runtut, reujeung Nyi putri Ambarak, kaduana sanajan pikiran aing, nyaah ku Nyi Kania.
 
19. Tina rupa sakieu nya geulis, estu pantes ka Purnama Alam, aing henteu bisa moyok, estuning nurub cupu, tapi mugi ka Maha Suci, rai Ratu Ambarak, manahna sing luntur, ageng-ageng nya timbangan, kersa kana ngabedokeun Nyi Kaswati, ka Ki Purnama Alam.
 
20. Ngan Supaya ulah jalan aing, miheulaan ngabedokeunana, Purnama ka Kaswati teh, manahna Ratu kitu, sarta henteu lami ngalahir, ka putra Sang Purnama, dibarung gumuyu, nya ari rasa ama mah, patut oge ku ujang dipake rabi, ieu Nya Kania.
 
21. Sarta ama doa lahir batin, ngan ama teh mere perjangjian, sing kaharti ku maraneh, sabab ama nu estu, arek menta tilu perkawis, ka Purnama Kania, nomer hiji kudu, ulah ngusutkeun nagara, kaduana ulah nyusahkeun praabdi, reujeung para kapala.
 
22. Katiluna poma-poma teuing, masing bisa ngajaganing baya, ama ibu jeung maraneh, ama jangji sakitu, Ki Purnama jeung Kania, tangtu mulus lambat-lambut laki-rabi, nepi ka jadi raja.
 
23. Tapi lamun teu bisa ngajaring, kana pasal nu tilu perkara, sumawon jadi naraptos, laki-rabi ge tangtu, moal lambat terkadang manggih, kanyeri jeung balangsak, di mana nu timbul, cilaka salasaurang, di awewe atawa di lalaki, dina ahiring mangsa.
 
24. Rajaputra ngupingkeun panglahir, wantu-wantu anu seukeut manah, Gusti, barina ngawangsulan, perkawis pangdawuh, abdi Gusti nampi pisan, kalayan sanggem ngajaring ing siang-wengi, kana perkawis eta.
 
25. Amung mugi menggah dampal Gusti, lejar galih masihan pangdu’a, ka abdi Gusti supados, wilujeng anu estu, mugi-mugi kana dumugi, abdi Gusti tiasa, ngabendung kaewuh, ngajagi bok pancabaya, sakumaha anu didawuhkeun tadi, nu tilu pasal tea.
 
26. Maha Ratu gumuyu ngalahir, ka Pinutra ujang sukur pisan, aya pasanggupan hate, kana ngabendung bingung, sakumaha anu diwarti, tadi ku ama tea, anu pasal tilu, sarta sukur jol karasa sategesna kajudi jeroning ati, pibalukareunana.
 
27. Sarta titip jaring beurang-peuting, ku Purnama jeung ku Nyi Kania, kade ulah carampoleh, pek ayeuna sing junun, neda-neda ka Maha Suci, teu nyorang eta pasal, sing lulus rahayu, ujang jeung Nyai Kania, ngajatnika cicing tetep senang ati, di banjaran kaputran.