Jalan geus meh simpe. Imah-imah murungkut saab ku reumis jeung halimun. Janari. Wanci meumeujeuhna tiris. Angin nebak ti pasir-pasir nu ngabelegbeg nalikung lembur. Lampu paancal-ancal. Aya treuk humaregung mapay awak aspal. Ngalaunan sup ka palataran warung nu masih nyaring. Reg. Lampuna narungtutan parareum. Ti jero warung aya nu ngaringkang. Teh Engkay, nu boga warung, ngajanteng di lawang panto. Bangun ngabageakeun nu anyar datang.
"Bom, hudang! Geus nepi, yeuh! Deuleu itu ku silaing. Si Teteh mani ambucuy! Ambucuy, Bom!! Itu deuleu ngagupayan, widadari sugan mah." Uwes, supir treuk, ngaguyah-guyah awak kenekna nu ngalehleh. Kulisik. Boma bangun seuseut beunta.
"Lebah mana ieu, Wes?" pokna semu ngalindur.
"Sawarga!" tembal Uwes nyereng bari muka panto. Jrut miheulaan. Panto ngagebrug. Boma ngarenghap, nyerangkeun nu sura-seuri dipapag kelet. Manehna kalan-kalan sok hemeng nenjo kalakuan sarta polah supirna. Si Uwes tea. Sigana teh mun sapeuting teu nyarean bikang, asa teu hirup meureun. Sakitu huis geus ngawantek buuk, huntu parongpong. Ih, da teu euih-euih. Teu rus-ras kitu ka nu di imah.
Lalaunan Boma usik sabot nu silihkaleng tinggareblus ka enggon nu ngahiji jeung warung. Derekdek-derekdek. Babatek. Panto digujrag-gujrag. Teu burung muka. Kolesed kaluar. Ngajanteng siga ngumpulkeun pangacian. Tanggah. Breh bulan. Breh bentang. Bulan nu kamari, bentang nu kamari, gerentesna. Geus meh sabulan campleng, manehna gawe taya nu ngagentenan. Awakna digeder beurang-peuting. Geus asa ringsek. Kituna mah kahayang sorangan, lain pedah euweuh serep. Hayang cacap sabulan sangkan bisa mawa duit rada gede. Boga niat hayang mawa indungna nu lawas ngalempreh, sina uubar ka rumah sakit. Parna. Teu bisa hudang-hudang acan, dahar ge kudu dihuapan. Sok ngahelas mun pareng ningali indungna ngarasula. Pajarna teh teu guna hirup ge ari kalahka nyusahkeun nu jadi anak mah.
"Pageto! Pageto uing mulang." biwirna gumeleter ngomong sorangan.
"Pageto silaing rek ka mana? Kalah siga jalma gering, ngomong sorangan. Itu, deuleu, turunkeun keusik setengahna." Uwes ujug-ujug geus ngabedega gigireunana. Sarangah-serengeh.
Boma kagentakkeun. Reuwas.
"Taaah! Silaing pasti boga janji jeung Si Listi."
"Nanaonan jangjian jeung ublag!"
"Lah sok ngangles! Pantes jeung silaing mah itu tato kukupu, silaing garuda. Dina dada deuih. Satuju dewek mah! Ngan kahade poho agehan sesana," cenah bari ngagakgak.
"Sakeudeung geuning, Wes! Siga hayam." ceuk nu dieleg malik ngeleg, nyarande kana hulu mobil.
"Acan, Boma, acan atuh!" tembal Acip nu bangun hese ngalogoran beubeur. Kuriling nitenan ban. "Nyalse we gawena, euy. Cuang indit deui isuk-isuk. Ulah haget teuing. Bisi paregat urat silaing. Karunya atuh neng tato nu ngantosan!"
"Gandeng!" "Diantos handapeun beko!!!" ceuk Uwes memeh geblus deui ka warung.
Boma muka baju. Lung tuluy ngalacat. Luhureun keusik rurat-reret. gap kana singkup nu ngagoler katirisan. Diamang-amang. Nenjoan lahan jang ngalungkeun keusik. Satukangeun mobil taya lahan. Taya deui pijalaneun iwal kudu bongkar gigir. Bongkar gigir tea matak malitek cangkeng. Mangka tanaga geus meh suda. Seunggah. Tapi teu burung singkup ngaheumbat oge. Gecruk. Gecruk. Gecruk.
Simpe sok ngadadak peupeus mun pareng aya treuk gandengan ngadudud, beus malem nyemprung, atawa mobil pribadi cekat-cekit. Ceuli Boma bet mireng nu humarurung, gurang-gerung sarta nu jumerit. Sarenghapan ngecagkeun singkup. Ngajanteng, mencrong lampu nu kabeneran ngabarasat lebah pengkolan. Nyebrot awakna. Kesang tingarenclang. Dina buuk, dina beungeut, dina dada ngabalur garuda. Ngajaralang. Juuh saawak-awak. Ragamang, ramo-ramona ngusap dada. Garuda bet karasa ngeleper, bangun hayang ingkah ninggalkeun ragana. Sarebu carita kungsi namper lebah jangjangna nu kiwari gumeleter. Mangsa katineung rek ngabelesur. Di lebah pengkolan anu mongkleng deui, sada nu tingceuleuweung patembalan.
"Kajeun balik ngaligincing suka mulang ngalongkewaaaaang.....!"
Beuki dareukeut asa beuki maraceuh.
"Mobil si Boma euy! Alah pasti aya roko!"
"Heueuh! Bauna oge bau cipejuh Uwes!
"Ituh! Keur ngabedega samagreng singkup, siga Wiro Sableng euy!"
"Sugan dewek jurig!"
"Puguh jurig! Jurig singkup!"
Katenjo nu ngabring ngagarancangan. Sora suku tinggalesruk.
Sareretan oge Boma apal nu marulang lalajo bangreng. Srog.. Maruru hulu mobil. Parebut roko. Saurang ngalacat.
"Teu mawa ublag, Bom?" ceuk nu ngalacat..
"Silaing ning, Sep. Meujeuhna oge silaing nu ngaringkid sinden." Boma nyecebkeun singkup.
"Kabeneran puguh panggih! Satadina rek isuk dipegat teh."
"Aya naon? Ema?" Boma curinghak.
"Heueuh! Ceu Nining talatah. Mun bisa mulang heula ka imah saelol mah, Ema ilaing beuki parna. Saban peuting sasar nyambat ngaran silaing. Bejana silaing geus heubeul teu mulang?" Usep bangun ngintip riuk Boma.
Boma teu ngajawab. Kalah malaweung.
"Ceuk dewek mah salah gede mun silaing mumul mulang gara-gara si Imas kawin jeung batur. Indung sagalana, Bom!"
"Taya hubunganana jeung eta."
"Ari geus? Kamalinaan teuing gawe teh! Poho ka nu jadi indung. Jeung awak silaing aya nambruna." ceuk baturna.
"Uing hayang Ema cageur!" Boma nembal pondok.
"Lain kieu carana. Karunya Ceu Nining, jaba kakandungan geus gede. Kang Pardina geus indit deui kuli bangunan ka dayeuh."
"Pangbejakeun we pageto uing balik!" Boma neureup ciduh. Nu diajak nyarita gogodeg. Luncat tina luhur treuk.
Ngan sakitu nu kedal. Gap kana singkup. Gecruk. Lung. Gecruk. Lung. Gecruk lung. Teu malire nu tetembangan deui, tingalabring, meuntas jalan. Asup kana jalan satapak. Mapay galengan. Manggih jalan satapak deui. Nanjak bari pupurilitan. Mapay pilemburan. Lembur Boma pernahna satukangeun pasir.
Sabada ditaringgalkeun, Boma cuang-cieung. Tiiseun. Geueuman. Ngadadak keueung. Padahal apan tadi oge kieu-kieu keneh. Hancaeun saeutik deui. Ngan edas gawe sejen geus nungguan. Kudu ngaguar. Ngaguar keusik nu nyesa, sangkan katenjo siga loba. Rada aplen metakeun singkupna. Gecruk. Wur. Gecruk. Wur. Gecruk. Wur. Keusik nu ngadedet jadi kembung.
Boma. Singkup. Keusik. Jeung kesang. Ngahiji.
"Rengse oge!" omongna kana singkup. Meh bareng jeung sora adan ti jauhna.
Di jalan mobil geus tingsalemprung.
Boma ngolosod kana tabeng. Leuseuheun. Leumpang rada jumarigjeug. Meubeutkeun awak kana bangku di jero warung. Bruk! Torojol Teh Engkay di enggon. Memener buuk nu kusut. Ngoloyong. Belenyeh imut. Langgeor ka dapur.
"Keusik pesenan saha, Jang? Mani ngagunduk kitu." Ngurunyung deui geus mawa cai sagelas, bari maling tenjo ka luar, kana gundukan keusik.
"Apanan keur Eteh. Pamahugi ti Juragan Uwes." tembal Boma nu meh ngalempreh.
"Lah, taeun teh!" leungeun Teh Engkay ngagegewek kana pingping Boma. Puguh matak ngorejat. Ngalanggeor deui ka lebah radio, luhureun wadah roko. Cetrek. muter-muter gelombang. Huang-hiung sada bangbara. Aya sora adan. Gilek. Sora nu ngaji. Gilek deui. Kuliah subuh. Gilek deui. Ngagerung rada lila. Cetrek. Jempe.
***
Tengah poe. Mentrang-mentring. Matapoe burahay. Kebul patingsulibreng. Lir silalatu. Treuk pulas beureum nyeak nyokot jalan katuhu. Ngabelesur. Nyiap angkot. Nyiap kijang. Sedan. Ampir ngababad motor.
"Awas, Wes!!" Boma ngalenyap nenjo beus.
"Awak we ditato!" Uwes tapis pisan ngagiwarkeun setir. Asup deui ka jalur kenca. Molongpong sabada suap-siap. Beuki angot nincak gas.
"Uing can kawin, Cip!" ceuk nu ngarenghap jero miceun kahariwang.
"Ari jeung si Listi mangkukna lain kawin? Apan peuting silaing ngalindur,' antosan akang handapeun beko kapengpeongan silaing nya?" Uwes ngagakgak nenjo nu malaweung.
Beurang beuki ngabeletrak. Tetenjoan Boma ranyay. Melong aspal. Dipelong. Asa robah. Saeutik-saeutik leeh. Leeh. Mangpirang mobil nu kasiap sarta nu nyiap horeng leeh oge. Sagalana leeh. Nguyumbang. Boma tipepereket meureumkeun panon. Tipepereket. Ari breh. Di mamana leeh. Hate jeung pikiran. Nguyumbang. Ngamalir. Panon. Irung. Ceuli. Sarta biwir. Laun-laun waruga nu digeder sabulan campleng nungtutan leeh. Parat ka dampal suku. Warugana saukur kuyumbang kesang lebah jok mobil.
Aya nu leupas, luncat nembus kaca jandela mobil. Kekerepekan ngudar jaangjang rawek. Ngalayang. Seuseut seuat. Teu burung ngabelesat ka jomantara. Nembus angin. Ngabebela muru lembur matapoe. Meuntasan sagumpluk mega. Ngarandeg. Mireng sora nu ngagentraan. Sada sora indungna. Asa beulah kenca. Asa beulah katuhu. Asa deukeut. Asa jauh. Beulah ditu. Beulah hareup. Saluhureun mega ipis. Samar-samar indungna ngalangkang. Gugupay. Itu teuteupna nu salawasna liuh, ngagenclang. Sidik indungna ngajanteng diapit ku dua jangjang bodas nu kikiplik bangun saber-bereun. Keteyep disampeurkeun. Beuki deukut. Horeng eta amah imut Imas. Ning jadi Imas. Neuteup nu ngahiap-hiap. Bet jadi indungna deui. Patukeur-tukeur. Ari jangjang bodas beuki tarik kikiplik. Nu nglangkang ngalayang. Gupayna teu pegat. Indungna. Imas. Indungna. Imas. Nyalingker satukangeun matapoe. Lapur. Teu katuturkeun.
Treuk eureun sakaligus. Awak Boma kabalangkeun ka hareup. Sirahna ngadagor kaca. Ngagurubug. Nenjo bujur angkot meh adek jeung hulu treuk.
Uwes kukulutus. Peureupna acung-acungan.
"Tabrakkeun sakalian, Wes!" Boma ngusap tarang. Ngusap sesa impian. Guligah nyirung.
Uwes teu kebat nincak gas. Malik mencrong Boma. Gantawang. Nyarekan laklak dasar.
"Nyungkun silaing?" cenahna bari molotot.
"Hate uing seseblakan, Wes! mending nyeblak sakalian."
"Teu ngarti dewek mah."
"Uing diuudag kalangkang Ema. Lewang. Hariwang. Mangka keur gering parna!"
Uwes metot beungeutna nu moncongok. Treuk maju.
"Ti iraha?" Uwes leuleuy.
"Geus opat bulan. Matak uing sabulan embung digentenan. Lain sarakah da butuh waragad jang mawa Ema ka rumah sakit." Boma ngaheruk.
"Ari silaing! Meureun ti kamari ku uing dijurungkeun balik. Silaing teu nyaah kanu jadi indung?" sirah Uwes rut-ret. Ka jalan. Ka Boma.
"Apan cek dunungan pageto duit katampana."
"Moal mere teu dipenta mah!" leungeun katuhu Uwes ngodok saku tukang calanana. Gorehel loket. Lung ka Boma. "Tah! Aya duit kas jang meuli keusik. Bawa kabeh! Ayeuna cuang mulang. Ku dewek dianteurkeun. Ke sore ku dewek dipangmawakeun duit silaing di dunungan."
Treuk nyemprung. Boma ngeleter ngitung duit. Duit dikeukeupeul. Awak nu rujad. Pikiran nu pakusut. Hate nu rajet. Lalamunan nu pabaliut. Laun-laun. Aya tanaga anyar. Uing mulang! Uing mulang! Uing mulang, Ma. Lain pageto. Teu kudu pageto. Ayeuna, Ma! Ayeuna!
Treuk laju nyemprung. Kebat kaluar kota. Lembur-demi lembur. Anjog lebah gerbang Desa Seureuh Beureum. Lebah kantor desa patutur-tutur jeung ambulan. Ngeteyep. Hese beleke nyiapna. Puguh jalan rada heureut.
Boma ngalenyap. Duit meh murag. Ambulan keur saha? Boa keur Ema! Enya Ceu Nining luluasan unjam-injeum ka ditu ka dieu. Apan geus dipahing kudu nungguan manehna mulang. Teu hayang make duit batur. Boa nginjeum ka bank keliling. Si kecit tea. Ah, maenya? Bisa wae mun darurat mah.
"Boga hajat naon Kuwu Rukidi? Jalma mani noyek kitu?" Uwes ngagareuwahkeun nu balangah.
Enya we. Jalma tinglaliud. Aya pulisi sagala rupa. Boma tambah ratug jajantungna. Tutunggulan. Maksakeun nengetan. Susuganan aya Imas. Enya Imas. Kapan ayeuna cicingna di dinya. Apan minantu Kuwu Rukidi. Taya. Taya dedegan nu sarimbag jeung Imas. Teu hayang kaleleban. Gancang miceun panenjo.
"Gancang, Wes! Imah nu beunghar mah teu aneh pada nganjangan."
Treuk ngarayap. Lebah tanjakan. Imah mimiti corengcang. Manggih jalan lempeng. Reg. Imah jarang. Simpe nataku.
Gajleng. Boma lumpat bari ngeupeul duit. Muru jalan satapak gigireun warung nu nutup. Jalan dibalay ku batu, rada netek. Bras ka kebon sampeu. Imahna rada nenggang. Paeunteung-eunteung jeung carik.
Teu sirikna ngaluncatan pageur awi. Nubruk panto. Tiiseun kacida. Blus ka enggon indungna. Kosong. Gancang muru enggon Ceu Nining. Kasampak indung geus ngajepat na samak. Ceu Nining nyuuh dina tunjangeunana.
"Uing mulang, Ma!" ngan sakitu nu ngeleter tina biwir Boma.
"Ema, Jang, Ema!" Ceu Nining kalah beuki ngagukguk.
Boma ngarasa poek mongkleng. Duit laleupasan tina ramona. Rampohpoy. Teu wasa nenjo nu ngajepat. Ngalengkah kaluar. Malaweung dina pager awi. Neuteup carik jeung rentulna tetengger.
Aya budak lumpat ti landeuh. Haruhah-harehoh.
"Kang Boma! Teh Imas ditandasa nepi ka tiwasna! Ditandasa Ku salakina pedah teu daek diajak sare sagebrug....."
Boma duka geus k amana. Da puguh malaweungna geus teu kabade.
***
Tujuh poe ti harita. Mapay-mapay jalan Desa Seureuh Beureum. Boma leumpang bari nyenyered pasaran tina awi. Di jerona aya gebog dua siki tingjarepat.
"Uing milu, uing milu, uing milu....." ngagerendeng teu eureun-eureun.***
*dipundut ti majalah Mangle