Minggu, 07 November 2010

Galuring Gending (Bag. 21)

Kageuing?
"Saentos maca eta seratan, Sarah teh asa kageuing."
Kitu ceuk anjeun.
Kageuing kumaha maksudna? Kageuing dina urusan naon?
Hanjakal anjeun tacan waka waleh. Atuh kuring teh karek semet bisa ngararampa; kira-kira kumaha anu keur atawa geus karandapan ku anjeun. Jalma anu geus ngarasa kageuing, pasti dirina geus sadar tina kasalahan atawa kakaliruanana. Sabab teu kurang-kurang anu geus nyieun kasalahan, tapi manehna teu sadar yen anu dipigawena teh salah. Ari kasalahan dina diri anjeun, naha geus seret mana kitu? Naon anu jadi kasang tukangna?
Pikeun kuring, eta pertanyaan teh masih mangrupa misteri. Eta ge aya niat hayang nanyakeun, tapi sieun dianggap rek pipilueun kana urusan batur. Padahal, mun tea mah kuring tumanya, tujuan utamana lain rek ngungkab lalakon anjeun, tapi pikeun nempatkeun diri kuring, da bongan ku anjeun make disebutkeun asa kageuing.
Kuring memang panasaran, ngan rek lahlahan tumanya teh keukeuh wae teu werat pokna. Tapi, dina ahirna mah anjeun teu burung wakca sorangan. Mimiti anu dicaritakeun teh pangalaman anu arentengna. Ku kuring saregep dibandungan. Teu, teu wani ngomentaran, ari lain ngahaja sabab dipenta ku anjeun mah. Lila-lila lalakon anu dipedar teh beuki ngalegaan; mimiti kasabit-sabit pangalaman anu sipatna pribadi, anu sabenerna mah teu kudu diuar-uar ka nu lian. Ngan teuing naon sabab anu saenyana tepi ka anjeun nyarita sakitu bruk-brakna. Terus terang, pikeun kuring mah mangrupa pangalaman munggaran; hiji wanoja nyaritakeun rusiah pribadina. Aya eta oge pikiran, boa-boa anjeun nganggap kuring hiji konsultan anu bisa mere jalan pikeun kaluar tina bangbaluh jeung kasulitan; tur padahal kuring teh pimanaeun bisa kitu. Dina ahirna kuring lah-lahan tumanya:
"Naon margina bet dicarioskeun ka abdi?"
Anjeun teu ngajawab ku omongan, tapi ku keclakna cimata. Pantesna teh, dina pokna oge bakal dareuda. Terus terang, Sarah, kaget kuring teh. Komo deui barang anjeun nyuuh kana dada bari semu ngagukguk.
Kuring henteu terus tetelepek. Boa-boa sikep anjeun anu kawas kitu teh kudu disanghareupan ku kasurti. Boa-boa pangna anjeun daek bruk-brak teh sabab geus neundeun kapercayaan ka diri kuring, sok sanajan wawuhna urang teh kapan tacan lila. Mun tea mah enya kitu, jigana kuring teu perlu kudu terus tatanya. Jeung mun tea mah ku bruk-brakna ka kuring teh ngalantarankeun bangbaluh hirup anjeun jadi ngurangan, nya sukur pisan. Sugan wae ku cara kitu teh kuring bisa mere kahadean ka anjeun, sabab kahadean anjeun ka (kulawarga) kuring oge geus sakitu lobana. Jadi, asa merenah pisan mun kuring males kahadean anjeun, meungpeung aya lolongkrangna, bari teu hese migawena. Enya, naon hesena ngabandungan anjeun nyarita. Hese sotenan lamun kuring terus diperedih kudu mere nasehat. Tah, asa teu sanggup lamun kudu kitu mah.
Niat kuring anu satadina hayang nyingkahan, sanggeus ngadenge pangalaman anjeun kitu mah bet asa jadi kandeg. Kuring teu tulus mileuleuyankeun. Padahal tadina mah geus buleud nyieun angkeuhan: geus wae semet dieu urang reureujeungan teh. Kuring teu hayang terus babarengan jeung anjeun. Urang balik deui kana erel sewang-sewangan. Kuring rek ngajugjug ka lebah dieu, anjeun mah karep teuing.
Tapi, kabuktianana mah kuring kawas nu keur lumpat dina jero buleudan. Asa geus jauh, padahal muter balik deui ka asal. Urang teh bet gok deui tepung, gok deui tepung. Kuring moal jauh-jauh nyieun panyangka yen pangna kitu teh sabab anjeun nu nyieun pokalna. Kuring oge kudu jujur yen dina ahirna mah geuning rek lumpat cepet-lempeng teh hese, da buktina mengkol deui, mengkol deui; anu antukna mah nya pasangrok deui.
Ana geus mindoan lawung, eta buleudan teh asa jadi mingkin ngaheureutan; medan mahnit dina lolongkrang antara kuring jeung anjeun beuki tarik ngajedudna. Urang sarua pada-pada kacentok, laju napel pageuh pisan, hese dipukahkeunana.
Ahirna urang ngagalur dina lalakon panjang. Silieusian, sililengkepan, sok sanajan anu copong-parongpongna hamo bisa diayuman keudeung-keudeung. Ari kitu tea mah pantes, sabab pamiangan urang kacida patarenggangna.
Urang mimiti pada-pada ngarti jeung surti. Anu matak kuring tara loba tatanya ngeunaan kasang tukang kahirupan anjeun mun sakirana bakal matak kasigeung. Kitu deui anjeun, tara remen nalengteng kana lalakon anu kungsi kaalaman ku kuring dina mangsa tukang-tukang.
Sok remen hate tumanya, naha anu keur karandapan teh naon pingaraneunana? Bogoh, cinta, nyaah, butuh, atawa naon? Kuring teu manggih kasimpulanana. Ngan anu sidik, dina ahirna anjeun jadi bagian tina galuring hirup kuring. Memang, ari proses anu ngalantarankeun urang cunduk ka lebah dinya mah henteu dadak-dadakan. Teu beda ti catur; kapan tara aya anu jol-jol sekak! Anjeun maju salengkah, kuring oge sarua ngageser salengkah. Anu beda teh dina lebah naon heula nu rek dipajukeunana. Mun anjeun ngalengkahkeun kuda, boa kuring mah cukup ku bidak. Mun kuring ngageserkeun benteng, bisa wae anjeun ukur mindahkeun raja. Eta mah kari kumaha ceuk strategi masing-masing. Satungtung henteu salah ceuk aturan maen.
Aya nu karasa gancang robahna, sanggeus urang mindeng reureujeungan, nyaeta dina lebah makena basa enggoning komunikasi. Anu tadina dipiara tata-titina, sabab bisi salah larap, salah kecap, saterusna mah dijeunkeun wae sina laluasa. Kuring teu ngarasa kagok mun ngomong ku basa loma. Kitu deui anjeun teu matak ningnang cacarita tanpa aturan undak-usuk jeung tatakrama basa. Nu puguh mah asa leuwih bebas, leuwih spontan, enggoning ngaekspresikeun eusi hate reujeung pikiran, henteu kakungkung ku formalitas anu karasana matak kaku. Memang, waktu keur ngamimitian mah asa aya karempan, sieun anjeun jadi kasigeung. Kuring ge apal, huluwotan anjeun teh kulawarga ningrat, anu tangtu boga pakeman husus dina kahirupan sapopoena; ari kuring ukur urang kampung manyang-munyung. Anu matak, kuring tamada heula. Tapi ceuk anjeun teh harita:
"Ah, da Sarah ge bogoh keneh kana basa loma," bari terus disambung ku katerangan yen anjeun hayang bisa incah tina budaya formalitas. Nu penting mah jujurna omongan urang, ceuk anjeun keneh, lain tata-titi jeung anggah-ungguhna. Naon hartina nyarita ku basa lemes, bari teu leupas tina anggah-ungguh, lamun jerona palsu; antara gerentes dina hate jeung nu kedal tina biwir loba pisan pajauhna. "Panji mah ulah nembongkeun kapalsu, nya?"
"Naha?"
"Bisi Sarah kuciwa," tembal anjeun.
"Atuh Sarah ge sarua kudu kitu," kuring gancang nempas, minangkana mah keur kakayidan, da engkena bisi matak beurat sabeulah; ari kuring kudu jujur, tapi anjeun wenang ngalibur.
"Nya henteu atuh."
Tah, anu matak, Sarah, kuring mah sok bruk-brak wae, tara aya nu disimbutan.
***
Lain jejer anu dines bahan obrolan harita di pawon teh. Kitu wae ukur subat-sabit kaayaan sapopoe, utamana sanggeus Mimih teu aya. Ayeuna mah anu nangkes urusan rumah tangga teh sagemblengna tamplok ka Ceu Cacih. Saenyana, ti basa eta oge geus kitu. Heueuh, kapan nya Si Euceu anu cape di dapur mah; ti saprak manehna aya taunna milu deui ka (bumi) Mimih. Keun ari dina mangsa Ceu Cacih keur lalagasan keneh mah; sakumaha anu ti heula geus didongengkeun. Anu dimaksud ku kuring teh nyaeta sanggeus Si Euceu sarua boga tanggung jawab dina urusan rumah tangga.
Ari pagawean Si Euceu mah saenyana sarua wae, boh jaman jumeneng keneh Mimih boh sanggeus anjeunna teu aya. Bedana teh, basa keur aya keneh Mimih mah sok ngaliwatan heula anjeunna. Jadi, garis komando anu patali jeung urusan sapopoe di imah teh: Apa - Mimih - Si Euceu. Sanggeus Mimih ngantun, langsung wae ti Apa ka Si Euceu. Ngan jigana mun tea mah Apa diparengkeun kagungan istri deui, pasti eta garis komando teh bakal robah deui.
Opatan asalna mah nu ngariung teh, kalima kuring. Lila-lila pamajikan Kang Parman ngolesed, da rek ka dapur heula, bisi salakina kaburu datang. Disusul ku pamajikan Kang Obing; omongna mah rek ka warung, aya beulieun. Malah Si Uning ge milu nuturkeun, da ku indungna dititah balanja.
"Kade, sing bener milihna, ulah sapamerean tukang dagang!" Ceu Cacih ngomat-ngomatan.
"Moal atuh, Ma. Kamari ge pedah we abdina rusuh," tembal anakna, bari terus ngincig.
Angkanan teh kuring oge rek milu ngaleos, da inget boga jangji jeung babaturan, tapi Ceu Cacih kalah pok nyarita:
"Tong waka luas-leos, Euceu teh boga tepikeuneun ka maneh, Enji!"
"Sual Si Uning rek milu ka abdi tea?" cekeng teh.
"Is, lain. Keun ari sual anak Euceu nu rek sakola di Bandung mah, da geus puguh ieuh," tembalna.
"Sual naon atuh?"
Si Euceu teu geuwat-geuwat ngawalonan.
"Sual naon atuh, Euceu?" kuring nanya deui, dumeh panasaran.
"Tong di dieu ngobrolna," bari terus ngaleos ka patengahan, bus ka kamarna.
Kuring nuturkeun, da ngarasa panasaran tea. Asa tara-tara ti sasari Si Euceu sakitu dinesna. Biasana ge mun aya tepikeuneun mah sok pok wae langsung, tara ngajak sasalingkeran heula.
Manehna diuk sisi ranjang, terus mere isarah sangkan kuring oge diuk gigireunana.
"Kieu ieu teh, nya," ngarandeg heula. "Euceu wani soteh nyarita karek ayeuna, dumeh Mimih geus teu aya. Da ari ti heula-heula mah, najan hayang pisan nyarita ka maneh oge, sok asa kagok wae dina rek pokna. Loba lah ari anu dipake pertimbanganana mah, anu antukna Euceu milih jempe. Lain u nanaon, mun dicaritakeunana keur aya keneh Mimih mah bisi goreng balukarna; goreng keur sarerea," ngarandeg deui.
Kuring teu mairan, da bisi manehna asa kakagokan.
"Enji, ari maneh geus apal, kumaha saenyana hubungan maneh jeung Mimih?"
Kuring unggeuk lalaunan. Oh, rek nyaritakeun perkara eta, pangna Si Euceu ngajak ngobrol paduduaan teh, ceuk dina hate.
"Jadi maneh geus nyaho?"
Kuring unggeuk deui.
"Jadi maneh geus nyaho yen saenyana maneh teh lain putra Mimih?" nanyana mani neregteg, bangun nu hayang yakin pisan.
"Entos, Ceu," tembal teh.
"Ti saha?"
"Ah, tatanya wae ka batur, ka anu sakirana apaleun. Teu wani soteh ka Apa jeung ka Mimih, da abdi teu wasa rek pokna," tembal kuring rada panjang; ngarah jentre. "Saenyana geus aya taunna, abdi apal kana dongeng anu sabenerna teh, Ceu. Ngan ngahaja abdina tara loba omong, cukup ku disidem dina angen keur sasoranganeun. Keun wae ah, teu dilawungkeun ka Apa atawa ka Mimih oge, angkanan teh. Sabab, mun abdi loba tetelepek ka kolot, tacan tangtu bakal pihadeeun."
"Nya sukur atuh ari maneh geus apal kana dongengna mah. Saenyana Euceu ge geus boga sangkaan tepi ka lebah dinya; maneh geus nyaho kana lalakon anu sabenerna, ngan pedah jempe-jempe wae," pokna. "Tah, mun ayeuna Euceu nyarita ka maneh, anggap wae Euceu teh keur ngawakilan Mimih."
"Maksud Euceu kumaha, kitu?"
"Enya, kieu eta teh," ngahuleng heula bangun aya nu keur dipikiran. "Kieu, Enji .... Tapi ieu mah ceuk pamikir Euceu, nya? Pangna Mimih jeung Apa nutup-nutup saha ari maneh anu sabenerna teh tujuanana mah hade, meureun bisi engkena maneh jadi kuciwa, atawa jadi terus nyieun anggapan nu lain-lain. Jadi, dongeng ngeunaan kahirupan maneh anu saenyana, ku Apa jeung ku Mimih kacida dirusiahkeunana. Ceuk Euceu ge ari tujuan kolot urang mah hade, lain rek neungteuinganan nu jadi anak."
Kuring henteu mairan. Enya da geus kasawang tepi ka lebah dinyana atuh. Kuring sama sakali teu boga sangkaan goreng ka duanana ge.
"Tapi, lamun tea mah naon-naon anu dipigawe ku Mimih dina keur jumenengna dianggap hiji kasalahan, peupeujeuh, ku maneh kudu dihampura. Ulah dipake nyeri hate, ulah terus ngunek-ngunek."
"Ah, henteu, Ceu. Abdi mah teu nganggap eta hiji kasalahan, jajauheun mun abdi tepi ka boga rasa ngunek-ngunek," kuring gancang megat omonganana.
"Nya sukur atuh, mun kitu mah. Euceu nyarita kieu soteh, ieu mah keur ngajaga bisi; bisi dina batin maneh aya kateungeunah ka Mimih, terus engkena ngabeungbeuratan Mimih di alam kuburna."
"Ari Euceu! Nu puguh mah sabalikna; abdi nu gede karumasaan dumeh abdi loba pisan kahutangan budi ku Mimih, bari abdina sorangan tacan bisa mulang tarima. Jadi, mun arek oge, Mimih anu bakal rea katugenah alatan abdi, anu sakitu geus ngahesekeunana. Dina urusan ieu, merenah keneh mun Euceu nyaritakeun kasalahan abdi, batan nyabit-nyabit nu dipilampah ku Mimih ka abdi."
"Ah, Enji, ari kolot mah geus pasti bakal gede hampura atuh. Moal kudu dipenta heula ku urang. Engke oge ku maneh bakal karasa geura, lamun geus diparengkeun boga anak. Jadi, mun tea mah maneh geus gede karumasa dumeh geus nyieun katugenah ka Mimih, Euceu mah yakin pisan yen pasti ku Mimih geus dihampura."
Si Euceu mukakaeun lomari pakean, terus deku bari ngungkaban tilepan samping. Didudut hiji, laju digolerkeun dina ranjang, gigireun kuring.
"Enji, karek ayeuna Euceu wani nyarita. Enya, wani soteh ayeuna, sanggeus Mimih teu aya dikieuna," ngarenghap heula, terus neuteup kana beungeut kuring. "Tah, Enji, samping anu ieu, anu baheula dipake ngabedong maneh teh, basa ku Euceu dipangku, terus dibawa ka imah ieu," sorana semu beurat.
Teuing kudu kumaha kuring nyarita, sanggeus Si Euceu ngedalkeun eta kalimah.
"Ieu samping teh hiji-hijina barang titinggal indung maneh, samemeh indit ninggalkeun lembur ieu, anu tepi ka kiwari teuing di mana ayana," pokna deui, sorana beuki beurat. "Ku Euceu teh ngahaja diampihan, bari tara pisan diganggu. Angkanan teh, dina hiji mangsa, bakal dipasrahkeun ka maneh. Nya ayeuna waktuna Euceu mikeun ieu tutungkusan. Pek ayeuna mah geura rawatan kainyah."
Ku kuring dirongkong, terus dibuka tilepanana; kaambeu seungit kamper. Ceuk taksiran, kaayaanana geus maju ka buruk, balas ku lila teuing diteundeun. Umurna tangtu leuwih kolot batan umur kuring. Saha nu nyaho, boa indung kuring oge pamere ti kolotna; samping tuturunan bawa ti Jawa. Kuring teu apal naon motifna, ngan nu sidik mah asa geus tara katempo aya nu make.
Kasawang dina implengan, meureun bareto teh, kira-kira tujuh likur taun ka tukang, aya hiji orok karek puput puseur ditinggalkeun ku indungna; ngear ceurik tepi ka kapireng ka imah tatangga. Laju padaneang, padangarerepeh. Na ari indungna eukeur di mana? Orok beureum diantep sina gogoaran taya nu nungguan. Meureun di antarana aya nu bebeja ka Mimih, atawa boa ka Ceu Cacih. Sanggeus sidik indungna teu embol-embol deui, diteteangan teu panggih-panggih, antukna eta orok teh ku Ceu Cacih dibawa ka bumi Mimih. Diurus jeung dimemenan, diangken anak sorangan.
Enya, eta orok tujuh likur taun ka tukang teh apan kuring pisan: Panji Sumirat.
Samping ditilepan deui saasal, terus diasongkeun ka Si Euceu. "Simpen we di Euceu," omong kuring, rada dumareuda.
Si Euceu kalah melong. "Naha?" pokna.
"Simpen ku Euceu we ...."
"Ih, ulah. Kuduna ge aya di maneh. Jimat ieu teh, Enji, matak ku Euceu ngahaja diampihan oge."
Kuring gideug. Ngarti lah, anu dimaksud jimat ku Si Euceu teh maksudna mah ngandung sajarah; sajarah dina galuring hirup kuring. Hiji barang anu ngantengkeun ingetan kuring ka nu jadi indung. Tapi, mun ku kuring diampihan, sok sieum matak jadi  seuseuitan, matak ngahudang kasedih.
"Jadi, kumaha atuh ieu teh, Enji?"
"Rawatan wae ku Euceu," tembal kuring alon.
Manehna ngahuleng deui. Tapi lila-lila mah teu burung pok: "Nya atuh, saheulaanan mah ku Euceu urang ampihan deui. Tapi, dina hiji mangsa mah maneh anu kudu ngarawatanana."
Kuring unggeuk, ngarah teu kapapanjangan.
"Aya keneh tembongkeuneun ka maneh teh, hiji deui," pokna, sanggeus rada lila pahuleng-huleng.
Si Euceu ngungkaban deui eusi lomari, terus nyabut potret.
"Tah, ieu indung maneh teh ...."
Potret ukuran satengah kartu pos, kelirna geus semu koneng, sisina digunting direnggi-renggi. Potret mojang leutik duaan; nu hiji diuk, nu hiji deui nangtung tukangeunana. Ka anu keur diuk mah, kuring moal kapalingan deuleu. Eta mah Ceu Cacih. Yakin, Si Euceu, najan ayeuna geus loba robahna ge. Ari anu nangtung? Heueuh, kapan eta teh indung kuring tea, sakumaha ceuk katerangan Si Euceu cikeneh.
Ku kuring hantem ditelek-telek. Buukna diuntun dua, sina nyampay kana hareupeun dada. Diponi nengahan tarang. Panonna cureuleuk. Siga saha, nya? Pikiran kuring narawangan kana keureutan beungeut rupa-rupa jelema; dipapay saurang-saurang. Ngan anehna, naha bet jol aya pikiran: boa jiga Sarah, kitu? Tapi ah, piraku teuing. Eta mah ukur persepsi kuring wungkul.
***
(hanca)