26. Bisi bae kairid ku jurig, atawana diruksak ku macan, atawa dirawu kelong, kerid sanagri kudu, sakur-sakur jalma lalaki, sina narareangan, asruk tegal gunung, teu lami Raden Aria, lajeng nyembah nyumanggakeun ka Jeng Gusti, sarta tumeras jengkar.
27. Sarta teras Raden Arya Patih, miwarangan ngadamel tangara, nitirkeun kohkol jeung bende, yen mundut ditarulung, ku sakabeh praabdi-abdi, neangan Sang Pinutra, dawuhan Jeng Ratu, gancangna nu dicarita, geus ubiag budal teu aya nu kari, kana leuweung tegalan.
28. Sumawonna sipating lalaki, awewe ge sami andon suka, neangan Pangeran Anom, ka tegalan ka gunung, tapi weleh hanteu kapanggih, nu legok dilongokan, gunung dikurubut, lebah-lebak dikotektak, mun palika saban walungan diroris, bok palid wiwahana.
29. Kira-kira lamina ngilari, tujuh poe teu aya eureunna, wareleh sampe talete, samalah Kangjeng Ratu, geus nyeratkeun ka saban nagri, bawahan parentahna, yen leungit Sang Sunu, waleran ti sadayana, hanteu aya saban nagri dipilari, Rajaputra Purnama.
30. Kangjeng Ratu sareng Prameswari, beuki langkung ngangluh manah, tungtungna leungit kajaten, rukun ageman Ratu, kawisaya rancana galih, medal ka pangandika, jadi mawur saur, di puri sareng Meswara, dideuheusan ku Patih Gundarapati, Ratu lajeng ngandika.
31. Lah kumaha petana Ki Patih, Ki Purnama datang ka musnana, estu leuwih matak helok, ari ras ku Ki Sunu, kawas-kawas aya nu maling, sabab mohal kacida, leungit teu pupuguh, ngan maksud kakang ayeuna, kajeun mati tinimbang hanteu kapanggih, rek diider sadunya.
32. Saban nagri diasupan pasti, ngan kakang mah mihape nagara, wakilan ku Patih bae, samemeh kakang cunduk, Arya Patih Gundarapati, nyembah jeung ngawangsulan, ka Sri Maha Ratu, abdi Gusti pun Aria, nampi lahr pengeresa dampal Gusti, bade nilar nagara.
33. Bade jengkar keresa ngilari, jajah-jajah sabuana dunya, mung raos abdi Gusti teh, rebu-rebu panuhun, mugi emut cacandran yakti, menggahing kanarpatyaan, teu sae kalangkung, lolos tumilir nagara, hanteu nolih katarik rancana galih, kalintang marga hina.
34. Margi eta raos abdi Gusti, Dampal Gusti sae oge lenggah, abdi Gusti bae mios, nyusul pinutra Sunu, maksad lebet ka saban nagri sawengkon alam dunya, Kangjeng Raja nyaur, sarta nangis cumalimba, nya teu naon najan Patih ge pribadi, indit nyusul si ujang.
Asmarandana
1. Aria Gundarapati, ngawangsul ka Sang Nata, panuhun abdi Gusti teh, perkawis ngilari putra, moal sasih ayeuna, marga abdi Gusti estu, gaduh pamaksadan heula.
2. Samemeh mios ngilari, sumeja pupuja heula, ka bangsa nu aheng-aheng, tataros aya tayana, Sang Pangeran Pinutra, supados gampil ngajugjug, patempatan Sang Pinutra.
3. Saur Ratu bener Patih, malah kakang ngabarengan, mujasmedi meleng hate, neneda ka Nu Kawasa, anu murba wisesa, suganna gampang tinemu, sidikna Purnama Alam.
4. Sanggeus tutup gunem warti, Patih pamitan ka Raja, lajeng mulih ti karaton, kantun Sang Maha Narpatya, sareng Parameswara sasauran hal kaewuh, Pinutra nu dipicangcam.
5. Ratu teu lami ngalahir, ka rai Parasmewara, coba pikir sing kahartos, estu teu salah ti sangka, tina carita engkang, alamat meunang pakewuh, jalanan Purnama Alam.
6. Tina sabab boga rabi, ka lain terah sasama, watek sangar buret mamawa ka sarerea.
7. Bareto engkang teh geuning, nyebut leuwih hanteu doa, Purnama ka Kania teh, nyata sieun dikieuna, sumawon kaera mah, ku sasama bangsa Ratu, boga minantu ka somah.
8. Ngan pikir engkang pribadi, mungguhing ka Nyi Kania, arek ditempuhkeun bae, dijurungkeun sina neangan, entong aya di nagara aya ge teu puguh-puguh, da taya Purnama Alam.
9. Karujit-rujit nagari, diayaan anu sangar, matak nyaliara bae, cilaka ka sarera, nu matak ayeuna mah, urang tundung sina nyingkur, parabkeun ka sato galak.
10. Meswari nangis ngalahir, duh engkang menggah eta mah, nya kumaha kersa bae, najan abdi ngahalangan, estu moal tiasa, Kangjeng Ratu deui nyaur, balikanan Nyai nyaram.
11. Moal digugu teh teuing, karana sanajan aya, di dieu Nyi Kania teh, matak bae tambah-tambah, kanyeri nya pikiran, sabab manehna nu puguh, wirasatna kana sangar.
12. Coba geura pikir lantip, mun purun ka Kaswati mah, Purnama Alam bareto, lamun nyorang pancabaya, anu kieu rasana, tangtu dibantuan bingung, ku Ratu Putiasukma.
13. Ayeuna mah biheung teuing, kana nyoreang ka urang, boa muas-muas bae, Parabu Putiasukma, yen urang nyorang bahya, nu matak ayeuna kudu, urang tundung Nyi Kania.
14. Lajeng jengkar Sang Narpati, diiring ku gulang-gulang, angkatna wengi mopoek, bade ka karang kaputraan, kocap Dewi Kania, ti barang leungit Sang Sunu, teu kendat nangis sasambat.
15. Mun lain jatining istri, tedak bangsa kadewian, geus nyangking hate nu saleh, terkadang tega ka raga, goda rancana manah, nyurung napsu lampus umur, nelasan anjeun ku gobang.
16. Ari mungguhing Sang Dewi, ngan sadrah ka Nu Kawasa, nu kagungan alam kabeh, tatapina henteu kendat, pupuja lebet manah, nunuhun Anu Agung, tapakur di kajuaran.
17. Sarta henteu bijil-bijil, tuang leueut oge nunda, sumeuseuh nyipuh jajaten, ku margi emutanana, suganna pangna bahya, kasiku ku murka laku, papisah reujeung pertimah.
18. Reujeung kadua perkawis, mujasmedina Kania, neda terbukaning hate, pitulung Yang Maha Sukma, nuduhan patempatan, ayana Pangeran Sunu, lara atawana mulya.
19. Kitu galih Nyai Dewi, nu dianggo permuhunan, ka Gusti Yang Maha Manon, teu aya pisan towongna, saban wengi jeung siang, saleungit Pinutra Sunu, teu ingkah ti pagulingan.
20. Kacatur Sang Sri Narpati, barang sumping ka kaputran, lumebet ka bumi bae, ngadeg teu keresa lenggah, di lawang pagulingan, nyondong mantu keur tapakur, Putri Pramanik kacida.
21. Gugup ningal Ratu sumping, tina pangsalatan nyingkah, isin ku Sang Maha Katong, jeung wuwuh medal cisoca, tina raos kagugat, nambahan liwung mangpaung, disumpingan ku Jeng Raja.
22. Geus henteu yasa ngalirik, tungkul murubut cisoca, lajeng ngandika Sang Katong, ka Nyai Dewi Kania, sarta langkung pusingna, lir lain titi ka mantu, eh montong ceurik Kania.
23. Da bongan sia pribadi, nu sisit wirasat sangar, sumered kana cocogreh, raga mantak pancabaya, hanteu bisa ngajaga, kawas lain anak wiku, bet narik kana cilaka.
24. Jeung deui ayeuna aing, nu matak ka dieu datang, lain rek ngahemo-hemo, aing rek muka subaya, ayeuna teh ka sia, geuning waktu anyar cunduk, sia reujeung Ki Purnama.
25. Aing teh aya pameredih, pasal nu tilu perkara, sageuy teuing sia poho yen kudu bisa ngajaga, malar kasalametan, ka diri aing nu estu, jeung nagri sarta eusina.
26. Tatapi naha bet jalir, sanggup sia bakal bisa, ahir ayeuna ka tangen, meunang bahya kasukeran, nu taya papadana, anak kitu sia asup, cidra ka nu jadi Radja.
27. Ka nu sejen komo teuing, moal bisana ngajaga, cacak ka salaki oge, nu hanteu aya anggangna, saban peuting jeung beurang, bet geuning sia kalangsu, teu nyaho loslosanana.
28. Ngan ayeuna sia misti, ku sabab geus lampah cidra, ka nu kasebut Narpatos, peuting ieu kudu nyingkah, tong aya di nagara, cicing oge teu perelu, da taya salaki sia.
29. Aing henteu sudi teuing, diayaan anu sangar, matak nyilakakeun bae, kana saeusi nagara, baruntak perwatekna, kusut rusuh jeung pagebug, moal aya kaberesan.
30. Ayeuna sia geura jig, nyingkah ti ieu nagara, hayoh indit tong talangke, Dewi Kania kalintang, nandang kiamat manah, nampi panundung Jeng Ratu, sarta nyeuseul seseepan.
31. Kania meh hanteu eling, bawaning ku kareuwasan, kasima dugi ngadegdeg, ningal ka paroman Raja, dugi geuneuk rarayna, gegejlig bawaning bendu, ka mantu Dewi Kania.
32. Wantu-wantu tedak istri, gampang getapan reuwasan, katurug-turug jeung nembe, mendakan dikasukeran, Sang Putri Gurangsarak, langkung tunggarana kalbu, surem sabuana alam.
33. Enggeus hanteu nangis deui, bawaning surem pangrasa, nya jadi leungit jajaten, ampir hanteu yasa obah obah, lamun hanteu dipaksa, dihayoh-hayoh ku Ratu, geura jor sia Kania.
34. Dewi Kania teu lami, nyembah ti payuneun Raja, ramohpoy kalangkung lungse, mehmeh hanteu yasa cengkat, bijil ti pagulingan, Ratu nyerang sarta nyaur, jor sia ka mana nyingkah.
35. Teras lungsur Nyai Dewi, sarta hanteu barangcandak, bangsa sipating panganggo, kajaba nyandak salempay, panadahna cisoca, nurasjati tikel balung, eta mah taya kantunna.
36. Sang Dewi lungsur ti bumi, poek mongkleng butarata, pukul sapuluh teu geseh, teu nyandak rencang saurang, wantu taya nu terang, lamun emban para babu, nyaraho tangtu ngiringna. ***