"Cape atuh, Panji, upami bade mulih deui ayeuna mah," kitu ceuk pribumi, satutasna Panji nyebut permisi.
"Kantenan ari capena mah. Tapi, kumaha deui, tuda? Melang ka Mimih," tembalna; sok sanajan dina hatena leutikna mah lain ukur eta-etana anu dipake alesan hayang indit rurusuhan teh.
"Padahal mah kulem wae di dieu. Enjing subuh ku Sarah dijajapkeun ka Cicaheum, sakantenan bari ngawangsulkeun mobil ka rental," pokna.
"Hatur nuhun."
Beu, mana komo mun kudu meuting di dieu, ceuk pamikirna, bisa-bisa bakal nambahan masalah. Kapan aing teh rek ngajauhan manehna. Atuh mun ayeuna masih keneh reureujeungan mah, engke bakal leuwih susah nyingkahanana.
"Sarah, hatur nuhun kana kasaeanana. Duka kumaha abdi kedah malesna, margi tos kahutangan budi," omong Panji, sanggeus ngageserkeun panto pager.
"Sarah teu ngemut dugi ka dinya, da. Sareng teu niat ngahutangkeun budi deuih," tembal pribumi. "Iraha bade ka dieu deui?"
"Duka, nya. Teu tiasa nangtoskeun, kumaha sanggem kaayaan di lembur wae."
"Enjing nelepon atuh, nya? Nomerna mah di Apa ge aya, da tadi Sarah ngantunkeun kartu nama."
Panji ngan ukur unggeuk lalaunan.
"Ngawaler atuh, ulah unggeuk wungkul!"
"Muhun."
"Jangji, nya? Suer, Panji! Ulah hilap!"
"Ya, ya ..."
Sarah terus ngajengjen di satukangeun pager, nyerangkeun nu keur ngungkug ka kalerkeun. Najan teu atra pisan, tapi ari belegedegna mah tembong, da kacaangan ku lampu sisi jalan. Beuki jauh, beuki jauh, ahirna leungit dilegleg pengkolan.
Sajajalan Panji remen uleng mikir, kumaha carana nyingkahan Sarah kalawan lantip. Saha nu nyaho dina ahirna mah aing bakal kajiret, ceuk pamikirna. Masing kalah kumaha oge Sarah teh boga rupa hade wanda, katurug-turug boga pangabisa. Teu mustahil dina hiji mangsa mah aing bakal kagembang, da ari kembang-kembangna mah geus mimiti tembong ti ayeuna keneh oge.
Mun rek ngejat, mending ti ayeuna, da lamun diengkekeun mah bakal hese. Kangaranan mun geus katalikung tea, dina nyingkahanana teh sahenteuna bakal karasa nyereset. Jadi, meungpeung tacan naon-naon, leuwih hade ayeuna wae.
Carana?
Tah, ieu nu rada bingung mikiranana teh. Ari keur saayeunaeun mah rada babari. Geus we cicing di lembur rada lila, tong waka gancang-gancang mulang ka Bandung. Tapi, kumaha mun ituna nyusul-nyusul? Ah, piraku sugan mun tepi ka kitu mah. Pamohalan mun Sarah tepi ka kitu peta. Heueuh, piraku aing tepi ka disusul-susul, da naon araheunana?
Jol deui ka lembur teh geus ampir subuh, sabab kudu ngadagoan heula beus aya kana ampir sajamna. Jaba deuih di jalanna jadi meral, sabab supir nyimpang heula ka rumah makan.
Jrut tina beus, teu nyampak ojeg sapotong-potong acan, da puguh wanci janari. Kapaksa kudu nungguan deui, ngalelentuk di pertelon, dibaturan ku reungit. Kabeneran wae aya ojeg nurunkeun panumpang nu rek ka pasar; kitu oge lain ojeg ti lembur manehna. Wayahna kudu daek mayar rada mahal. Ah, keun wae, ceuk pamikirna. Jeung tibatan kudu ngelekur tepi ka rada bray-brayan.
Jol ka imah, jol kusek dina korsi males. Teu disalin-salin acan, da geus teu kawawa ku tunduh. Ka kamar Mimih mah tiba ngelol meueusan.
Hudang-hudang teh geus tabuh dalapan. Eta ge bane we kagandengan ku alona. Memeh ka cai, manehna ngelol deui ka kamar nu gering. Ah, geus teu pati salempang geuning, ceuk dina hatena. Koloyong ka dapur, rek ninyuh kopi. Da memang kitu kabiasanana; ari tas hudang sare teh lain nguruskeun ka cai, tapi kadon ngaleob heula peujit.
Manehna ngalangeu dina babalean, nyanghareupan cikopi ngebul anu kaambeu seungitna. Anteng ngumbar lamunan, bari ngulinkeun haseup roko dibuleud-buleud. Sarah kokolebatan nembongan dina kongkolak panon. Tapi buru-buru disieuhkeun deui.
"Mang Enji, abdi bekelan," anak Ceu Cacih nu nomer opat ngagebah lamunan.
"Teu boga duit atuh Amangna oge. Pan enggeus meureun ti Pa Aki."
"Naon, Pa Akina oge teu aya, mangkaning sanes angkat ka desa."
Wayahna kokodok heula, neangan receh pamulangan ti tukang ojeg.
"Abdi deuih, Mang Enji," norojol saurang deui, anak Kang Obing.
"Euh, baku silaing mah ari geus nalamprak teh. Yeuh! Buru kaituh geura arindit, bisi kabeurangan!"
"Tabuh salapan da lebetna ge," omong anak Ceu Cacih.
"Mang Enji, Mang Enji," ceuk nu saurang deui. "Kabogoh Mang Enji siga nu sok maen dina pilem India, nya?" ujug-ujug nyelengkeung kitu.
"Alah, silaing mah sok saomong-omongna! Meunggeus kaituh geura sakola!"
Heueuh, dasar bebenjit! Teu pupuguh make disebut siga bentang pilem India sagala. Atawa boa enya kitu? Ketang, dina enyana ge karep teuing, ah!
Ras deui manehna kana jangji; kapan arek nelepon. Geuning tadi peuting mani sakitu ngomat-ngomatanana. Tapi, nelepon oge naon perluna? Rek nyaritakeun naon?
Ah, bae antep! Teu pupuguh make kudu teteleponan sagala. Jaba mun rek nelepon teh kudu ka kantor kacamatan heula, da anu di desa mah tacan kring; karek nganteng kabelna wungkul. Hoream ngincigna ge. Bisa wae lamun milu nelepon ka Pa Haji Saad ge; rek ngadon di imahna, rek di tokona. Komo ka dinya mah leuwih hoream, ketang. Bisi pajarkeun nyampeur-nyampeurkeun anakna nu bungsu. Mangkaning, cenah, ayeuna teh aya wae di dieu, da geus euweuh kuliah, kari ngadagoan sidang.
Tapi, ari jangji teh hutang, pan; kudu ditedunan.
Enya, jangji nu disebut hutang teh jangji nu kumaha heula. Naha saban jangji kudu wae dicumponan?
Panji ngarasa bingbang, perang batin; antara nedunan pamenta Sarah jeung sora hatena sorangan. Tapi, dina ahirna mah manehna teu burung aya niat ngaleos, rek milu nelepon di kantor kacamatan. Kajeun ngan sakirining, nu penting aing ulah disebut jalir.
Nomerna? Kapan, cenah, aya di Apa. Atuh kudu ditanyakeun heula. Tapi, pan Apana ge boa ka mana. Leuheung mun keur aya di desa, babari nyusulna. Ah, kaya kieu mah kapaksa bolay atuh. Bae ah, da puguh ieuh alesanana, ceuk pamikirna, bari gek deui diuk dina urutna.
"Enji, diaur ku Mimih," Ceu Hayati ngelol di lebah lawang.
Barang disampeurkeun, nu gering kasampak keur nyanda; karek tas diwaslap bari sakalian disalinan.
"Iraha balik?"
"Tadi subuh, Mih," tembalna. "Ku margi tunduh sareng cape, teras we mondok heula."
"Ari Si Eneng teu nanaon di jalanna?"
"Nya henteu atuh, Mih. Entos dugi ka bumina ku abdi dijajapkeun."
"Heueuh, sukur atuh," pokna. "Kade, ari ka awewe, urang teh kudu leuleus jeujeur liat tali."
"Ke, ke, naha Mimih bet nyarios itu?"
"Eta we, anu sok rajeun kabandungan ku Mimih, maneh teh sok getas harupateun. Terus deuih, lamun keur nyanghareupan awewe, bangun sok rada pelekik."
"Ah, Mimih mah; aya-aya wae!"
"Ih, maneh mah ari keur diomongan ku kolot teh. Tong sok nambalang; anggur mah heg regepkeun."
Panji jempe. Pelekik kumaha, ari Mimih, ceuk dina hatena. Naha eta kitu, pedah aing bareto sok rada hare-hare mun sakalieun adu hareupan jeung Irma? Enya, eta mah rumasa. Padahal, boh Apa boh Pa Haji Saadna, mani pok deui, pok deui, "Ari keur salse mah, Enji, heg longokan Si Neneng, da sarua pada-pada cicing di Bandung ieuh." Memang geus rada kabaca, Apa jeung Pa Haji Saad teh siga-siga nu aya karep hayang bebesanan. Meureun angkananana, nyobat dalit teh ulah ngan sawates dina urusan organisasi wae, matak naon mun terus jadi babarayaan. Waktu Irma mimiti kuliah di Bandung, Pa Haji mani sababaraha kali nyebut mihapena oge.
"Mih, ieu buburna tos asak," Ceu Cacih norojol ka kamar, terus nunda mangkok dina meja gigireun ranjang.
"Sok dituang heula, Mih!" omong Panji.
"Enya, ke mun geus hayang," tembalna.
"Ih, atuh kedah dipaksakeun, ulah diantosan laparna."
"Ke, sakeudeung deui. Panas keneh buburna oge geuning. Tuh mani ngebul kitu!" omong Mimih.
"Keun atuh ku abdi urang hihidan heula," ceuk Ceu Cacih, bari ngaleos deui ka dapur.
"Teu kudu, Cih. Keun we sina tiis sorangan. Sok jadi teu ngeunah ari bubur tiisna dihihidan teh, tara peungkeur. Komo mun bari dikucek-kucek, sok terus jadi encer."
Boh Panji boh lanceukna kapaksa eleh deet. Ceu Cacih kalah gek dina tunjangeun indungna.
"Ngan kari maneh, Enji, anak Mimih nu masih lalagasan keneh teh," omong Mimih. Lebah ngalisankeun kecap "anak Mimih", teu ieuh karasa cawerang, teu kadenge camplang.
"Abdi mah teu acan mikir-mikir dugi ka dinya, Mih."
"Is, ulah kitu! Ayeuna mah geus waktuna. Umur maneh teh geus tujuh likur; geus manjing kurenan."
"Kumaha upami engke deui, Mih, ngobrolkeun perkawis eta mah. Ayeuna mah Mimih sing geura damang,"
Panji rek nyalenggorkeun obrolan.
"Ih, nya enya atuh; Mimih ge hayang geura-geura cageur."
"Asa bageur kajeueungna ku Euceu mah, Enji, budak teh," lanceukna nembrong.
"Saha budak teh, Ceu?"
"Heueuh, Si Eneng Sarah."
"Lain budak atuh," Panji gancang nambalang.
"Heueuh, keun wae ceuk maneh lain budak ge, da ceuk Euceu mah kitu."
"Puguh heueuh, Mimih ge hayang ngobrolkeun eta. Tuh, ceuk lanceuk maneh ge, bageur budak. Kawasna sarerea oge bakal sarua panenjo; lain ukur Mimih jeung lanceuk maneh wungkul."
"Enjing deui atuh ngobrolkeun perkawis eta mah," Panji deui-deui gancang megat kalimah.
"Tuh, da baku maneh mah ari diajak ngobrol dines ku kolot teh!"
"Muhun, sanes alim abdi ge, mairan cariosan Mimih ayeuna, tapi asa kirang merenah, da Mimihna oge nuju teu damang. Babari ieuh atuh, Mih, da abdina oge moal ka mamana. Moal, abdi moal waka ka Bandung, sateuacan Mimih damang pisan mah," omong Panji rada panjang.
Naha nu ngajak nyarita teh bet kabeh museur ka Sarah, ceuk Panji dina jero hatena. Sarerea meunteun bageur, kayungyun, ka sasaha teu weleh ngajenan, teu adigung, hade tata hade basa. Enya, da maranehna mah karek apal luarna wungkul. Tacan nyarahoeun, ari jero-jerona Sarah teh kumaha: matuh sosorangana di imah mewah, gaya hirupna jamburaul, karesepna ulin di pub jeung diskotik. Cing, ti mana manehna bisa hirup roroyalan, lamun boga duitna lain tina jalan enteng. Anu katembong ku Mimih mah karek cangkangna. Heueuh, alus jeung pikauruyeun. Tapi, sok geura ungkab jerona; boa-boa matak jadi ongkek!
Naha ku aing kudu diterangkeun, kumaha ari jero-jerona Sarah? Naha kudu dibejakeun yen panggihna jeung aing oge waktu keur sasampoyongan tengah peuting di tempat hiburan? Naha ku aing kudu dibolekerkeun tepi ka urusan anu nyarumputna?
Batin Panji padungdengan. Di hiji pihak, manehna hayang nembrakkeun kanyataan nu sabenerna, sabab bisi kolotna kalalanjoan ngumbar harepan reujeung udagan, tapi dina pamustunganana ukur timu jeung kakuciwa. Tapi, mun dibruk-brakkeun ayeuna mah tacan tangtu bakal pihadeeun. Katurug-turug deuih, ku manehna diangken yen informasi ngeunaan Sarah anu geus kadenge teh masih keneh loba nu kurang.
Ah, geus wae rek diantepkeun; engke ge pareum sorangan. Nu penting mah Mimih, Apa, atawa saha wae ulah dibere lolongkrang pikeun nyaritakeun Sarah. Mun aya obrolan anu katembongna baris ngaleok ka dinya, kudu buru-buru disalenggorkeun.
"Ari Si Eneng, iraha rek kadieuna deui, Enji?" pananya Mimih ngagebah lamunan Panji.
"Wah, duka atuh, Mih, da manehna mah sanes jalmi salse," tembalna, nyieun alesan sorangan.
"Hayang panggih deui Mimih teh," pokna, bangun gede harepan.
Bet untung pisan, samemeh Panji arek mairan, jol manten dokter ti puskesmas meunang ngahaja ngangkir.
"Alah, punten ieu teh, abdi tiasa ka dieuna rada siang. Padahal ari panyaur ti Pa Kuwu mah katampina enjing-enjing keneh," ceuk dokter Sutarwan.
"Nuju seueur pasen rupina," omong Ceu Cacih.
"Sumuhun," tembalna. "Cobi ningal hasil ronsenanana!"
Keun wae ah, giliran Si Euceu nyanghareupan dokter mah. Omong Panji dina hatena. Manehna terus ngolesed.
***
Teu, teu kalaksanakeun kapalay Mimih teh, anu saurna, "Hayang panggih deui jeung Si Eneng."Teu, teu kalaksanakeun, sabab opat poe ti harita, Mimih dipundut ku Anu Kagungan; geus kitu titis tulis, tetekon ti lohmahpudna.
Teu, teu nyangka baris ngantun tereh-tereh; lain wae kuring, tapi deuih sarerea ge teu nyangka baris kitu kajadianana. Malah saenyana mah geus mimiti rada reugreug, dumeh Mimih neutneutan jagjag deui. Geus teu pati pikamelangeun. Ceu Idah geus mulang deui ka imahna, sanggeus milu nungguan aya kana dua peutingna. Kitu deui Ceu Nunung jeung barudakna geus beberes bawaeun mulang, da isukna arek amitan.
"Keun wae teu diriung-riung ku sarerea oge, da ayeuna mah katembongna geus maju ka cageur ieuh," kitu saur Apa. Kaharti ari kitu tea mah, sabab ku cicingna Ceu Idah di dieu teh kudu ninggalkeun ngajar. Kitu deui Ceu Nunung, anu salwasna sibuk, jaba pamatuhanana jauh di Bekasi.
Tapi naha atuh, ari maju ka tengah peuting, Mimih ngadadak repot deui; teuing naon nu jadi cukang lantaran anu saenyana, da ukur semet bisa ngira-ngira. Sarerea tagiwur. Kang Obing gasik nyusulan dokter. Ceu Cacih teu ingkah-ingkah ti sisi ranjang bari rambisak. Apa oge nu sasarina tara getapan, harita mah bangun rampang-reumpeung.
"Saena mah candak deui ka rumah sakit," ceuk dokter, sanggeus beres papariksa.
Ngan Mimih kalah gideug. Ari sadarna mah sadar eta oge, tapi tos teu mampuh nyoara-nyoara acan.
"Ngarah enggal damang, Mih," omong pamajikan Kang Parman.
Angger gideug.
Sarerea ahirna ukur silih pelong, sanggeus ngarasa taak, dumeh taya nu bisa ngolo Mimih. Ceu Cacih oge anu dianggap pangbisana ngalelemu Mimih, angger teu metu, sakitu geus cacarita ku rupa-rupa cara. Mimih teu kersaeun dicandak ka mamana. Ahirna kuring sadudulur masrahkeun, putusan ahir aya di Apa.
"Nya geus wae atuh," ngan sakitu waleran ti Apa.
Enya, ari eunggeus kudu kumaha deui? Haben dipapaksa oge tacan tangtu bakal alus balukarna.
Mimih dirariung. Ceu Idah harita keneh ditelepon supaya buru-buru datang. Si Akang gancang disusulan ku pagawe desa anu peuting eta kabeneran keur piket. Untung Ceu Nunung mah tacan indit. Cacakan lamun geus balik deui ka imahna, tangtu matak barabe ujag-ajigna, da manehna mah pangjauhna ngumbara.
Kurang leuwih tabuh opat, basa di masjid kadenge tarhim, Mimih ngahanju. Si Akang taya eureunna nungtun ku kalimah tahlil, ditompokeun kana cepil Mimih. Laa ilaaha illalloh. Laa ilaaha illalloh. Lambey Mimih embut-embutan.
Ku kuring dicampa sampeanna; karasa tiis pisan. Socana peureum, tandaning sadrah baris nampi putusan.
Memeh ngong adan subuh, Mimih dipundut ku Anu Kagungan; nyawa nyampiung ninggalkeun raga.
Inna lillaahi ...
Hese ngagambarkeunana, kumaha rarasaan kuring harita, da ari saterusna mah teu inget di bumi alam, nyuuh kana sampean layon. Ceuk anu nyaraksian, kuring anu panglilana kapiuhan teh.
Sadar-sadar deui sanggeus di imah loba nu ngalayad. Layon geus diperenahkeun di patengahan. Kadenge raeng nu ngaraji.
Enyaan, sakalieun rek nangtung oge taya tangan pangawasa. Kuring diuk ngalungsar, teu jauh ti lawang kamar. Ceu Cacih alum kacida. Kitu deui Kang Parman, Ceu Nunung, Kang Obing, reujeung Ceu Idah. Anu katembong rada teger teh iwal Si Akang. Nya manehna anu nyanghareupan semah oge, anu terus merul rek ngalayad.***