DINA hiji sore, Sarah aya nu ngajakan kawin. Harita, langit keur cangra, samemeh layung beukah burahay. Suasana anu bisa mere kesan romantis saenyana mah; komo mun bari jalan-jalan di hiji taman, misalna. Atawa bari leuleumpangan di sisi basisir, sabot ngadagoan mangsa surup panonpoe-suku dilendotan tungtung ombak. Atawa bari naon wae, kumaha pipanteseunana mun ngedalkeun omongan anu dianggap mibanda ajen sajarah dina kahirupan. Kawin oge pan kitu; kaasup kana kolom eta. Kapan cenah dina kahirupan manusa teh aya tilu momen anu dianggap penting: lahir-kawin-maot.
Enya, aya nu ngajakan kawin. Ari anu ngedalkeunana, memang lain si itu, lain si eta. Kawin. Atawa nikah. Atawa naon we lah pikecapeunana mah! Diuk ngarendeng terus dirapalan. Puguh saksina, jinek lebena. Walimah puguhing deui. Gorolang ijab-kabulna, song emas kawinna. Sah wae. Cenah. Hirup salulut geus teu dianggap jinah. Cenah. Mun pareng boga anak moal dianggap jadah. Cenah.
Kawin? Bisa jadi eta kecap teh mangrupa entri anyar anu tacan asup kana kamus hirupna. Tapi, lain hartina Sarah teu paham kana pimaksudeunana. Lain, lain kitu. Ngarti lah, enya, pokna oge. Anu dimaksud kawin teh kitu, kitu, kitu-Sarah geus apal inya, kumaha ari gekgekan upacara kawinan; ti mimiti ngeuyeuk seureuh tepi ka huap lingkung. Apal kana runtuyanana, kumaha heula pandeurina, jeung naon maksud atawa perlambang anu dikandungna. Lain karek sakali, lain karek dua kali manehna milu ancrub kana ria-ria hajat kawinan; ti mimiti jadi pager ayu (jaman keur umur wewelasan taun) tepi ka ngaasistenan juru rias panganten. Memang, dina dunya anu kitu manehna mindeng napak teh. Ketah, henteu ngan semet napak wungkul sakapeung mah, tapi teuteuleuman-jijibrugan. Sebut wae: dunya seni-ari bungkusna mah!
Naha kungsi kabita lamun nenjo batur jadi panganten? Kungsi saenyana mah, najan eta perasaan teh ngancikna welasan taun ka tukang. Manehna kungsi ngawangwang jeung mapantes: kumaha suka-genahna jadi panganten. Diuk ngarendeng jeung lalaki pupujan ati, ondangan sung-song sasalaman ngawilujengkeun. Isukna aya bulan madu, najan teu mustahil pikeun saterusna mah jadi bulan hamperu. Heueuh, kapan teu kurang-kurang anu ngarandapan harmonisna rumah tangga teh ukur bubulanan, cenah. Tapi, keun wae urusan eta mah sieuhkeun heula. Ayeuna mah urang nyaritakeun suka-genahna, sakumaha anu sok diwangwang jeung diwawaas ku manehna. Ngan wae, eta wangwangan teh lila-lila beuki ngipisan, mun teu rek disebut geus euweuh pisan ge-lir peurayna halimun ku cahaya panonpoe, nyaeta ti sanggeus manehna nyorang warna-warni lalampahan hirup jero opat windu.
Kungsi eta ge aya lalaki nu ngedalkeun kecap kawin, tur ditujukeun ka dirina. Wallohualam, naha dina konteks enya-enya ngajak, atawa ngan saukur jangji tamba bau sungut. Sarah tara pirajeunan ngahaminan. Tiba ngaliwat wungkul asupna kana ceuli teh. Plos. Tara tepi ka terus nyangkaruk dina batin. Tah, ari pangajak anu ayeuna mah bangun bijil tina kereteg ati nu parigjerona; lain ngan saukur ngupahan atawa pangbebenjo, sakumaha ilaharna omongan lalaki anu geus teu boga deui jaminkeuneun ka awewe anu keur dipikahayangna. Jiga lain kitu pangajak Panji mah, sabab bangun anu enya-enya hayangna. Beda kerenyedna, tuda. Henteu ngeplos waktu asup kana ceuli teh, lantaran nyaritana ditanagaan-mun ceuk guru basa Sunda tea mah: daria pikecapeunana teh!
Tapi, najan sakumaha dariana oge pangajak ti pihak itu, Sarah keukeuh ngarasa mangmang; jajauheun tepi ka nimbulkeun gilig paniatan mah. Mangmang soteh, utamana mangmang ka dirina pribadi, lain mangmang kana paniatan itu.
Tadi ge geus disebutkeun, sabab anu disebut kawin teh kaasup kana peristiwa bersejarah, atuh dina ngedalkeunana teh sok dina wanci nu mustari, dina tempat nu utama. Mun lalaki aya kereteg hayang ngawin awewe, biasana sok milih suasana nu dianggap payus, dibaladah heula ku mamanis-mamanis basa, terus dipungkas ku adegan anu romantis. Kitu anu sok rajeun kabandungan ku Sarah, lamun keur pangangguran lalajo sinetron nasional anu jalan caritana remen kapunggel ku iklan shampo atawa jajamu sangkan salira singset. Tah, ari Panji mah aneh; ngedalkeun pangajakna teh lain di taman, lain di basisir, lain di diskotik, atawa lain di kamar, tapi di tempat tahanan! Tangtuna oge kaasup kana peristiwa langka: ngajak nyorang sagara rumah tangga, bari jinisna keur aya di panjara!
Teu, teu kasawang. Bakal kumaha dina emprona mun hiji mangsa ngawangun rumah tangga. Meureun engke teh bakal boga sesebutan anyar: pamajikan. Dina lingkungan sosial geus moal aya deui nu nyebut ngaran, tapi bakal robah jadi Ibu Panji atawa Nyonya Panji. Kitu deui Panjina sorangan oge bakai jinek deuih: jadi salaki. Pamajikan ditambih salaki sami sareng rumah tangga. Kitu mun dimatematikakeun mah.
Mun aing geus boga sesebutan pamajikan, naha bakal bisa nincak tatahapan atawa ngadeudeukeut predikat wanita sampurna anu-cenah-dina sahandapeun dampal sukuna aya sawarga? Atawa mungkin wae sabalikna? Mun engke geus jinek ngawangun rumah tangga, naha bakal boga pangbalikan keur sumalindung, atawa bakal jadi katalikung? Tacan aya kelemeng keur pijawabeunana.
Ari bieu, geus pok deui Panji nyarita:
"Kumaha, Sarah, rek dijawab ayeuna?"
Angger, mun nanya teh sok togmol. Tara dirautan heula, tara dipalapah-gedangkeun heula. Memang kitu pamakena, tara loba raehan katut mamanis basa jeung purwakanti. Sok sajeplakna wae. Tapi, ceuk dina anggapan Sarah, justru lebah dinya pleusna Panji teh; beda jeung lalaki sejen anu Sarah kungsi nyaho-nyaho sagala rupana, ti mimiti urusan racikan madu ginseng anu sok dikonsumsina, tepi ka ukuran ... kopeahna!
"Ih, naha kalah ngalamun," omong Panji deui, sabab katembongna Sarah bangun anu teu puruneun ngedalkeun omongan. "Rek dijawab ayeuna?"
"Perkara kawin tea?" kalah malik nanya. Sarah ge jadi pipilueun togmol, najan lebah ngedalkeunana dilaunkeun. Lain ku nanaon, bisi kadengeeun ku batur; era! Meureun ceuk nu sejen teh, piraku di tempat tahanan nyaritakeun bab kawin. Teu nitih dina wanci nu mustari atuh, da kuduna ge lain nyaritakeun perkara eta, ari dina mangsana besuk mah.
Unggeukna Panji alon naker. Enya ari diuk mah pahareup-hareup, ukur kahalangan ku meja, tapi ari pikeun Sarah mah keukeuh wae asa kahalangan ku sarigsig beusi-sarigsig wareweg naker, teu beda ti karangkeng orang utan di kebon binatang. Bisa jadi timbulna eta panghalang imajiner teh sabab persepsi awal anu pangheulana namper dina batin Sarah memang kitu. Panji nyirekem di pangberokan. Kitu anu pangheulana kagambar dina pikiran Sarah, tur rekamanana teu sirna-sirna. Sarigsig beusi. Tembok tohaga. Tentara. Pestol. Interogasi.
Basa mimiti pisan Sarah besuk, Panji tacan waka meunang ingkah ti kamar rupekna. Ukur dipanggihkeun sagokna teh enyaan. Taya pisan lolongkrang pikeun cacarita rada panjang. Ukur bisa nangtung pahareup-hareup, bari pacekel-cekel leungeun minangka embohna. Piomongeun mah kacida lobana, tapi taya anu bisa kedal.
Ayeuna, Panji geus meunang kaluar ti jero karangkeng- nyaeta lamun keur dina jadwal besuk; saminggu dua kali. Manehna disadiaan tempat husus anu rada pantes pikeun narima semah; hiji rohangan lega katut korsi-meja sapuratina. Ngan nya kitu, sakalieun ngobrol ge tara bisa laluasa, lantaran remen kaganggu ku kedeprukna sapatu penjaga; bulak-balik ngagamahan, bari teu leupas ti pestol jeung hatong. Ayeuna mah itungan menit teh kacida gede hargana, sabab jatah waktu dina besuk diwatesanan pisan; meunang kurang, tapi dipahing leuwih! Teu kawas ti heula-heula, basa Panji keur jadi manusa merdeka keneh; bisa tepung sasukana, bisa ngobrol sabeakna bahan carita, bisa sare saleuseuhna, bisa ... sagala rupa!
Sajeroning Panji ditahan, geus aya kana lima kalina Sarah besuk; kitu ge teu salawasna noron sakumaha ceuk katangtuan jadwal. Lain hoream datangna, tapi sok rajeun bantrok jeung jadwal kagiatan sejen anu teu bisa diwakilkeun. Panji ge geus maphum. Heueuh, da jalma teh teu salawasna salse.
"Kumaha? Jawab atuh!" omong Panji, sanggeus lila pahuleng-huleng.
Memeh nyoara, Sarah tungkul heula, "Tacan."
"Tacan aya pijawabeunana?"
"Enya."
Panji ngahuleng deui, leungeunna naleukeum kana meja. Sarah tacan bisaeun ngabade: kumaha ari kaayaan batin Panji. Ngan, sakumaha anu Sarah geus apal, Panji mah teu kaasup kana tipeu lalaki nu gampang nembongkeun semu. Peuheur sakumaha peuheurna, manehna mah tara kadenge luh-lah humandeuar atawa aral. Bungah sakumaha bungahna, tara terus disambung ku cacalakatakan tandaning eukeur gumbira. Memang kitu kabiasaanana. Panji keur bungah jeung Panji keur sedih, mungguh ceuk panenjo Sarah mah, asa teu loba gesehna. Datar-datar wae, lah! Patukang tonggong pisan jeung pasipatan dirina anu babari nembongkeun pasemon. Anu matak, gampang pisan dibacana. Enya, sabalikna pisan. Panji mah prasasti, ari manehna novel pop!
"Naha kudu wae dijawab ayeuna?" Sarah ngabijilan deui carita.
"Nya ari alusna mah," walon Panji. "Tapi ketang, da teu maksa ieuh."
"Mun moal dijawab ayeuna, kumaha?"
"Terserah," pokna pondok.
"Enya ah, moal waka dijawab ayeuna. Rek menta tempo heula we. Sualna mah kudu asak-asak dipertimbangkeunana," omong Sarah rada tungkul, terus tanggah deui. "Meunang meureun nya, mun hayang nyaho alesan nu saenyana, naon pangna Panji ngedalkeun pangajak kawas kitu."
Panji teu ngomong. Ku manehna oge geus karampa yen Sarah bakal tumanya ngeunaan eta. Enya we, bieu dipokkeun pisan.
"Pikeun Sarah pribadi, asa matak kaget ngadenge pangajak Panji anu dikedalkeun minggu tukang teh. Asa ujug-ujug ...."
"Ah, hayang we," Panji rikat megat kalimah.
"Ih, teu puguh atuh mun kitu mah."
"Puguh kitu puguhna. Asa geus puguh pisan rarasaan mah eta kahayang teh."
"Enya, ari kahayangna mah geus puguh. Ngan anu tacan puguh teh: naon latar belakangna. Kitu tah, Ujang," omong Sarah. Sakapeung manehna sok nyebut "Ujang", sabab memang umurna saluhureun Panji.
"Heueuh, naon atuh nya ari alesanana mah? Hese nerangkeunana ieu teh; teuing kudu ti lebah mana heula ngamimitianana. Ngan anu jelas, lain kahayang dadakan, da geus lila saenyana mah, ngan pedah haben disidem."
"Tapi, eta kahayang teh bijilna tina kereteg angen sorangan?"
"Nya heueuh atuh. Piraku ngajakan kawin sabab dijujurung batur! Nya tangtu wae tina diri sorangan jolna teh, sok sanajan dicukangan heula ku batur."
"Saha anu dimaksud batur teh? Geuning ka Sarah teu dicaritakeun."
"Si Akang," tembal Panji alon.
Oh, paingan atuh, omong Sarah dina jero hatena. Dina panenjo Sarah, sok sanajan ukur panenjo karek salalar, hubungan Panji jeung Si Akang teh henteu ngan sawates adi ka lanceukna, tapi asa leuwih ti kitu. Panji sorangan anu nyaritana oge yen Si Akang teh ku manehna geus dianggap guru-guru spiritual mun ceuk basa legegna mah, meureun.
"Naha Si Akang kungsi besuk ka dieu, kitu?" Sarah nanya. Manehna nurutan Panji, sarua sok nyebut Si Akang, padahal ari ngaran sabenerna mah Tahmid-jadina kuduna mah nyebutna: Kang Tahmid.
Minangka jawabanana, Panji ngan ukur gideug.
"Geus apaleun yen ayeuna Panji ditahan?"
"Jigana mah enggeus. Tacan ka dieu soteh meureun teu ari balas ku loba gawe."
"Terus, pangna Panji ujug-ujug hayang ngedalkeun eta pangajak, naon anu jadi pangjurungna?"
Panji teu gancang nembalan.
"Meureun aya dasarna pangna Panji nyarita teh, da piraku ukur padu engab; sabab kalakuan kitu mah lain pasipatan Panji," omong Sarah deui, sanggeus nenjo Panji kalah ngabetem.
"Puguh ti heula teh kaimpikeun datang ka dieu," ahirna mah teu burung pok, najan alon pisan.
"Ngimpi? Hi-hi-hih .... Ayeuna mah jadi percaya kana ngimpi," Sarah kalah nyeuleukeuteuk, bangun keur ngaheureuykeun.
"Lain percaya, ngan asa diingetan, dumeh ti heula Si Akang kungsi nyarita kitu."
"Kumaha?"
"Kade, cenah, ulah hirup sagebrug bari teu kakurung ku tikah. Si Akang tea atuh, Sarah ge tangtu geus apal yen manehna mah nyantri. Meureun ari maksudna mah hayang mapagahan nu jadi adi."
"Naha Si Akang tepi ka bisa nyahoeun kana kaayaan urang?"
"Kapan ti heula kungsi nganjang ka imah. Waktu milu salat di kamar, Si Akang manggihan papakean awewe nyarampay."
"Terus nanyakeun yen eta teh papakean Sarah?"
"Henteu. Teu terus nalengteng. Tiba direret meueusan."
"Ah, boa Si Akang mah ukur nyangka papakean bogana Uning."
"Mustahil atuh. Kapan Si Uning mah bogaeun kamar sorangan. Piraku barangteundeun di mana wae sokna, da lain bolon. Jeung deuih, baju Si Uning mah moal aralus kitu, da manehna mah teu resepeun dangdan gigindingan."
"Harita Si Akang henteu terus ngagelendeng?" Sarah keukeuh nalengteng.
"Henteu. Jeung barina oge tara tepi ka kitu Si Akang mah. Bet iraha teuing Si Akang ngagelendeng. Paling oge semet mapagahan, bari jeung ku anu ngadengekeunana teu ngarasa yen keur dipapagahan."
"Perhatian, perhatian! Waktu untuk berkunjung sudah habis. Waktu untuk berkunjung sudah habis," ceuk patugas jaga ti lebah lawang.
Sarah ngareret erloji. Enya wae geus tabuh lima geuning. Anu baresuk tingkolesed, najan sono keneh ge, da jatah waktuna geus beak.
"Nyarita naon deui Si Akang dina impian teh?" omong Sarah; manehna mah tacan pipilueun nangtung kawas nu sejen.
"Geuning mani bangun panasaran. Percaya kana ngimpi ayeuna mah Sarah teh?" omong Panji bari nyerengeh-ti dituna mah malikkeun.
"Ih, nya hayang nyaho we atuh."
"Perhatian, perhatian! Waktu untuk berkunjung sudah habis!"
"Ih, naha tentara-tentara bet cerewed ...."
"Sssttt ...! Bisi kadengeeun, kade!" Panji ngahuit alon.
"Bae we, moal ngartieun ieuh."
"Geuraheun teuing, da tentara anu eta mah urang Kawali; Sersan Dodi."
"Perhatian, perhatian ...."
"Panji, hayu atuh!" omong Sarah, bari jung nangtung. Anu sejen mah geus tingkolesed, karek ku sakali perhatian ge. Jadi, anu pangpandeurina incah teh Sarah. Anu matak, perhatian anu bieu mah hususon ditujulkeun ka dirina. Heueuh, da ngan kari manehna wungkul atuh.
"Enya," walon Panji pondok, bari sarua jung deuih nangtung. Manehna neuteup langgeorna Sarah ka lebah lawang, ngaliwatan patugas jaga anu masih keneh ngajengjen dina sikep sampurna-kumaha ilaharna soldadu. Tapi, barang Sarah ngaliwat ka hareupeunana mah, panonna mendeleng heula- nyao kana pinareup, nyao kana imbit.
***