Sabtu, 18 Desember 2010

Purnama Alam (bag19)

6. Duka Gusti naon margi, Purnama Alam nanganan, ka putri Gusti sayaktos, kalayan saparantosna, Purnama Alam ngejat, teu kabujeng ku nu tugur ditangkepna Sang Purnama
7. Kangjeng Gusti Sri Narpati, ngadangu mantri unjukan, Putri nyorang baya gede, kalintang bae kagetna, dumugi kapoekan, lungsur lumpat ti kadatun.
8. Patih mantri lumpat ngiring, bade ngalayad nu bahya, teras ka kaputren bae, barang geus sumping pertela, katingali ku Raja, sidik putri nandang ngangluh, dipangkon ku emban-emban.
9. Hanteu pisan eling-eling, ngajehjer cara nu capat, ngalehleh digulang gaper, ngan ukur bae napasan, Raja sareng Meswara, ngarangkul ka nu teu emut, jeung bari nangis sasambat.
10. Deudeuh teuing anak aing, Kaswati bet nyorang bahya, si Purnama tayoh gelo, bet wani-wani ngaruksak, ka anu saenyana, arek mituhu sumujud, manutan dunya aherat.
11. Duh aduh Nyai nu geulis, kawas lain terah ama, meunang cocobaning goreng, cing Nyai geura kaemutan, ieu ibu jeung ama, ulah dirubung ku bingung, digunturan kasukeran.
12. Bisi ama nindih pati, balangsak ruksak raraga, jalan leber juwet hate, mikiran Nyai sorangan, ku teu aya anggeusna, ngandung ngungun gering nangtung, mehmeh ama tilar dunya.
13. Jeng Gusti Sang Sri Narpati, sareng rai Prameswara, nangis hanteu kendat bae, bawaning teresna manah, dumugi sambat-sambat. Putri anu digugulung, ku Ratu jeung Prameswara.
14. Sadayana kitu deui, para kapala Ambarak, sami kempel di kaputren, sarta pada nandang reuwas, sumawon pragarwana, narangis pating salegruk, sawareh anu midangdam.
15. Nangisan Sang Raja Putri, salempang bok teras wapat, tina ningal Putri lungse, teu aya emutanana, ditawa dilandongan, dibalur bok remuk balung, bura bisi pegat urat.
16. Sawareh nu niup cepil, sawareh anu meuseulan, jeung cuhcoh pada ngajampe, tapi jongjon hanteu waras, taya elinganana, sadayana bati ewuh, ku tina tumbal teu mental.
17. Sri Maha Ratu teu lami, ngadawuh ka Arya Patya, berengos soanten gewong, pusing ningal Putri baya, Sang Ratu ngandikana, dumugi ngagisik rambut, eh jayi Arya Patya.
18. Kakang geus nepi ka jangji, raga nandang pancabaya, tumere pati kasered, ku pati anak sorangan, ku sabab pikir kakang, mun Kaswati pondok umur, kakang tangtu nyorang ajal.
19. Najan kakang nganarpati, ngaraton nagri Ambarak, moal tigin sirna hate, ku lantaran paeh anak, asal kieu petana, dilebur ku anak batur, kakang banget hanteu suka.
20. Tina sabab eta misti, ayeuna Purnama Alam, kudu geuwat-geuwat bae, ku Arya Patih hukuman, sakumaha biasa, tetesan ku banyu tenung, sina jadi batu arca.
21. Selehkeun ka Sang Ratu jin, nagari Tolongtelengan, sina dijieun papaes, di guha karang panyiksaan, kamar si Pajarangan, ngarah jadi parab racun, pek ayeuna geuwat-geuwat.
22. Arya Kumba Aringaring, saenggeus nampi dawuhan, nyembah nyumanggakeun bae, sarta hanteu lami jengkar, ti karang kaputrian, pangbuian nu dijugjug, ka Raja Putra Purnama.
23. Purnama Alam kawarti, dina jero kamar-gelap, ngalinjing taya kaseber, sartana geus nekad manah, anggur nyorang nya wapat, jeung tinimbang kana purun, nikah ka putri Ambarak.
24. Lami-lami tambah lali, kaya tata owah manah, sasauran lir nu mabok, nangtang ka wadya Ambarak, mumundut kana wapat, bari ngagedoran pintu, Pangeran Purnama Alam.
25. Leungit titisan Narpati, ilang terahing kusumah, bawaning ageng wawanen, bubar ilang pangawasa, ari nu jadi sabab, pang kitu jalan kasiku, nilar nurasjati tea.
26. Kapan subayana tadi, Sang Resi Muhamdad Kurbah, ka Raja putra papagon, jimat nurasjati tea, agem sapapaosna, samenit ulah dikantun, bok bilih nyorang cocoba.
27. Kadua perkara deui, wasiat Sang Resi Kurbah, dikedahkeun purun bae, nikah ka putri Ambarak, ulah rek teu keresan, nya ayeuna enggeus timbul, bahyana Raja Pinutra.
28. Gancangna anu digurit, teu lami Aria Patya, lebet kana bui bae, barang bray panto dibuka, kasondong Rajaputra, eukeur ngagedoran pintu, jeung ngocomang sasauran.
29. Ngalirik ka Arya Patih, Pangeran Purnama Alam, nunjuk leber ka wawanen, ngandika aeh Si Kumba, terah bangsa raseksa, lampah murka juru hasud, cing aing geura tigasan/
30. Sanajan aing teu mati, dihirupan dipiara, moal kana sadrah hate, kawin ka anak siluman, terah Putiasuka, bibit jurig juru tenung, Si Kaswati kasetanan.
31. Rajaputra hanteu lami, saparantos sasauran, ka Arya Patih ngarontok, jeung bari nibankeun tangan, ka raray Arya Patya, nu kiwa ngajenggut rambut, Patih Kumba teu ngalawan.
32. Anggur gumujeng ngagikgik, sarta bari sasauran, ulah sok ngunghak ka kolot, aing ngaran Arya Kumba, senapati Ambarak, anu mashur juru pupuh, lain pedha bapa sia.
33. Pinutra ngalahir deui, cing atuh ari enya mah, senapatining palugon, aing teh geur paehan, da aing hanteu kemba, maksud lebur jadi lebu, taya geusan panasaran.
34. Hiji sia wani-wani, baha ka nu jadi raja, Sri Maha Ambarak Katong, ari kadua perkara, sia enggeus ngaruksak, nganiaya putri Ratu, Siti Kaswati nonoman. ***
 
Sinom
 
1. Pangeran Purnama Alam, nguping saur Arya Patih, yen bakal meunang hukuman, gumuyu bari ngalahir, lah sukur Arya Patih, kami meunang hukum gantung, pangadilan Ambarak, ngan pamenta diri kami, geuwat-geuwat ulah rek dilila-lila.
2. Malar kami gancang pegat, nyingkir ti ririwit lahir, kaluar ti lara dunya, ayeuna geura pek kami, ku maneh hukum pati, naon bae sapamaksud, ditojos jeung dipedang, kami sadrah lahir batin, hanteu lami Aria Patih Ambarak.
3. Muka cupu wadah jimat, banyu tenung nu sayakti, sarta barina ngandika, coba tadah jimat aing, banyu saktining leuwih, sia tangtu ganti patut, teu lami Arya Patya, eta jimat banyu sakti, diulaskeun kana taar Sang Pinutra.
4. Kersa Allah hanteu gagal, barang diulas teu lami, Pangeran Purnama Alam, bet ujug-ujug ngajadi, taya napas teu usik, salira teuas lir batu, sihoreng jadi arca, wisayana banaspati, Arya Kumba gumujeng bari ngandika.
5. Nyaho ku sia karasa, eta panghukuman aing, lalanang nagri Ambarak, bongan sia bedang ati, teu nurut ka Bopati, embung dijieun minantu, ayeuna jadi arca, moal jadi jelema deui, sabab moal aya nu bisa nambaan.
6. Teu lami ku Arya Patya, arca dicandak ti bui, dibuntel ku boeh kasar, bade dianggo babakti, ka Sri Maha Ratu jin, nagara bumi pingpitu, keur parab ingonanna, werejit nu leuwih matih, dina kamar Pajarangan panyiksaan.
7. Jeung gedena eta guha, ditaksir sapos pasagi, kagungan Ratu jin tea, dituguran ku para jin, sakur bangsa dedemit, siluman bumi pingpitu, jeung aya kapalana, tukang ngatur nu karemit. Baraspati cicingna di lawang guha.
8. Minangka juru kuncina, jangkung gede gagah sakti, kawantu-wantu kajinan, kapercayaan Sang Aji, ngajaga guha candi, purah nampa beunang nenung, eta kitu damelna, Ki Mas Mantri Baraspati, geus kamashur gegedug penjaga guha.
9. Guha teu kira santosa, rangkep waja sakuriling, tur aya di sapatala, estuning leuwih mustahil, mun aya nu wani, atawana bisa asup, mungguh bangsa manusa, sanajan kasebut sakti, da sare'at kitu peetaanana.
10. Gancangna Aria Kumba, kana lawang guha sumping, manggul arca Sang Purnama, dibikeun ka Baraspati, sarta bari ngalahir, ieu jasad rai ngintun, arca Purnama Alam, anak Sang Pramayon Aji, anu baha ka Gusti Maha Ambarak.
11. Kedah tutup dina guha, di jero kamar werejit, ngaran Jurungpajarangan, ku Baraspati ditampi, tapi bari ngalahir, kang raka teu acan wantun, ngalebetkeun ka guha, ari margina kang rai, kedah neda idin Jeng Ratu Tolengan.
12. Patih Kumba ngawalonan, teu kedah neda paidin, ka Gusti Tolengtelengan, margina jasad kang rai, parantos nampi lahir, ti keresa Kangjeng Ratu, nagri Tolongtelengan, idin sakarep kang rai hal ngasupkeun ka guha karang panyiksan.
13. Baraspati ngawalonan, ka Raden Aria Patih, nya kitu mah mangga, gancangna anu digurit, tuluy ku Baraspati, gebrus Purnama ditutup, di kamar Pajarangan, nu ngajaga hiji mantri, ngaran Ginggi kuncen kamar Pajarangan.
14. Arya Kumba teras mulang, ka Ambarak enggeus sumping, ngadeuheus ka Kangjeng Raja, sarta kasondong ku Patih, masih keur nararangis, sabab Putri tacan emut. Ratu lajeng mariksa, ka Raden Aria Patih, sarta langkung sumiak paromanana.
15. Eh yayi Aria Patya, kumaha enggeus ngajadi, Si Purnama ditenungna, ngawangsul Aria Patih, perkawis putra Gusti, parantos pisan ditutup, di Jurung-pajarangan, kalayan disalin rupi, jadi arca papaes karang panyiksan.
16. Ngalahir salirana, daging kulit henteu busik, tulang urat hanteu ruksak, langkung heran Arya Patih, naha naon nu nyeri, nu jadi marga teu emut, da puguh taya tapak, urut pameupeuh panggitik, tapi parna hanteu beunang dilandongan.
17. Tungtungna mah Arya Patya, bawaning ku sumpeg galih, naon pilandongeunana, ana ras kereteg galih, sugan-suganna jadi, tuturan adat karuhun, teras ku Arya Patya, dilengkahan tujuh kali, saenggeusna ngadadak Putri teh waras.
19. Barang Sang Kaswati gugah Sang Ratu sareng Meswari piligentos ngarangkulan, ka anu kakara eling, putri Sri Kaswati, dipangkon dipunggu-punggu, nya kitu sadayana, bangsa pragarwa priyayi, bari nyebat dunungan aing geus damang.
20. Hulu balang tingkalayang, mantri-mantri tingrarigig, satengah jeung kapohoan, leungit pertiti pamilih, bawaning bingah galih, sami pada turun kaul, Siti Kaswati waras, pranyai sami menyanyi, emban-emban pada tinghaleuang tetembangan.