Magatru
1. Kangjeng Ratu ka mantri jeung jaga satru, ngalahir berengos pusing, dina poe isuk kudu, embarkeun ka abdi-abdi nakol bende mere nyaho.
2. Saha-saha jalma anu kumawantun, ponggawa atawa lain, ngampihan Kania tangtu, dibere hukuman aing, dibuang atawa potong.
3. Sadayana para mantri jaga satru, nyumanggakeun ka Jeng Gusti, gancangna anu dicatur, hanteu lami Ratu mulih, ti kaputran ka karaton.
4. Tunda Ratu Dewi Kania kacatur, saenggeus lungsur ti bumi, nangis hanteu suwung-suwung, manahna ka mana nyingkir, nyumputan Maha Narpatos.
5. Angkat alon ngaliwat ka alun-alun, nuju hujan rincik-rincik bulan tanggal tujuh likur, atuh poek buta rajin, mehmehan tidadalagor.
6. Taya jalma terang ka Sang Putri Wiku, wantu-wantu enggeus peuting, gancangna anu dicatur, geus ka luar ti jero nagri, jalan anu nuju ka kulon.
7. Turug-turug sasab jalan wantu linglung, kana jalan nyukang pasir, rondaan ka saban gunung, nu dianggo ku Sang Dewi, unggah turun langkung repot.
8. Sawewengi ngeureuyeuh tur angkat laun, teu pisan liren sakali, harita geus isuk-isuk, sarta geus jauh ti nagri, kira lalakon tilu pos.
9. Beuki jauh Dewi Kania lumaku, angkat henteu jeung pamilih, teu puguh anu dijugjug, mapay lebak mipir pasir, norobos ka leuweung ganggong.
10. Bari nangis sasambat teu suwung-suwung, ka Raja putra nu leungit, duh aduh Pangeran Sunu, naha bet gamparan lali, ka diri abdi pribados.
11. Naon dosa abdi teh margi dikantun, ditilar sina ririwit, sina linglung ku kabingung, paeh asal juwet ati, gamparan bet abong-abong,.
12. Atuh abdi katempuhan ku ‘Jeng Ratu', ditundung ti jero nagri, disebat wirasat kusut, sisit sok narik balai, nyangarkeun kana karaton.
13. Amung abdi moal pisan buntu laku, babakti satia ati, pikir sumujud satuhu, ti lahir dumugi batin, ka lenggah gamparan yaktos.
14. Pikir abdi kajeun dugi seep umur, tinimbang teu tepang deui, najan abdi panjang umur, ririwit moal walagri, terkadang owah pangraos.
15. Eta kitu sasambatna putri wiku, sarta hanteu eureun nangis, dumugi ka luhur gunung, katelah gunung Sarinding, kana madhab papat plungplong.
16. Kira-kira putri geus aya saminggu, ti barang jengkar ti nagri, hanteu pisan mendak sangu, tapi teu jadi salatri, tina kebek ku prihatos.
17. Ditekadkeun kana tatapa tapakur, sumeuseuh nyipuh jasmani, ngalebur rarambu kalbu, pasangaran sanubari, nu narik geusan prihatos.
18. Ladjeng bae liren dina luhur gunung, calikna handapeun kai, iuh wantu ngarunggunuk, ngaran kai Ragawati, Putri linggih mayun ngulon.
19. Waktu eta lohor kira pukul satu, panas poe mentrang-mentring, lenglang teu aya halimun, kaler-kidul katingali, ngemplong ka weran ka kulon.
20. Nyai Dewi ngiuhan handapeun kayu, calik wantu bararesih, jukur kakawatan wungkul, angin leler ngahiliwir, mepes manah nu prihatos.
21. Tatapina hanteu pisan surud-surud, murubut cisoca bijil, teu katadah ku panyusut, ampir teu yasa ningali, kana sugrining kakayon.
22. Ngan bedana kasurung ku terah wiku, dijaring ku puji dikir, malar suker jadi sukur, narima papasten diri, pasihan Gusti Yang Manon. ***
Dangdanggula
1. Nyai Dewi di gunung Sarinding, lami pisan ngalangeu damelna, waspada ka wetan-kulon, ka kaler jeung ka kidul, warna-warna nu katingali, nu tumuwuh di dinya, matak kelar kalbu, sarta sakur sato aya, semu sami ngiring prihatin ka putri, cara tata manusa.
2. Kaak kerak merak lir careurik, heulang julang kalong ngalanglangan, geuri-geuri tinggarero, maung bati ngahiung, kuwiwi mah bati ngawiwiw, sagala ngiring lara, ka Sang Putri Wiku, jeung pada bijil alpukah, sato-sato berhala gunung Sarinding, bumela ka nu lara.
3. Nyai Dewi nyaur lebet galih, na ka mana aing geusan lunta, pikeun ngalayakeun hate, kana jalan tinemu, jeung kasirnan rasaning diri, pukah reujeung kasusah, tapi aing linglung, taya jalan baris leumpang, sakuriling luwang-liwung leuweung rumbit, huma ge hanteu aya.
4. Tapi aing hade nindih pati, kabalangsak rukak nyaksrak alas, neangan Pangeran Anom, sugan bae dikabul, ku kersana Yang Maha Suci, lantaran leuleuweungan, tepang jeung Sang Sunu, tapi aing memeh lunta, rek tapakur nyeuseuh rereged nya diri, ngumbah pamurka rasa.
5. Teu kacatur lamina Sang Dewi, mujasmedi ka Yang Maha Sukma, tigin bawaning ku antek, makbul anu dimaksud, katurunan wahyuning Dewi, soara tan katingal, ka Nyi Putri Wiku, eh Nyai Dewi Kania Montong jadi ririwit nyungkelit ati, ku dumeh kitu kadar.
6. Ayeuna mah pilampaheun Nyai, ulah pisan arek salah lunta, ti dieu teh kudu ngulon, sarta engke di payun, lamun diri Nyai geus nepi, ka hiji pagunungan, anu enggeus mashur, gunung Binarum ngaranna, di puncakna aya hiji masjid leutik, kudu eureun di dinya.
7. Balukarna ku Nyai pinasti, kana manggih terbuka waluya, jalanan pukah prihatos, ayeuna buru-buru, didoakeun masing walagri, salamet sajajalan, sarta makbul maksud, barang Sang Dewi Kania, ngadangukeun sarta pertela panglahir, kaget lebeting manah.
8. Rurut-reret neangan nu bukti, sora naon jalma naha setan, mituduh ngomong nongtoreng, jalanan rahaju, tapi kula rada hamham, tina marga teu puguh nu boga lahir, sabab mohal Allah mah.
9. Mugi aya raraga nu bukti, supayana kula jadi terang, di sipat andika yaktos, barang Putri geus nyaur, eta sora gorowok deui, pokna eh Nyi Kania, montong aya maksud, hayang nyaho di jirimna, sabab ieu tangkal kai Ragawati, anu boga soara.
10. Nyai Dewi pok deui ngalahir, aeh-aeh kula nembe mendak, aya kai bisa ngomong, na kai naon atuh, anu matak bisa wawarti, lir lain samanea, bangsa kayu-kayu, ciciptan asal manusa, Ragawati saenggeus Putri ngalahir, terus deui nyarita.
11. Ih Kania lamun hanteu harti, Ragawati kayu ciciptaan, tetes raraga Narpatos, ngan Nyai hanteu kudu, tetes terang ka Ragawati, engke ge ka hareupna, ku Nyai kamaphum, tina sabab tangtu pisan, dina ahir kabukti sarta kapanggih, pasal ieu perkara.
12. Ngan ayeuna Nyai gasik-gasik, jugjug gunung Binarum ulah lat, wayahna sanajan cape, barang Nyi Putri Wiku, nampi saur ti Ragawati, ngahuleng sajongjongan, hanteu pisan nyaur, tina kaanehanana, bakal aya balukarna eta kai, sabab kitu basana.
13. Nyai Dewi nyaur lebet galih, hayang nyaho arek dilampahan, sugan-sugan enya bae, tuduh geusan rahayu, najan kai ari peryogi, beda tina adatna, ti sakabeh kayu, bisa ngomong cara jalma, matak naon diturut sarta dipusti, saparentahanana.
14. Hanteu lami Sang Putri Pramanik, kana Ragawati seug pamitan, sarta basana ayeuna, ka gunung Binarum, nyuhunkeun pandunga ama, mugi-mugi ayeuna wilujeng walagri diri, laksana nya paneda.
15. Walon kai nya geura los Nyai, didungakeun ku ama ayeuna, salamet makbul kahoyong, teu lami Putri Wiku, saparantos anjeunna pamit, ti dinya lajeng jengkar, kulon nu dijugjug, ti gunung Sarinding tea, lalampahan norobos di leuweung rumbit, ku sabab taya jalan.
16. Kira-kira geus aya sasasih, Putri Wiku angkat leuleuweungan, sartana nyalira bae, nyaur jeroning kalbu, aeh bet jauh geuning, sakieu geus lilana, tacan keneh cunduk, reujeung anu mana tea, nu katelah gunung Binarum masigit, palangsiang kaliwat.
17. Nyaur kitu barina ningali, cepet ngulon Sang Dewi Kania, bari ngadeg sarta liren, di puncak hiji gunung, hanteu lami waspada Putri, remeng-remeng katingal, tina sabab jauh, wantu rada halimunan, aya gunung luhur sartana bulistir, siga taya kaian.
18. Di puncakna sidik katingali, lenggang-lenggang kawas situhiang, jeung aya cahaya obor, ngagebur kaya layung, sarta aya bandera putih, Sang Putri sasauran, dina jero kalbu, euleuh-euleuh boa eta, ngaran gunung Binarum pituduh kai, rek dijugjug ayeuna.
19. Sanggeus nyaur Sang Putri Pramanik, lajeng deui angkat rek ka dinya, barina semi atoh, gancangna nu dicatur, Putri Resi ka dinya sumping, nanjak kana puncakna, teu aya karipuh, cara angkat di nu datar, barang gok teh kana puncak gunung sidik, masigit leutik aya.
20. Langkung kaget manahna Sang Putri, ningal masjid teu ira endahna, lain ti asal kakayon, tihangna perak wungkul, tatapakan kabeh ku angkik, jeung bilikna suasa, kenteng gedah wungu, pepentul pataka emas, jeung ditabur ku sosoca tingkaretip, mutiara berlian.