Sabtu, 18 Desember 2010

Purnama Alam (bag 18)

Pangkur

1. Pangeran Purnama Alam, tina langkung pusing satengah lali, ngageubigkeun nu ngarangkul, ku panangan nu kiwa, Agan Siti Kaswati keuna kababuk, lebah pinareupna pisan, Kaswati nyuuh teu eling.
2. Nangkuban teu iasa gugah, Radjaputra ti kamar henteu lami, gancang ngejat bae terus, mantri-mantri sadaya, pada kaget ningal Sang Kaswati nyuuh, maruru ka jero kamar, Pinutra henteu katolih.
3. Pangeran Purnama Alam, ti kaputran geus bijil lumpat tarik, sarta rumenghap rumanjug, bari bibirigidigan, jeung manahna mangpaung kaya ngalindur, tapi barang geus ka luar, Sang Raja Pinutra eling.
4. Ngaos ta’ud jeung istigpar, lami-lami sieun gentos ku pusing, manah nekad miceun umur, nigas Putiasukma, males hukum dumeh diboyong direbut, Pangeran Purnama Alam, jumengkar ka srimanganti.
5. Sri Maha Putiasukma, waktu eta nuju linggih di puri, Prameswari henteu kantun, sarta Aria Patya, mantri-mantri jeung kaliwon jaga satru, ngaberes ngadareuheusan, payuneun Sang Sri Narpati.
6. Sang Ratu lajeng ngandika, adi Patih Ki Kumba Aringaring, kakang ayeuna nu estu, pikiran leuwih senang, henteu aya ati rempan jeung mangpaung, ku sabab Purnama Alam, ayeuna enggeus kacangking.
7. Ngan kari nikahkeunana, Ki Purnama ka Nyi Siti Kaswati, paksa sanajan teu purun, reujeung kahayang kakang, Patih kudu indit deui poe isuk, ka dayeuh nagri Riskomar, deuheusan raka Narpati.
8. Bisi manahna baluas, sumangkana Purnama Alam leungit, dibawa ku nu teu puguh, teu nyanaeun di urang, Arya Patya nyembah sartana ngawangsul, ka Jeng Gusti Sri Narpatya, kaulanun dawuh Gusti.
9. Abdi Gusti sayaktosna, taya sanes ngajeng siang jeung wengi, dawuhan Gusti nu estu, marga bubuhanana, abdi Gusti tumut dibawah pangdawuh, mung maksad unjuk uninga, supados jadi tingali.
10. Marga putra Sang Purnama, di dituna parantos gaduh rabi, rupina geulis kalangkung, abdi Gusti nembean, ningal anu geulis sarupaning kitu, wangkid ayeuna di dunya, semi rugel nyiar tanding.
11. Duka Gusti urang mana, amung kewes putri terah Narpati, katingal cahyana mancur, margi eta kantenan, putra Gusti Purnama Alam ka payun, tangtos pisan kana baha, kana pangeresa Gusti.
12. Najan putra Sang Purnama, kenging oge dipaksa ku Jeng Gusti, semi moal jadi runtut, saparantos nikahna, Sang Purnama ka putri Gusti nu estu, samalah tadi sanggemna, Purnama ka abdi Gusti.
13. Tinimbang kenging dipaksa, ka Kaswati mending nemahan pati, di Ambarak miceun umur, eta kitu sanggemna, Purnama ka abdi Gusti nu estu, mung eta sadaya-daya, pigaliheun kersa Gusti.
14. Barang ngadangu Sri Nata, piunjukna Raden Aria Patih, sakedap teu pisan nyaur, tina langkung kaewedan, inggis putra teu jadi tumulus lulus, kana ditikahkeunana, welas ka Siti Kaswati.
15. Upama henteu laksana, ka Purnama Kaswati tangtu mati, najan hirup tangtu pulung, tina leuwih kaedanan, eta kitu manahna Sri Maha Ratu, sarta teu lami ngandika, ka Raden Aria Patih.
16. Ih kitu mah nya paingan, Ki Purnama jangjina lanca-linci, ka pangangken kakang estu, ari geus bojoan mah, ngan bet naha Ratu Riskomar ku kitu, wani-wani lampah cidra, kana subaya nu tadi.
17. Kapan Purnama geus boga, papacangan ka Nyi Siti Kaswati, pangreremo ti lelembut, ahir-ahir ayeuna, Sang Pramayon kawas lain tata ratu, kurang wiwaha peryoga, kena-kena nganarpati.
18. Nganyenyeri mere lara, kawas lain ka bangsa Sri Narpati, sami cukup bataliun, pada jembar kawasa, tukang ngambah danalaga jaya pupuh, tatapina ayeuna mah, pikir kakang kajeun teuing.
19. Da anakna geus karawat, moal burung nikahna ka Kaswati, dipaksa najan teu purun, ngan ayeuna Ki Arya, indit deui ka Riskomar buru-buru nyokot bojo Ki Purnama, paehan bae ku Patih.
20. Sabab eta anu asal, ngaburungkeun kahayangna Kaswati, ngarebut bebene batur, nya nepi ka kieuna, cunduk soteh jalan dibokong direbut, Arya Patih ngawangsulan, nyumanggakeun ka Jeng Gusti.
21. Gancangna ieu carita, barang eukeur Kangjeng Ratu wawarti, Purnama Alam kacatur, bawaning kaleberan, medal hawa pusing dugi henteu emut, ilang pertata kusumah, leungit pertiti sajati.
22. Mawur warti sasar manah, sambat-sambat mundut rek nadah pati, bari nuju ka kadatun, Sang Pangeran Pinutra, barang sumping ngadeg payuneun Jeng Ratu, nunjuk sartana ngandika, ka Sang Putiasukmaji.
23. Eh Prabu Putiasukma, naon sabab wet kumawani maling, diri kami anu estu, ngabokong lampah curang, kawas lain tedak nu jadi pangagung, nulad bibit duruwiksa, nyangking titi banaspati.
24. Maksa ka jalma teu suka, direremo ka anak maneh putri, awewe pangadeg kitu, lukak kaya galadag, kitu deui najan kami anu estu, ku maneh arek dipaksa, dikawinkeun ka Kaswati.
25. Anggur kami miceun nyawa, ucul diri nekanan baya pati, ajur lebur jadi lebu, tinimbang kana beunang, dikawinkeun ka awewe rupa kitu, adat kaya duruwiksa, kami henteu sudi teuing.
26. Sri Maha Putiasukma, sareng Patih Ki Kumba Aringaring, kagetna kaliwat langkung, yen ningal ka Sang Putra, sajongjongan hookeun teu iasa nyaur, ngan wungkul patingal-tingal, sareng Raden Arya Patih.
27. Pangeran Purnama Alam teras bae bawaning langkung pusing, newak panangan Sang Ratu, sarta ngulungkeun tangan, ngan tangginas Arya Patih Kumba muru, nyekel ka Purnama Alam, jeung didengkek langkung tarik.
28. Direjengan ku sadaya, para mantri nu jaga pancaniti, Purnama Alam dihurup, pada mararuntangan, pananganna sawareh sampean rambut, pinutra teu iasa obah, nyuuh payuneun Jeng Gusti.
29. Tapi teu weleh sasambat, eh Sukmaji geus iklas diri kami, geura tigas masing lampus, montong dilila-lila, bisi kami kaburu deui patepung, reujeung anak maneh tea, si Kaswati banaspati.
30. Sri Maha Putiasukma, langkung gugup nyentak ka Raden Patih, hayoh geuwat-geuwat ringkus, sing pageuh bisi leupas, sarta kudu dina kamar gelap tutup, gancang ku Aria Patya, Pinutra dirante beusi.
31. Digotong ku sadayana, Sang Pinutra ku sadaya pramantri, ti payun gedong kadatun, ka jero kamar gelap, nu nuguran para mantri.
32. Sri Maha Ratu Ambarak, pok ngandika ka Raden Arya Patih, gogodeg ngusap harigu, lah meh bae cilaka, si Purnama datang ka wanieun kitu, conggah kana ngabinasa, ka anu jadi Narpati.
33. Dipaling soteh manehna, lain pisan rek niat nganyenyeri, estu rek dipulung mantu, gadangan jadi Raja, di Ambarak dipusti diugung-ugung, bet ahir cara babasan, nu asih dipulang sengit.
34. Tatapina ayeuna mah, Ki Purnama misti ku Arya Patih, dina jero bui tutup, ulah meunang kaluar, itung-itung disiksa jalan teu nurut, suganna datang pikiran, sabar sadrah serah diri.
35. Sarta ulah kendat-kendat, dina bui tuguran beurang-peuting, ku para wadya balad soldadu, bisi Purnama Alam, ngencar tega kana geusan miceun umur, bukti dina sasambatna, rupa teu samar teu gimir.

Asmarandana

1. Kangjeng Gusti Sri Narpati, saparantos ngadawuhan, teras dijalankeun bae, ku Aria Patih Kumba, sakumaha timbalan, yen para wadya soldadu, nuguran di pangbuian.
2. Kersana Sang Sri Narpati, ka Sang Pangeran Purnama, najan saumurna oge, bet moal sina kaluar, lamun henteu sumadrah, tumut sumujud satuhu, kana pangersa anjeunna.
3. Gancangna anu digurit, sabada Ratu nimbalan, jeung masih gempungan keneh, sugri anu ngadeuheusan, hanteu lami jol dongkap, mantri ka payuneun Ratu, sarta runghap-renghap reuwas.
4. Mariksa Maha Narpati, ka Ki Mantri Cakrabaya, maneh rek piunjuk naon, jeung semu manggih kareuwas, Mantri nyembah unjukan, sumuhun dawuh Sang Ulun, supados jadi uninga.
5. Perkawis Sang Ajeng Putri, nyorang kana pancabaya, di gedong karang kaputren, diresak ku Sang Purnama, ditibanan panangan, ayeuna teu emut-emut, lungse teu daya-upaya.