23. Tina ku margina eta, upami rempag Jeng Gusti, putra Sang Purnama Alam, ayeuna ku abdi Gusti, seja bade dipaling, margi emutan nu estu, saupami engkena, geus kenging Purnama mugi, kedah pisan ku kersa Gusti pariksa.
24. Sukana henteu sukana, Purnama ka putra Gusti, kana enggal-enggal nikah, upami wangsulna nampik, teu purun nikah gasik, tempo sakumaha alur, ku kersa Gusti muga, Purnama hukuman pati, tina margi ngewuhkeun sapapaosna.
25. Amung upama Purnama, tumut ka pangersa Gusti, tumeras tikahkeun enggal, tong bade dilami-lami, hawatos abdi Gusti, ninggal sareng langkung paur, bok bilih teterasan, baluas Agan Kaswati, lami-lami terkadang teu damang payah.
26. Sri Maha Ratu ngandika, ka eta Aria Patih, ari mungguhing mah ngan sambung rujuk, sartana ngadudu’a. salamet sartana hasil, ngan iraha pimaksudeun Patih iang.
27. Raden Patih ngawangsulan, manawi idin Jeng Gusti, abdi Gusti pamaksadan, pimioseun dinten enjing, Ratu ngalahir deui, poe isuk oge rempug, didu’akeun sing beunang, Purnama Alam kajingjing, sarta muga rahayu nandang waluya.
28. Saparantos ditimbalan, teu lami Aria Patih, ka Ratu teras pamitan, gancangna anu digurit, Patih geus nampi idin, nyembah wangsul ti kadatun, teras ka kapatihan, kacaturkeun enggeus sumping, Aria Patih ka paseban kapatihan.
29. Pertata damel biasa, ngerjakeun eusi nagari, gancangna nu dicarita, kacatur isukna deui, Raden Aria Patih, gugah kira pukul tujuh, jeung teras dangdan-dangdan, nganggo nyikep bapa maling, wantu-wantu watek sakti gagah rosa.
30. Iasa ngambah ngawang-ngawang, lir tedak siluman iblis, kocapkeun saparantosna, dangdosan langkung utami, lajeng lungsur ti bumi, ngadeg di buruan payun, taya jalma nu ningal, ka Raden Aria Patih, dedel bumi biur ngambah jumantara.
31. Lir kilat bawaning gancang, Patih Kumba Aringaring, ngapak kana mega-malang, lalampahan tujuh peuting, ti Ambarak nagari, ku nu leumpang mun diitung, ka nagara Riskomar, ari ku Aria Patih, hanteu leuwih tujuh jam lat di jalanna.
32. Geus ngungkulan ka Riskomar, Patih Kumba Aringaring, aya dina mega bodas, ngarandeg bari ngalahir, dina lebeting galih, gagal aing lamun terus, ayeuna ka kaputran, tangtu aya anu manggih, tina sabab caang kawanti ti beurang.
33. Jeung kadua perkarana, sanajan aing ngaleungit, mapatkeun nya halimunan, kumaha lamun kapanggih, ku jalma nu mangarti, luhung pangajen panemu, waspada paningalna, aing lain sabab gimir, ngan tinangtu nandang wirang kanyahoan.
34. Ah aing moal ayeuna, engke bae peuting-peuting, nya asup ka jero kota, malar taya anu nyaring, ngan ayeuna mah aing, di dieu heula ngalantung, ngangin di mega-malang, bari ngadagoan burit, moal kesel ukur antara lima jam.
Pangkur
1. Gancangna ieu carita, tunda heula Ki Kumba Aringaring, Purnama Alam kacatur, sareng Dewi Kania, di kaputran duaan keur gunem catur, jeung dina waktu harita, geus pukul dalapan peuting.2. Purnama Alam ngandika, engkang naha wet tara ti sasari, nandang teu nangan lalesu, jeung hate sisiakan, palangsiang balukar kana kabingung, nyorang raga pancabaya nindih balahining diri.
3. Ngawangsul Dewi Kania, eh gamparan abdi ge sami-sami, nandang teu nangan lalesu, samalah ti mangkukna, amung abdi ka gamparan teu miunjuk, bok bilih jadi karentag, manah gamparan sayakti.
4. Purnama Alam ngandika, rasa engkang pasti moal sak deui, kana alamat pakewuh, tatapi Nyai muga, tong dipake leuleus lungse lumpuh lesu, nya kumaha bae kadar, tumande ka Maha Suci.
5. Kacatur Patih Ambarak, Arya Kumba ngalayang di wiati, hanteu dijugjug, geus sumping ka kebon kembang, anu di payuneun bumi.
6. Ngadeg sarta mayun ngiblat, geus ngawatek elmu dua perkawis, hiji sirep malar tunduh, kabeh urang Riskomar, kaduana ngaleungitkeun jirim alur, ngaran aji halimunan, bisi aya nu ningali.
7. Patih les ngilangkeun badan, saenggeusna terus Aria Patih, tina kebon kembang maju, kana latar kaputran, sarta gancang kana jero bumi asup, nyoreang ka pagulingan, Arya Kumba Aringaring.
8. Sang Putra jeung Sang Kania, tacan kulem masih keneh lalinggih, ka Arya Patih teu maphum, jongjon ngaraos kitab, Patih Kumba ngadeg payuneun Sang Sunu, sarta kaget lebet manah, ku ningali ka ngadeg payuneun Sang Sunu, sarta kaget lebet manah, ku ningali ka Sang Dewi.
9. Nyaur salebeting manah, ih paingan Purnama Alam nampik, embung nikah buru-buru, tempo taya tungtungna, ka Kaswati da boga bojo nu alus, geulis endah taya bangsa, leuwih-leuwih ti Kaswati.
10. Tapi ayeuna mah beunang, moal burung Ki Purnama kajingjing, dibuntel dibawa ngapung, najan teu sasarean, diulasan ku aing ku cai tenung, supaya taya dayana, moal geruh jerat-jerit.
11. Teu lami Aria Patya, terus muka jimatna cupumanik, nya eta wadah citenung, rek ngulasan Sang Putra, ngan hadena Pangeran putra keur nuju, ngagem jimat talirasa, atawa nurasajati.
12. Patih barang rek ngulasan, ka Saung Putra panangan Arya Patih, ngerepes ngulas teu tulus, karaos langkung panas, cara nyagap kana seuneu anu hurung, heran Arya Patih Kumba, tapi tuluy mindo deui.
13. Barang Patih ngaragamang, heab deui karasa ku Ki Patih, panasna kaliwat langkung, tatapi harita mah, anu panas lain pananganna wungkul, nerekab kana salira, dugi ngejat Arya Patih.
14. Ka luar ti pagulingan, cai tenung di jero cupumanik, uwar-awer beak ngucur, cambal dadak sakala, da kahebos ku jimat Pangeran Sunu, tapi Sang Raja Pinutra, teu ngaraos aya maling.
15 Ngan ngaraos sakalintang, samar polah sarta sumeblak galih, teras ka Sang Dewi nyaur, bari ngalaan jimat, ieu engkang mihape cekel enung, engkang rek nyelang kana bak, ku hareudang arek mandi.
16. Ditampi ku Sang Kania, Sang Pinutra ti dinya henteu lami, lungsur sarta nyandak anduk, nyalira taya rencang, wantu-wantu gandek katerapan tenung, sirep matak hees tibra, gempar taya anu nyaring.
17. Gancangna ieu carita, kacaturkeun Ki Kumba Aringaring, manahna kalangkung ewuh, tina kitu sababna, aya panas leuwih ti seuneu nu hurung, kumaha baris nyandakna, kitu manah Arya Patih.
18. Turug-turug katiwasan, cai tenung seep mawur teu kari, nyaur salebeting kalbu, atuh aing cilaka, Sang Purnama tinangtu moal kabantun, cara kieu mah petana, leuwih panas matak mati.
19. Tatapi reujeung tinimbang, teu kabawa Sang Purnama ku aing, mending aing nyorang lampus, kasurak di Riskomar, sabab lamun Purnama hanteu kabantun, tangtu meunang kabenduan, ti keresa Kangjeng Gusti.
20. Terkadang nyorang lepasan, disingkirkeun ti Ambarak nagari, barang keur ngamanah kitu, Patih ningal Sang Putra, rek ka luar tina kamar sarta lungsur, nyalira teu jeung garwana, Raden Patih teras singkil.
21. Bari nuturkeun Sang Putra, Sang Purnama barang kana bak sumping panganggo tacan dicucul, jol leng taya dayana, leuleus lir asiwung badis.
22. Ari nu jadi sababna, pangkaterap ku wisayana Patih, wireh Sang pinutra Sunu, pisah jeung jimat tea, lepat kana piwuruk Sang Maha Wiku, gancangna Aria Kumba, teu tata pasini deui.
23. Jol dirawu Sang Pinutra, sarta terus dipunggu henteu usik, belesat dibawa ngapung, sarta bari susumbar, hayoh susul saha jagona nu punjul, ponggawa nagri Riskomar, ieu aing bapa-maling.
24. Arya Patih Kumba kebat, geus ngalayang dina tengah wiati bawaning bungah bebeluk, Sang Pangeran Pinutra, sajajalan hanteu pisan emut-emut matih elmuna, sirepna Sang Aria Patih.