Terus terang, kaget pisan barang ngadenge eta beja teh. Ah, piraku asana teh! Ari indung kuring saha atuh? Kapan sidik, ti sabarang inget oge kuring teh cicing jeung Mimih. Jeung Apa. Jeung lanceuk limaan. Wuri-wuri bet ngadenge beja yen kuring mah lain anak Mimih. Anak saha atuh?
Asupna eta beja kana ceuli kuring teh estu teu dihaja. Jeung deuih kuring teu enya-enya apal, saha anu mimiti ngucah-ngacehna. Mun teu salah mah harita teh aya anu keur tingkecewis ngobrol. Teu, sumpahna ge teu ngahaja ngadedengekeun; ieu mah bet kabeneran wae kadenge ku ceuli sorangan. Bisa jadi anu keur tingkecewisna oge sama sakali taya niat mere beja ka kuring deuih. Jadi, sagala rupana estuning kabeneran; kabeneran aya nu tingkecewis, kabeneran ku kuring kadenge obrolanana.
Aya kana poena kuring sok rajeun mikiran eta beja. Tangtu wae ukur ngagunakeun jalan pikiran budak umur sawelas taunan. Dina pamustunganana kuring nanyakeun perkara eta ka Mimih.
"Ah, ceuk saha?" Mimih nyariosna rada tarik, padahal sasarina mah tara kitu. "Peupeujeuh ulah didenge mun aya nu nyarita kitu mah, Enji!"
Heup wae geus kitu mah. Kalimah anu kedal ti Mimih ku kuring disurahan yen kuring teh enya anak Mimih. Ah, ceuk saha? Kapan kitu kasauranana oge. Cindekna, eta beja anu asup kana ceuli kuring teh ku Mimih diangles pisan.
Ngan, sawatara poe ti harita, ieu ge proses ngadengena teh estuning kabeneran deui wae, Apa bendu ka Kang Parman. Ceuk kuring ge teu, teu niat ngadedengekeun, tapi kadenge! Apa nyentak ka Kang Parman patali jeung pertanyaan kuring ka Mimih tea. Inget keneh, kira-kira kieu kasauran Apa teh:
"Maneh nya, Parman, anu ngucah-ngaceh yen Si Enji lain anak Mimih teh?"
"Naon ari Apa? Bet tutudingan! Henteu, teu rumasa, sumpahna ge," tembal Kang Parman.
"Ah, siah! Make ngangles sagala! Sasarina ge maneh nu sok nyieun pucuk ti girang jeung Si Enji teh!" soanten Apa beuki tarik.
"Teu rumasa!" teu eleh tarik nembalanana. "Pek atuh tanya heula ku Apa langsung ka Si Enjina! Ke, urang teangan heula geura, ngarah puguh!" bangun ambek kacida.
"Meugeus wae, ari teu rumasa mah!"
Kuring terus ngahephep; sieun ku dua, ku tilu. Sieun Apa benduna beuki muncak; kuring geus apal inya, mun keur pohara benduna, Apa mah sok ngababukkeun kopel, teu ka saha, teu ka saha. Jaba deuih kuring teh sieun ku Kang Parman. Saha nu nyaho manehna nyangka ka kuring anu ngaliarkeun taleus ateulna. Geus moal ka saha deui meupeus keuyangna, mun lain ka kuring.
Untungna Apa teu kateterasan. Bisa jadi meureun dina anggapan anjeunna omongan Kang Parman beunang dicekel; yen lain manehna anu ngucah-ngaceh teh.
Ku ayana eta kajadian, kuring jadi ngahuleng deui. Mun kitu mah, atuh enya aing teh lain anak Mimih. Satadina ku kuring rek terus dipapaykeun deui, sangkan meunang katerangan anu jinek. Ngan ku sabab Apa sieun bendu deui, antukna kuring milih jempe.
Ayeuna, sanggeus umur likuran taun, kuring ngarasa heran kana sikep diri sorangan; naha dina mangsa harita, dina mangsa umur jauh tangeh ka sawawa, kuring geus bisa nyokot "putusan anu sakitu wijaksanana"; kuring milih jempe, teu hayang ngungkit-ngungkit pasualan pribadi. Ketang, ari cicing pisan mah henteu eta ogenan. Kuring sok rajeun neangan katerangan; tangtuna ge bari susulumputan; ngeunaan riwayat diri kuring nu saenyana. Katerangan sautak-saeutik teh terus dikumpulkeun, dirangkay jadi hiji leunjeuran carita, pikeun ngalengkepan galuring hirup kuring pribadi. Eta katerangan teh mimiti kaitung lengkep sanggeus kuring nincak dewasa.
Cenah, kuring mimiti dirorok ku Mimih teh ti oorok, nyaeta ti saprak indung kuring pepegatan jeung Apa. Masih ceuk cenah keneh, satadina kuring teh rek dicokot ku nini ti pihak Apa, ngan geus katulup moal kaurus, lantaran anjeunna geus sepuh pisan. Nya pamustunganana mah kuring dicandak ku Mimih, disaimahkeun jeung palaputra Apa lianna.
Kitu ceuk ujaring beja ti hiji sumber anu tacan sagemblengna bisa dipercaya, sabab dina lebah tatanyana kuring henteu togmol. Kitu deui batur, anu mere kateranganana, bangun anu ragu-ragu rek pokna.
Di imah, kuring teh budak pangleutikna, lantaran ti sanggeusna Kang Obing lahir, Mimih teu kagungan deui putra. Saenyana umur kuring jeung Kang Obing teh teu pati jauh gesehna; kira-kira lima taunan. Aya lima putra Apa teh, kagenepna kuring. Ka dieunakeun asup deui katerangan: lain genep, tapi tujuh. Tah, lanceuk anu hiji deui mah, lalaki, ti leuleutik teu kungsi pisan disaimahkeun jeung kuring sadudulur.
Ceu Cacih cikalna, anu ti sainget oge, ti mimiti kuring diurus ku Mimih, Si Euceu teh geus parawan. Cenah mah lahirna teh samemeh pemilihan umum kahiji, anu diiluan ku puluhan partey tea. Pangkat Apa ge masih keneh prajurit harita teh. Kang Parman lanceuk anu kadua. Ti dinya nema ka Ceu Nunung, Ceu Idah, jeung Kang Obing. Biasana, mun Apa nataan iraha lahirna lanceuk-lanceuk kuring, sok dipatalikeun jeung peristiwa anu karandapan ku dirina salaku tentara. Geura contona: "Si Nunung mah lahirna basa jaman dekrit. Ari Si Idah kira-kira sabulan ti tas beunangna Kartosuwiryo. Tah, mun Si Obing mah basa Apa keur ngepung gorombolan Kahar Muzakar di Sulawesi."
Tah, ari lanceuk nu hiji deui mah, mimiti tepung teh basa kuring disunatan. Inget keneh, datangna bari nungtun domba jalu jangeun peunciteun mauran hajat. Harita mah taya nu nerangkeun yen eta lalaki teh lanceuk kuring keneh. Manehna ngaraneh, da meureun itu mah geus apal yen kuring teh adina, tapi kuringna kalah api lain; da teu wanoh tea. Kuring mah ngarasa lebar ku dombana; naha make dipeuncit, mangkaning sakitu alusna; tandukna ranggah, awakna nya buteter nya luis. Anu matak, basa rek digeresel, kuring ngadat heula. Manehna gancang ngupahan, "Hayang domba mah, keun engke ku Akang dibere hiji deui, asal daek ngurusna."
Heuleut sabulan ti tas disunatan, manehna datang deui bari nungtun domba jajalon. "Pek urus sing tulaten! Bakal leuwih gede ti nu basa eta dipeuncit geura, domba ieu mah," pokna ka kuring.
Mani atoh pisan kuring teh, leuwih ti dibere cocooan naon mah. Ngan hanjakal Mimih teu panujueun. "Tong hayang kakat-kukut, Enji! Nyiar-nyiar uruseun! Kawas maneh bisa ngurusna we. Jaba deuih kudu ngarit."
Pamustunganana mah eta domba teh ditengahkeun ka batur; meunang meureun ari tilu bulan mah. Saterusna mah ku anu ngurusna dipeuncit, lantaran kabebeng, cenah. Teu we, teu hayang kakat-kukut deui kuring teh ti harita mah.
Kuring nyebut teh "Akang", da manehna ngabasakeunana kitu. Sok rajeun aya datang ka imah, ngan tara lila nyimpangna; jajauheun mun sok ngendong. Saban datang oge angger sok barangbawa. Usum peuteuy, mawa peuteuy. Usum limus, mawa limus. Ka suung-suung bulan atawa lember ku manehna sok dianteurkeun. Geus karuhan ari sabangsaning cau jeung beubeutian mah; rek sampeu, rek boled, malah suweg oge sok kacampurkeun.
Ceuk rarasaan harita, mun manehna nganjang ka imah, lanceuk kuring sok arapi lain, iwal Ceu Nunung; kitu ge mun kabeneran tepung. Paling-paling ngobrolna teh jeung Apa. Sakali-kalieun sok rajeun ngajak cacarita ka kuring. Kitu wae ukur subat-sabet kana perkara enteng obrolanana oge, da meureun ceuk anggapanana ukur adu hareupan jeung budak satepak.
Basa Apa bade hajat ngawinkeun Ceu Cacih, Si Akang datang deui bari; angger; nungtun domba sadua-dua. Terus ngendong harita mah, malah milu mantuan baranggawe sagala. Waktu ngadegkeun balandongan oge, di buruan, manehna anu tataekanana, menerkeun deklit pitiungeun.
Tah, nya harita pisan ka kuring aya nu ngabejaan yen: "Itu teh lanceuk maneh." Teu percaya mimitina mah. Ah piraku, ceuk hate. Kapan lanceuk kuring mah ngan lima. Tapi basa pangangguran dipapaykeun ka Mimih, enya henteuna eta teh lanceuk, anjeunna unggeuk; kakara wae kuring mimiti ngandel. Hanjakal Mimih teu nerangkeun bangblas. Cukup ku, "Si Akang anu eta mah cicingna di gunung, milu jeung Aki." Heup wae. Atuh kuringna henteu terus talete deuih. Ku dibere jawaban sakitu oge asa geus cumpon. Make aya rasa atoh sagala barang dienyakeun yen eta lalaki lanceuk kuring teh, sabab jelemana bageur; kapan geuning ka kuring ge mere domba. Beda jeung Kang Parman atawa Kang Obing, upamana, anu ka kuring teh asa loba harakna.
Ku geus nyahona yen eta teh lanceuk, jadi teu kagok nyebut "Akang" teh, da memang kitu pancakakina. Malah ahirna mah kuring sorangan anu hideng nyampeurkeun; waktu Si Akang keur ngarautan awi pisujeneun. Asa karasa deukeutna, sanggeus nyaho yen manehna lanceuk mah. Ku kuring diteges-teges dedeg pangadeg jeung keureutan beungeutna. Enya wae ampir sarimbag jeung Kang Parman, malah jigana teh umurna oge moal geseh jauh. Bedana teh ari itu mah pakulitanana hideung jeung awakna ngeusi, ari Kang Parman henteu. Kaciri yen tukang gawe kasar Si Akang mah, dampal leungeunna semu karadak, sepirna beberehilan. Jigana pangna kulitna jadi hideung oge lantaran mindeng papanasan.
Saterusna kuring ka manehna teh sok nyebut "Akang Girang"; padahal ari ngaranna mah Tahmid, dumeh cicingna di lembur tonggoh, dina suku gunung pisan. Ti pamatuhan kuring teh kaitung jolok, jaba deuih jalanna nanjak. Sanggeus di kelas genep, kuring ngahaja nepungan manehna. Malah harita teh ngendong aya kana dua peutingna, da kabeneran sakola keur pakanci. Saterusna mah kuring jadi mindeng nepungan manehna; komo sanggeus kuring nincak sawawa mah. Asa loba nyambungna mun kuring ngobrol jeung Kang Girang mah.
Informasi ngeunaan Si Akang terus nambahan, boh anu sumberna langsung ti jinisna, boh anu ti sungapan sejen; mineus ti Apa jeung ti Mimih tangtuna ge. Horeng Kang Girang jeung Ceu Cacih sadudulur teh misah indung; teu beda ti kuring. Minangka panambah katerangan, dulur pet ku hinis Si Akang teh taya lian ... Ceu Nunung. Ana kitu, putra Apa anu tujuh teh ti tilu bibit. Ceu Cacih, Kang Parman, Ceu Idah, jeung Kang Obing putra ti Mimih. Kang Girang jeung Ceu Nunung putra ti teuing saha ngaranna, da geus tilar dunya; cenah waktu Ceu Nunung keur leutik keneh. Sanggeus teu bogaeun indung, Ceu Nunung ku Apa "dibawa turun", sina matuh jeung Mimih. Geus teu pati uruseun manehna mah, beda jeung waktu ngarorok kuring. Tah, ari Si Akang mah ku aki ti pihak indungna henteu dibikeun. Cindekna, budak anu dua teh dicarokot hiji sewang. Nu awewe dibawa ku nu jadi bapa, terus diterekeun; ari nu lalaki dikukut ku nini reujeung akina. Najan geus misah tempat cicing, hubungan Kang Girang jeung Ceu Nunung henteu tepi ka pegat. Maranehna sok rada remen patepung; sakapeung Si Akang anu ngahaja turun, sejen waktu Ceu Nunung anu indit ka gunung.
Ari kuring? Heueuh, kapan bungsuna, anak ti indung anu kiwari matuh di peuntas; jeung kuring tacan kungsi jonghok. Minangka tamba kawaranan teh ukur nyaho tina potretna. Kitu oge nyaho soteh ka dieunakeun.
*
Tina omongan anu kungsi kadenge, anu ditepikeunana ka kuring bari haharewosan, kuring mimiti manggih raratan yen indung geus lawas pisan matuh di Medan. Cenah mah boga deui salaki ka urang ditu. Alhasil, kuring mah beunghar: boga indung dua, boga bapa dua. Kitu ceuk ujaring carita anu kungsi asup kana ceuli. Minangka embohna, kuring boga adi saindung, cenah mah kabehna aya tilu, anu jeung kuring tacan kungsi pisan tepung, ukur semet bejana wungkul. Ti saprak indit bubuara, indung tacan kungsi nyelang heula mulang ka lembur. Memang geus taya deui longokeun, iwal sakuringðkuringna. Aki reujeung uwa ti pihak indung maratuhna di tanah sabrang, cenah. Wallohualam di mana, da kuring tacan kungsi meunang katerangan anu eces. Jadi, indung kuring mah geus teu bogaeun tunggul, dapuran kulawargana bisa disebutkeun geus tumpur. Kuring kungsi manggih deui beja yen Aki maot di ditu, ari Uwa teu kungsi balik deui ti tempat bubuarana. Cindekna, kuring mah geus pareumeun obor. Anu nyaho teh ukur dulur ti pihak Apa wungkul.Kitu katerangan anu kungsi katarima, basa kuring geus jadi mahasiswa. Ngan ka dieunakeun, aya deui katerangan alanyar nu mangrupa panambah atawa pangjangkepna. Tapi, heup wae heula ngeunaan hal eta mah, moal waka dicaritakeun. Anu bieu dipedar mah karek informasi saheulaanan, anu tangtu wae masih keneh loba copongna.
Balik deui kana matuhna kuring di bumi Mimih. Saenyana, sok sanajan lain ka anak pituin, kanyaah Mimih ka kuring teh teu matak mangmang. Bisa jadi meureun pangna kitu teh sabab kuring diurusna ku Mimih ti oorok. Atuh kuringna sorangan oge henteu asa ka indung tere deui. Mun tea mah kuring (kapaksa) balaka yen sok rajeun aya sikep anu karasana kurang ngeunah, eta teh jolna lain ti Mimih, tapi ti lanceuk; iwal Ceu Cacih. Enya, ti antara sakabeh lanceuk anu kungsi saimah, ngan Si Euceu anu panggedena kanyaah ka kuring. Sakapeung ka manehna teh teu bina ti kawas ka Mimih; asa ka indung. Keur mah deuih gesehna umur kuring ka manehna kaitung jauh, aya welasna taun. Mun kuring keur ngadat, heueuh ngadat pamolah budak, sok ku Si Euceu diupah-apehna. Anu matak, basa Ceu Cacih dibawa pindah ku salakina, kuring asa leungiteun pisan. Ka gedenakeun, anu karasa gede kanyaahna ka kuring teh Si Akang. Ngan hanjakal jeung eta mah langka tepung, katurug-turug deuih mimiti timbulna perasaan raket teh sanggeus kuringna maju ka sawawa. Jadi, eta perasaan teh lain meunang ngipuk ti lelembut.
Ka lanceuk anu lalaki; rek Kang Parman, rek Kang Obing; kuring teu ngarasa deukeut. Malah Kang Parman mah asa panggoreng-sungutna ka kuring teh. Dina sakalieun nyarekan oge, sok tepi ka beak jeung tai ngora, tai ngorana. Ari Kang Obing, enya ge teu goreng teuing sungut kawas Kang Parman, tapi manehna mah hampang leungeun. Mun dina hiji waktu kuring dianggap nyieun kasalahan, naha ku sabab bangor atawa lelewodeh baranggawe, naha da tara asa-asa ngepret oge; atawa sakurang-kurangna ngetrak, tepi ka kuring mindeng ngawiwiw. Ari Mimih, sipatna teh kajeunan teuing, najan eta oge osok ari ngabela mah, ngan ceuk rarasaan atawa ceuk itungan asa teu saimbang jeung anu dipilampah ku Kang Obing ka kuring.
Anu teu pati kacatur dina galuring hirup kuring teh Ceu Nunung. Jeung eta mah jauh henteu, raket henteu. Bisa jadi meureun pedah jeung Ceu Nunung mah kuring henteu kungsi lila saimah, sabab manehna neruskeun sakola ka kota. Nyelang balikna teh ari keur usum pakanci wungkul, bari sakapeung mah cicing di bumi Mimihna ngan sakeudeung, lantaran manehna sok terus ngendong di nini-akina, anu ngurus Si Akang tea. Heueuh, kapan itu dulur sapangborojolanana mah, lain anu galituk di bumi Mimih. Hubungan Ceu Nunung jeung dulur sabapa beunang disebutkeun henteu pati raket. Jadi, lain jeung kuring wae kituna teh. Komo jeung Kang Parman, sakapeung katenjo pisan jauhna. Najan enya di imah pagiling gisik, tapi sok hare-hare wae. Atawa dina pareng cacaritana oge ukur saperluna pisan. Bisa jadi meureun pikeun Kang Parman mah Ceu Nunung teh dianggap "saingan beurat", anu dina babak ahirna Kang Parman jadi pacundang; buktina Ceu Nunung mah bisa neruskeun sakola, lantaran uteukna ayaan; ari Kang Parman rek namatkeun sakola tehnik ge mani seuseut seuat, bari jeung kungsi ngendog heula sataun.
Saenyana ku Apa ge Kang Parman teh rek terus dijeujeuhkeun sina sakola, ngan jinisna mogok, lantaran kaburu kabengbat ku resep ulin abring-abringan. Ahirna harepan Apa pikeun "ngajenengkeun" Kang Parman teh sirna. Boseneun ngajujurungna Apa teh, nu sakapeung mah sok ku kakerasan. Apa tea atuh, ana geus bendu teh hese neangan tandinganana; komo baheula jaman keur dines keneh. Mun aya kapusing ka barudak teh tara asa-asa, kopel rim pasti ngajelebet kana bitis. Ti antara sakabeh dulur, nya Kang Parman anu pangremenna jadi sasaran paneunggeul Apa teh. Heueuh, mana kitu ge sabab loba carekeunana; da piraku Apa jol-jol nyiksa teu pupuguh.
Sanggeus Kang Parman pugag sakola, malah ahirna mah kalah aya nu narik kawin, harepan Apa pindah ka Kang Obing. Tapi deuih ieu oge sami mawon. Malah ka gedenakeun mah asa leuwih carekeun batan Kang Parman. Teuing sabaraha kali kolot kuring kudu bulak-balik ka kantor pulisi, sabab kudu nguruskeun Kang Obing. Untungna teh tara tepi ka unggah bale watangan; paling oge Apa karoroncodan, lantaran kudu mangnebuskeun "musuh" Kang Obing ti rumah sakit. Ari semet ditahanna di polsek wae mah, ku sakali datang oge, Kang Obing geus bisa dicokot deui. Dina urusan nu kararitu mah Apa peurahan keneh, najan harita tos pangsiun. Lanceuk anu ieu mah kana gelut jeung riributan karesepna teh. Teu di lapang mengbal, teu di panggung dangdut, ana geus hohoak teh langka aya nu ludeungeun misah. Ulah waka ka batur sapangulinan atawa papantaranana, ka guru ge wani ngakalakeun manehna mah.
Ayeuna kapikir soteh; mun tea mah Kang Parman jeung Kang Obing kaasup kana kolom "budak bangor", meureun ku sabab remen jauh ti Apa; jadi henteu katalingakeun. Enya, kapan basa maranehna keur laleutik keneh teh, Apa remen anclang-anclangan ninggalkeun kulawarga, sabab ngalaksanakeun pancen ti nagara salaku tentara. Jadi, kuring sadudulur mimindengna mah ukur diurus ku Mimih wungkul. Keun, ari Kang Girang mah urang iwalkeun; kapan manehna mah diurus ku nini-akina.
Pikeun kuring pribadi, harakna Kang Obing teh sakapeung aya untungna, nyaeta ka kuring tara aya nu wani ngaheureuyan, ari lain nu teu apaleun, teu apaleun teuing mah. Kapan kungsi sakali mangsa mah Si Sapaat dibeberik tepi ka hareupeun lawang imahna, bari biwirna jamomom reujeung huntuna ungger. Ari anu jadi gara-garana mah kuring, basa keur ngapungkeun langlayangan. Teu, teu dihaja basa langlayangan kuring nyereng ka kidul teh, sabab beurat sabeulah. Sabot keur dipulut, gelasanana nyabet bola langlayangan anu Si Sapaat. Jemprung pegat, mangkaning rek diadukeun. Untungna teh bola anu ambay-ambayanana gancang katewak deui, najan Si Sapaatna kudu lulumpatan heula ngungudag. Ari sugan moal rek kua-kieu, da angkanan teh langlayanganana oge geus beunang deui ieuh. Tapi, ari serenteng teh nyampeurkeun kuring. Peletak neke kana luhureun ceuli. Kuring balik bari rambisak; jaba sirah nyeri, jaba bola jadi pakusut.
"Ku naon make leweh, Kenji?" Kang Obing nanya. Angger, ka kuring teh nyebutna sok "Kenji" wae.
"Ku Si Sapaat," tembal teh.
Teu diengkekeun deui; harita keneh manehna ngaderegdeg ka tegalan. Cenah mah, ceuk anu nyaraksian kajadianana, Si Sapaat anu keur anteng nguluran, ujug-ujug habek ditonjok, tepi ka ngabangkieung. Nenjo anu ngajoragna "jawara", Si Sapaat lumpat; teu sirikna notog-notogkeun maneh. Langlayanganana anu keur diadukeun mah cul wae ditinggalkeun dilapurkeun.
Aneh puguh ge; ongkoh Kang Obing ka kuring teh kasebutna galak, tapi lamun kuring diheureuyan batur, naha da belana teh bebeakan pisan; ku manehna mah tara diambeuan gede-leutikna. Padahal, awak Kang Obing teh teu sabaraha gede, malah kaasup pangpecekrekna di antara putra Apa anu lalaki mah. Ngan dina urusan kawani, asa hese neangan bandinganana. Anu matak, di lembur mah katelahna teh "Si Engang". Pasipatanana anu kawas kitu teh terus kabawa tepi ka gede, malah tepi ka kolot.
Jadi, henteu salah mun kuring wani nyindekkeun yen Kang Obing leuwih carekeun batan Kang Parman. Harak jeung deleka, katurug-turug rea akalna dina urusan nyilakakeun batur mah. Minangka untungna teh (pikeun Kang Obingna sorangan), dina jaman manehna loba carekeunana, Apa tos pangsiun jeung tos maju ka sepuh; jadi, tos teu galak-galak teuing. Beda jeung jaman Kang Parman rumaja keneh, harita Apa masih dines di kesatuan.
Lian ti Ceu Nunung, anuteu loba kacatur teh; sakurang-kurangna kitu ceuk pandangan kuring; Ceu Idah. Henteu loba carekeunana lanceuk nu eta mah, bubuhan awewe meureun; najan ari dina urusan cerewed mah meunang pris. Ceuk panenjo kuring ti antara sakabeh dulur, nya manehna anu pangdipikanyaahna ku Apa teh. Beda jeung ka Ceu Cacih, misalna, sikep Apa teh asa biasa-biasa wae, tur padahal manehna mah panghenteu-loba-carekeunana. Saenyana, di imah teh nya Ceu Cacih pisan anu pangripuhna ku gawe. Kitu anu kasaksian ku kuring basa Si Euceu masih keneh saimah jeung Mimih. Urusan dapur, lain ngan jadi hancengan Mimih wungkul, da manehna ge milu cape. Ceu Idah mah bangun anu horeameun pisan mun kudu turun ka dapur teh. Paling-paling ukur mantuan saksakðsiksik; kitu ge bangunna mah ngan puraga tamba kadengda wungkul. Geus puguh deui ari kawajiban nyeuseuh jeung gegeroh mah, eta jadi hancengan Si Euceu, da tara aya nu daekeun nyuluran, mangkaning sok satambru-satambru seuseuhanana ge. Asa langka katenjo reureuh Si Euceu mah. Asa tacan kungsi, atawa bisa jadi langka pisan, kuring nyaksian Si Euceu ulin ubrang-abring kawas mojang papantaranana harita. Ngan nguprek we di imah gawena teh. Minangka rada kabantuðbantuna teh mun keur kabeneran aya Ceu Nunung.
Anu matak, basa Ceu Cacih geus kawin, terus ku salakina dibawa pindah, lain kuring wungkul anu kaleungitan teh saenyana mah. Kang Parman remen murang-maring, lantaran ari tas balik ngablu teu nyampak sangu haneut, atawa eusi teko ngan kari hampas entehna wungkul. Atuh kuring ge, lamun mandi kaburitan, tara aya nu mangnaheurkeun heula cai. Mandi bareng jeung bedug magrib, eta kasakit kuring keur budak teh. Teu kalis ku dipapatahan, angger teu daek robah; mangkaning ku Apa mah sok disintreuk mun ulin kamalinaan tepi ka ampir reupreupan teh. Ari tas balik ulin teh, awak jeung papakean lagedu naker. Keur aya keneh Si Euceu mah, nya ku manehna sok diangiran teh. Ngan sanggeus Si Euceu dibawa pindah, kapaksa kuring kudu mandi sorangan, anu mimindengna tiba lantis wungkul.
Ku euweuhna Si Euceu teh karasa pisan ripuhna. Komo ka dieunakeun mah, sanggeusna Mimih sering teu damang; padahal tacan sepuh-sepuh teuing, karek punjul sababaraha taun tina kapala opat. Wallohualam naon sababna pangna kitu. Mimih mah asa ngareunggeuy. Anu matak, salirana teh mani ngayakas. Meusmeus diopnameu, meusmeus diopnameu. Mangkaning ti lembur ka rumah sakit teh kaitung jauh. Lamun Mimih keur teu damang repot, Ceu Cacih mah geus pasti nyelang heula mulang ka lembur; belaan cul salaki. Ari kitu tea mah meureun ku sabab jadi anak cikal, anu kudu panggedena tanggung jawab, najan ukur pangawak awewe. Kumaha ari Ceu Idah? Teu beunang diandelkeun dina ngurus rumah tangga mah, da kalah loba juta-jetena. Ari Ceu Nunung, heueuh, da puguh jauh tea, jaba deuih harita teh keur kakagokna kuliah. Katurug-turug deuih manehna mah bangun anu tumarumpang wae ari sakalieun aya di imah teh. Kang Parman jeung Kang Obing, wah, komo eta mah teu bisa diandelkeun pisan. Najan indung keur gering ge, angger we langka araya di imah. Ari kuring, enya, kapan pangbudakna; boro-boro bisa nalangðnalang, nu puguh mah uruseun keneh. Apa langka aya waktos, najan tos pangsiun ge, lantaran harita keur sisibukna di Golkar, sarta keur tatan-tatan rek maju jadi calon dina pilihan kuwu. (hanca)