JAMAN keur budak, kuring kungsi teu resep; malahan mah ngewa, kana ngaran sorangan. Naha atuh ku kolot bet dibere ngaran teh "Sarah"? Naha euweuh deui ngaran sejen? Ejah geura, kadengena teh asa kampungan; kira-kira sajajar jeung Isoh, Anah, Emun, atawa Cioh. Di mana teuing aya budak awewe asli urang dayeuh, anu lahirna dina jaman ordeu pangwangunan, bari jeung status sosial kolotna kaasup jalma mangarti, pek dingaranan kawas anu bieu ditataan. Yakin hakul yakin, moal aya, lah! Ceuk rarasaan, malah ceuk pangalaman anu karandapan ku diri sorangan, ngaran kuring teh pangnenggangna di antara babaturan; rek di sakola, rek di pangulinan.
Sarah. S-a-r-a-h ..., tuh lebah mana alusna, coba? Sora konsonan "h" dina bagian tungtung anu jadi pamaehna mah, anu mawa goreng kadengena! Leuheung keneh Sara; komo mun Sari.
Sarah. Teu gaya kawas Santy, Lieke, Merry, Gina, atawa Suzana. Boga ngaran Sarah teh asa babari pisan dipake obyek pamoyok batur. Dalah mun digondxng ku kecap "Eneng" atawa "Neneng", atawa ku "Enden" pisan oge, kadengena teh angger asa teu genah, asa teu teleb; tur padahal eta kecap teh remen marengan ngaran kuring. Kaitung loba anu ka kuring nyebut "Neng Sarah" teh. Malah, anu arapaleun kana sarsilah atawa rundayan ti puhuna mah geus lain "Neng" deui, tapi "Enden": Enden Sarah.
Tah, ceuk ceuli kuring mah, najan ngucapkeunana dilekoh-lekoh oge, angger asa cawerang. Beda pisan mun dibandingkeun jeung "Neng Fenty" atawa "Enden Farida". Ngaran Sarah mah merenahna ukur bisa diembohan ku kecap "Si": Si Sarah. Minangka undakna teh paling oge ku "Nyai": Nyai Sarah.
Kuring kungsi protes sababaraha kali. Hayang ganti ngaran. Kitu anu dipokkeun ka Emah jeung ka Empah. Pamenta kuring tara digugu, sakitu geus dipangpundungkeun ogx. Tara jauh-jauh mun pundung teh; biasana ka nini ti pihak indung. Di antara sadudulur anu jumlahna lima, kuring anu pangbabarina ngajanggilek terus beberengkes ninggalkeun imah. Ngan ku sabab ingkahna tara jauh tea, bari jeung tara lila euweuhna ge deuih, tara sok ditareangan atawa disusul-susul ieuh. Atuh kitu deui kuringna sorangan, ari geus leler deui mah, sok gancang-gancang balik deuih. Tara ngampleng kamalinaan. Nini oge bangun anu tos surti deui; mun kuring ngurunyung, pasti di imah keur pagetreng. Anjeunna tara seueur tataros, tara ngajujurung sangkan kuring gancang-gancang balik. Heueuh, da tara lila tea, bari jeung anu dianggap bibit pacogreganana ukur masalah cetek. Sapeuting kaduana oge biasana kuring geus amitan deui.
"Ieuh, ari Sarah teh jenengan istrina Nabi Ibrohim. Kudu atoh saenyana mah boga ngaran Sarah teh, sugan wae kaalap barokahna," kitu kasauran Nini, basa kuring pundung ka bumina, sanggeus protes ka kolot anu kasakitu kalina.
"Kampungan tuda, Nini, nami Sarah mah," kuring rikat nembalan.
"Is, teu meunang kitu!" Nini ngahuit. "Moal aya nu nyebut kampungan, da Sarah mah lain urang kampung manyang-munyung. Kudu agul malah, sabab turunan menak," saurna deui.
Angger Nini mah, mun tos ngadadarkeun bab kamenakan teh; abong warisan jaman feodal. Ari anu dipiagul ku Nini nyaeta Empah, bapa kuring (anjeunna mah perenahna mantu). Enya, Empah mah puguh stambukna; kumaha kokocoran ti hulu wotanna, ti karuhunna. Ramana teh kantos jeneng Kangjeng Dalem. Kitu deui lamun terus dipapay ka puhuna, meulitna teh jeung papada kusumah deui. Ngan nya kitu, ari pikeun sadiri-kuringeun mah teu ieuh matak jadi reueus, da. Ketang, lain kuring wungkul; lanceuk jeung adi oge sarua kitu anggapanana. Keur naon make hayang disebut "Raden" atawa "Juragan", da ayeuna mah geus lain jamanna. Dina kahirupan masarakat kakiwarian mah, anu diajenan teh rajakayana. Najan kasebutna "Raden", ari teu boga kartu ATM, kartu ATM acan mah, ah, naon deuleueunana, naon ambeuaneunana! Bapa kuring ge, sakitu menak bolongkotan, geuning teu mangga pulia basa imah kagusur mah. Tetela, proyek pangwangunan pertokoan keur kapentingan bisnis Cina leuwih kuat batan status kamenakan. Tangtuna oge bakal disaleungseurikeun lamun Empah nolak penggusuran ku ngasongkeun alesan pedah ramana kungsi jeneng dalem, anu dina jaman kiwari sohorna bupati. Padahal anu dipayunan ku Empah teh ukur pangkat camat.
Balik deui kana sual ngaran. Basa Nini nerangkeun yen Sarah teh nami istri Kangjeng Nabi Ibrohim, kuring mimiti rada robah anggapan: ana kitu mah ngaran anu dipake ku kuring teh alus atuh. Ih, ulah lalawora; nami istri pangkat rosul tea. Kitu minangkana, lamun kuring keur ngupahan maneh, dina keur datangna deui kateu-panuju kana ngaran diri sorangan. Enya, geus wae ah, ngaran teh Sarah; najan dina hiji waktu mah, basa kuring keur nyaritakeun perkara ngaran ka Emah, Si Aa Buce ujug-ujug nyelengkeung, "Ari istrina Nabi Ibrohim mah aya dua. Jadi, maneh ge kudu dicandung, atawa dipangnyandungkeun."
Kuring rikat maledogkeun tatakan kana tonggongna. Dasar borohol lanceuk anu eta mah!
Dina pamustunganana kuring gilig: teu kudu ganti ngaran. Ngan ka dieunakeun, basa geus sakola di SMP, make rada ngareunteut deui, sabab dina pelajaran basa Sunda manggihan kalimah kawas kieu: "Sapeupeuting hujan ngagebret lir dicicikeun ti langit, atuh isukna walungan limpas malidkeun sarah". Waktu eta ungkara digalantangkeun di hareupeun kelas, aya babaturan lalaki anu diukna di tukang anu ujug-ujug ngengklokan, "Tulungan, tulungan ...!" Ger saeusi kelas saleuseurian, iwal kuring anu camberut teh.
Ku Pa Rusmana, guru basa Sunda anu ka sakolana make vespa belenuk, diterangkeun yen sarah teh hartina runtah anu kabawa palid di walungan. Sajeroning nerangkeun eta kecap teh, bari rada ngareret ka kuring deuih. Ngareret soteh ari maksudna mah meureun ngupahan, "Tong leutik hate, Sarah."
Ngan untungna, sanggeus kuring rada gede mah, sual ngaran teh tara dipake bahan kageuhgeuyan batur. Bisa jadi meureun lingkungan di SMP mah geus lain lingkungan silih poyokan ngaran. Jeung kaduana, bisa jadi lantaran kuring dianggap boga prestasi, katurug-turug (ceuk batur ogenan), kuring teh geulis (ehm!). Jadi, ku babaturan jeung ku guru salawasna diarajenan. Heueuh, nya saha atuh anu jadi juara tari dina Porseni tingkat provinsi, kapan kuring: Sarah tea. Nya saha atuh nu sok jadi duta sakola mun aya pagelaran ngareuah-reuah acara kanagaraan, kapan kuring: Sarah tea. Ti mimiti ibing lenyepan tepi ka topeng, asal tukang kendangna tapis, abong mun teu matak deungdeuleueun. Kitu cenah, ceuk pamanggih para juri, mun kuring tandang dina pasanggiri. Jaipongan anu sakitu keur popilerna mah geus puguhing deui. Najan panon duanana dibengker ku lamak oge, kuring moal tepi ka nyalahan tincak, atawa diadu jeung anu keur papada ngibing deui. Masih ceuk cenah keneh, mun kuring keur di panggung, najan keur merankeun ronggeng oge, tara tembong unsur sensualna, tapi justru estetikana (ehm deui wae!). Anu matak kuring mah ngarasa teu (pati) perlu nonjol-nonjolkeun babagian awak dina gerakan anu cenah pikeun ngahudang (punten) birahi lalaki; sakumaha anu keur dipigandrung kiwari, tepi ka jaipongan anu beunghar ku dinamika teh ukur identik jeung geol katut gitekna. Kuring asa teu tepi ka kudu ngagibegkeun taktak anu ngeundeurkeun dada, misalna. Atawa ngangkat keuneung sabeulah, bari awak didoyongkeun sina ka hareup, tepi ka cungcurungan semu nyingsat. Anu matak Panji mah kungsi pok pisan:
"Teu resep nempo Sarah jaipongan mah."
"Naha?"
"Teu matak ngaccc ...."
Ku kuring gancang ditungkup biwirna. Abong lalaki; meunteun naon-naon teh (maksud kuring meunteun lawan jenisna) angger ngamuarana teh bakal kana urusan eta.
"Naha atuh sok nempo ari teu resep mah?" kuring gancang malikkeun omonganana.
"Tapi ketang, mending ge kitu, ngarah teu matak nimbulkeun rasa timburu. Ku uing mah teu kasawang, bakal kumaha perasaan lamun kabogoh keur manggung, heg dipalencrong ku puluhan pasang mata lalaki anu kumetap," kalah kitu pokpokanana teh, lain ngajawab pertanyaan kuring bieu.
"Geus, gandeng ah! Memangna ari seni teh pikeun ngahudang birahi, pikeun ngahudang naluri nu pangrendahna?"
"Lain rendah atuh! Dasar, kituh!"
"Rendah jeung dasar mah kitu-kitu keneh."
"Is, nya beda atuh, Aceuk!"
"Bedana naon, Ujang?"
"Dasar mah ngandung ma'na hakiki, ari rendah lalawanan tina luhung," tembalna. "Seks mah lain naluri rendah, tapi dasar. Bisa wae disebut rendah, tapi lain dina urusan matalikeun jeung unsur nalurina, tapi motivasina."
"Pinter ...," kuring nyenggakan. "Kitu meureun nya, mun dosen mere kuliah ka mahasiswa oge?"
"Cara nerangkeun kawas bieu mah alus teuing atuh. Pondok, patri, ngarti!"
"Ngarti soteh keur anu nerangkeunana," kuring gancang megat kalimah.
"Ari Sarah tacan ngarti, kitu?"
"Henteu," tembal teh bari seuri.
"Ih, geuning geulis-geulis ... henteu pinter!"
"Henteu pinter, henteu pinter oge remen ka luar negeri, hayoh!"
"Remen ka luar negeri ge ari ngan saukur ulin mah cumah, weyah!"
"Bae we ...."
Tah, kitu acara bobogohan teh dieusianana, di antarana. Jeung manehna mah kuring bisa pacental-cental, bisa silih hualkeun, bisa silih poyok, atawa bisa pasea. Eta oge naluri anu pangdasarna keneh, kitu? Beda jeung (lalaki) anu sejen Panji mah. Sakurang-kurangna kitu ceuk anggapan kuring ka Panji. Manehna mah asa tacan kungsi ngalem kuring sataker kebek, sanajan kuringna (ceuk rarasaan sorangan mah) keur sakitu pikayungyuneunana. Ana nyarita sok saujratna wae; jelas jeung babari kaharti, najan teu salawasna genah lebah keur asupna kana ceuli. Tara make basa-basi, tara puputeran heula milihan ungkara nu lalantip, atawa neangan istilah sejen pikeun nyamunikeun pamaksudan anu saenyana. Mun dina dongeng Nini mah, jigana pasipatan Panji teh deukeut-deukeut ka Bima. Tapi, lain hartina Panji carang takol jeung cicingeun. Malah kekecapanana teh sok rada remen make muatan humor, najan dina ngedalkeunana tara dibarung ku ekspresi, komo mun bari pepeta rosa mah. Mun keur ngariung jeung babaturanana, eta mah rek keur ngobrolkeun perkara naon wae, Panji kaasup ahlina dina urusan ngengklokan omongan batur ku kekecapan nu ngondang pikaseurieun. Tapi nya kitu, mun nu sejen tepi ka terus cacalakatakan atawa ngagakgak cimataan, jinisna mah cukup mesem. Atawa dina seurina oge cukup ku ngaheheh; tara leuwih ti opat engang, mun aya nu kongang ngitung tea mah.
*
Kuring lahir dina mangsa satutas di Jakarta aya ririweuhan. Kitu anu sok didongengkeun ku Emah. Jaman keun hese dahareun bari harga apung-apungan. Jaman satutas partey kuminis ngayakeun babarontakan ka nagara, anu ilaharna disebut G30S/PKI tea. Angka inflasi kacida gedena. Beas lain wae mahal, tapi hese disiarna deuih. Teu kurang-kurang rahayat anu dalahar sangu direumbeuy; rek ku jagong, rek ku sampeu ; malah cenah aya anu ku cau ngora sagala, diparud heula terus dicampurkeun kana gigih, samemeh diseupan teh. Untungna teh ari kulawarga kuring mah teu ngalaman tepi ka kitu, cenah.
"Jaman hidep keur orok mah, butuh minyak tanah kudu ngantay heula, gula bodas kudu ngantay, geus karuhan mun butuh beas mah," kitu mun Emah ngadongeng.
"Emah ge sok ngantay?"
"Nya sok rajeun wae ari di dapur geus parongpong mah, ngan pedah tara ku sorangan, da sok nitah Si Bibi. Ukur beas anu tara kungsi meuli teh, bubuhan keur pangabutuh sapopoe sok dikiriman ku Eyang."
Anu dimaksud "Eyang" teh nyaeta ramana Empah. Lamun "Aki", eta ramana Emah. Memang dibedakeun; lain wae dina urusan sesebutan, tapi deuih lebah anggah-ungguh mun kuring sadudulur daratang nepangan. Mun keur ngendong di bumi Eyang, kuring kudu nurut kana rupa-rupa aturan; iraha waktuna dahar, sare nya kitu keneh, teu meunang ceuceuleuweungan atawa lulumpatan ucing-ucingan di tengah imah. Anu matak, pikeun kuring mah asa nalikung pisan eta rupa-rupa aturan teh; teu bisa laluasa kumaha ilaharna nu dipibutuh dina dunya barudak. Padahal, mun tea mah taya aturan anu kararitu patut, bumi Eyang teh pikabetaheun pisan; buruanana lega bari pinuh ku tatangkalan galede, anu tangtu wae ariuh-lalinduk. Mun kuring sadudulur rek ucing-ucingan, teu kudu ngadon ka tempat sejen; di buruan ge moal kaubek kabeh. Di tukang aya balong sadua-dua; matak wareg guyang kokojayan. Ngan nya kitu, tong waka ngojay, dalah karek ancrub ge geus dilarang. Kostim Eyang dina nerapkeun aturan; kudu titih-rintih, kudu tartib; tepa ka Empah, najan teu sagemblengna. Geura ari sakalieun rek tuang, Empah mah kudu wae tutup meja, anu sakapeung mah asa matak pikaseurieun. Heueuh, ari deungeun sangu ukur semur endog sababaraha pasi mah, asa ningnang tutup mejana oge. Pantes jeung alus katenjona soteh lamun ngabayak; bisa dibebenah salang surupna. Ari dahar ukur jeung karedok mah, geus wae bari andekak di dapur; komo lamun bari seuhah selang-selang tina ngingsreuk leho ngora mah, lantaran lada!
Tah, dina lingkungan anu "budayana" kitu kuring lahir jeung gede teh, tug tepi ka nincak dewasa. Apik, tartib, disiplin, rintih, rengkuh, katut rupa-rupa padika lianna anu cenah eta teh ciciren ningrat. Ngan lamun kuring rajeun ngalelekan, etika kawas kitu teh payuna ukun semet generasi Empah jeung Emah, da ari ka kuring sadudulur mah hese rek nerapna. Bisa jadi meureun perbawa jaman. Anu kajamanan ku Empah katut Emah beda pisan jeung anu karandapan ku kuring sadudulur. Anu matak, kuring mah teu pati mirosea kana eta atribut tuturunan teh, sok sanajan tara wani entang-entangan diebrehkeun di hareupeun kolot. Komo deui sanggeus kuring bisa labas mikir mah, kateu-panuju kana rupa-rupa padika anu dipake di lingkungan kulawarga teh beuki ngandelan. Ceuk sawangan kuring, kondisi anu dijieun di imah teh ukur pikeun nohonan sarat formalitas wungkul gegedena mah. Terus terang, kuring sok ngarasa leuwih bebas mun keur aya di luareun imah. Bebas dina harti henteu kakungkung ku aturan anggah-ungguh. Tah, obsesi kuring anu di (atawa) kaipuk ti lelembut teh asa leuwih kasalurkeun sanggeusna wanoh jeung Panji, anu memang tatapakan jeung panginditanana beda pisan jeung suasana anu kapanggih di lingkungan kulawarga kuring.
Anu kasaksen ku diri sorangan, sarta terus napel dina panon batin, ngeukeuhan formalitas teh geuning dina kanyataanana mah matak mugagkeun lengkah, sabab hirup jadi asa sararundek. Contona, tuh Empah, anu kabuktian maut nyere ka congona. Rek kitu pugag, rek kieu kagok, sabab katalikung ku budaya formalitas tea. Ku sabab Empah tos nempatkeun diri dina hiji posisi anu teu bisa diongget-ongget, sedeng pajamanan robahna gancang pisan, antukna nya kitu tea. Paralun, kuring lain rek nyalahkeun (komo ngajejeleh) kolot sorangan. Tapi pan dina kalungguhan salaku anak, kuring oge boga hak pikeun ngajukeun tuntutan, satungtung puguh tatahapanana; prosedural, mun ceuk Panji tea mah.
Jadi, galuring hirup kuring sajero 32 taun teh asa geus rada euyeub dipapaes ku bedana papahaman (mun tea mah rek disebut papahaman) antara nu nyengka dina jero dada sorangan jeung nu geus ngarandakah di lingkungan imah. Bisa wae ari ceuk batur mah ukur perkara cetek anu kaalaman ku diri kuring teh; moal matak jadi barubah kana tatanan masarakat lega. Mun dipapandekeun mah teu beda ti pepetelan-pepetelan nu mangrupa silalatu, lain ngagegebragna seuneu durukan. Ngan rek gede, rek leutik, angger wae aya pangaruhna kana lalampahan hirup kuring tug tepi ka ayeuna.
Bieu ge geus disebutkeun yen Empah kakungkung ku formalitas kaningratanana. Anjeunna teuing teu mampuh, teuing teu niat ngolesed ti dinya. Balukarna, sikep Empah anu kawas kitu teh, daek teu daek minangka konsekuensi logisna, kudu ditebus ku pangorbanan kulawarga. Anu paling karasa nyaeta dina urusan ekonomi, anu beuki dieu beuki morosot. Memang, nyirorotna kahirupan kulawarga kuring teh teu bisa sagemblengna diteumbleuhkeun kana sikep Empah anu mageuhan formalitas tea, tapi loba rambat kamalena jeung aspek kahirupan lianna anu leuwih lega. Usaha Empah anu terus nyirorot, oge dilantarankeun ku robahna kabiasaan, atawa orientasi kapentingan, anu keur nyarekel kakawasaan dina alam Ordeu Baru; keur mah deuih tadina oge Empah teh lain pangusaha jugala. Minangka meupeus keuyangna teh Empah cukup ku ngedalkeun, "Bisnis dina jaman ayeuna mah keur teu sehat." Padahal ari kahayang kuring mah teu cukup ku kitu, da angger ari kahirupan kulawarga mah kudu dibeberes. Mun bisnis keur teu sehat, kudu kumaha atuh ngungkulanana, sangkan kulawarga tetep bisa hirup mayeng? Hanjakal kuring teu mampuh ngedalkeun xta kereteg angen; rarasaan teh antara kuring jeung Empah aya jarak anu anggang pisan.
Dina pandangan kuring mah Empah teh geus teu mampuh ngahirup-huripkeun kulawarga. Anu dipake andelan ngan ukun rajakaya warisan ti Eyang, anu terus nungtut dijualan. Ari di sisi sejenna, pola kahirupan Empah sadidinten taya robahna, da kudu nohonan sarat formalitas tea. Mun ceuk urang Batawi tea mah, "Biar tekor, asal kesohor."
Dina suasana kawas kitu, lanceuk anu dua teu mampuh hojah deuih, malah karasana teh asa nambahan bangbaluh. Nu cikal, Aa Aditya, kalah tabrakan basa rek indit kuliah, tepi ka kudu nandangan hirup dina korsi roda. Lanceuk anu kadua, Aa Buce, boro-boro metu ngangkat kahirupan kulawanga, nu puguh mah kalah loba ngaririweuhna; loba program, jeung siga nu enya loba garapan, tapi hasilna teu bisa diarep-arep. Mun tea mah rek dipake agul, nya kuring pisan; si panengah, anu pangheulana ngorejat pikeun ngangkat kahirupan ekonomi kulawarga teh. Ari kuring heueuh, naon deui kabisa iwal ti nuturkeun wirahma gending.
Galuring hirup kuring galuring gending, tabeuhna wirahma rasa, sampur kalbu susumping rasaning ati, pamasakna duit kencring.
Galuring hirup kuring galuring gending, polos tomo surung dayung, naek kana banjarsinom, tepak kendang kulit kidang.
Pur, alungkeun sampur sing luhun, dulur ....