Kamis, 21 Oktober 2010

Sawer Panganten 5 (Kentar Ajun)

Amit widi neda asih haksami
Jisim kuring neda pangaksama
Bade nyelang heula nyawer
Tumut galur karuhun
Titis waris ti nini aki
Karya bujangga baheula
Pun sampun paralun
Sanes pinton katiasa
Mung sakadar hariring tambi pamali
Keur tawis pakaulan Ngaraoskeun bingah tanpa tanding
Reh pun anak hasil nu dimaksad
Anjog waktosna ngajodo
Kersaning Maha Agung
Dugi wanci nu mustari
Karujuk ibu rama
Muga panjang punjung
Dirahmat nikmat pangeran
Kabagjaan, kamulyaan lahir bathin
Tengtrem rumah tanggana
Pencipta: Amir BA
Lagam: Degung
Laras: Pelog
Bapak Sobirin, Bandung