Sabtu, 23 April 2011

Surat

Ku: Itto Cs. Margawaluya
Kaduhung tan wates wangenan. Rumasa kana sagala kasalahanana. Ayeuna hatena teu ngarasa tengtrem, ngaguligah lain meumeueusan.
Geus tilu kali dibaca, eusi surat teh kabeh ge angger kitu: basana lemes, ngeunah mimitina, ngaguluyur sopan pikatajieun, orokaya sajeroeun basana nu lemes teh, matak nyeletit kana ati. Beuki lila surat dibaca, beuki nyaksrak kana urat sawak-awakna:
Surat kayas salima-lima ngalantarankeun dirina meh ambrol, disiksa ku parasaan sorangan. Asa kabina-bina, nu nyaruratan teh bangun hayang pupuasan: surat kayas salima-lima ti lima jalma nu beda-beda, disaamplopkeun, katarima ku manehna bari tembusanana dikirimkeun bur-ber ka ditu ka dieu, aya kana dua puluh lima urangna.
"Cacakan surat pribadi, tapi tembusan dikirimkeun ka sakieu lobana jalma..., naon maksudna, lamun lain karana hayang pupuasan?" ceuk hatena bari neuteup berendelan ngaran anu dibere tembusan dina surat panganteurna.
"Beu, nu dikirim teh aya pajabat sagala rupa," ceuk gerentes hatena deui, "Teu salah, maranehna hayang pupuasan. Tapi enya, bongan aing sorangan, ngarasa bener sorangan, nu penting beubeunangan.... Ieu akibatna..." rek ambek, ambek ka saha, da puguh nanggung wiwirang sorangan. Rek ngabareng ka saha, da lain kasalahan nu lian. Aya nu nyedek kana angenna, ditahan, berebey... bedah ngaliwatan panonna.
Cipanonna disusutan ku saputangan. Kokolenyayan kunang-kunangan. Ka cai, disibeungeutan. Leos kaluar, diuk na korsi teras sakedapan. Tapi angin nu ngahiliwir lalaunan teu wasaeun mepes kesangna. Nangtung deui, ka jero deui, gek deui na korsi urutna.
Gorowok teh, "Nin! Ninaaa!"
"Kaaah!" aya nu norojol ti dapur.
"Cai, atuh! Jongjon wae, hayang nginum!"
"Har, ari Apa, kapan itu dina meja," bari neuteup kana beungeut salakina.
"Enya bawa ka dieu! Kaleked pisan, kitu-kitu wae ge!"
aya nu nyentug kana angen Nina. Asa diteungteuinganan ku nu jadi salaki, bet kudu ngalaman disentak-sengor. Najan kitu teu dipikir papanjangan. Meureun keur boga kakeuheul. Eta kitu, gara-gara surat, Nina neuteup amplop jeung keretas surat nu ngabayak dina meja. Tuluy ngaleos deui ka rohangan makan, nyokot cai. Kapan biasana ge kitu, sabot salaki dangdan ge Nina mah geus nyayagikeun sangu sapuratina, kaasup cai na gelas, keur sasarap salaki nu rek digawe. Unggal isuk ge Nina mah tara kudu diparentah deui. Malah pan kapake naker ku salakina ge, pajar teh Nina mah tempat majik anu ngarti jeung surti kana kabeuki jeung kabiasaan salaki. Malah sakapeung sok ditabeuh ka nu lian oge kahadean pamajikan teh.
"Si Eneng geus dianteurkeun ka sakola?" nanya kitu teh cai nu dipenta geus disimpen na meja gigireunana mah teu diinum ieuh.
"Parantos, Pa," tetep dijawab sabiasa, sanajan pananya salaki teh karasana asa teugeug.
"Dianteurkeun henteu?"
"Henteu, Pa, margi disampeur ku rerencanganana!"
"Naha budak leutik dilurjeunkeun? Kumaha mun di jalan cilaka!"
"Ih, palias teuing, Apa. Mugi-mugi mah sing salamet," tetep nahan parasaan.
"Nyaho kitu, hayoh dijomplang!"
"Ari Apa, henteu dijomplang, da sareng rerencangan," sorana mimiti rada naek.
"Enya, tapi pan duanana ge budak laleutik," angger ketus.
"Atuh wios we, Pa, piwarang diajar ludeung!"
"Keun bae kageleng mobil?"
"Ku naon ari Apa, nyarios teh bet ka mana wae?" Nina ngaleos ka dapur. Ceuk pamikirna mending ulah dilayanan, palangsiang beuki mahbrah. Naha boga kakeuheul teh bangun pohara? Naha aya naon?
Basa Nina balik deui ka rohangan hareup, salakina teu nyampak. Meureun geus mangkat digawe, ceuk hatena.
"Geuning, ieu surat-surat teh teu dibawa atawa teu disimpen heula?"
Gek Nina dina korsi urut salakina. Ret kana amplop jeung kertas-kertas suratna. Diberesan bari diitung. Teu salah, ditingali ti nu nekenna mah surat teh aya lima, sanajan amplopna ngan hiji. Memang teu asup akal, mun lima surat ti lima jalma nu beda-beda, ngirim surat dikirimkeun ka saurang. Naon maksudna?
Kajurung ku kapanasaran. Surat teh dibacaan hiji-hiji.
Mimiti dibaca surat panganteurna. Eusina kieu, "Haturan ieu lima surat kanggo pangersa, Bapa Sarja, anu salami ieu seueur pisan yasana sareng teu kinten adilna dina ngabagi-bagi kaasih, ka sadaya calon pamingpin anu dikampanyeukeun, dumasar kana ageung alitna "timbel sareng deungeunna". Oge dumasar kana kandel-ipisna "amplop perjuangan". Anggap bae ieu lima serat teh katineung ti limaan dina raraga mungkas hubungan antawis Bapa sareng Tim abdi-abdi sadaya, anu kiwari ngaraos sedih lan peurih ku margi lacak sorangan. Enya lepat abdi sadaya, bongan teu tiasa milih anggota Tim Sukses anu ihlas karana Alloh, saeutikna sakasuka sakapeurih ku bekel nu aya ayeuna. Manawi teh moal ngabeungeutan atanapi ngabongohan. Manawi teh moal geugeut deukeut wungkul ka nu kareueut. Namung sawios, da eta mah lepat salira, cek tadi ge estu kasalahan sorangan, teu enggeuh ka nu resep nyandiwara. Ti ngawitan ayeuna urang taya hubungan nanaon. Nyanggakeun ieu "Serat-serat Katineung". Abdi sadaya: Tim Sukses Haji Rahman, Tim Sukses Ir. Kodir, Tim Sukses Rd. Kertasumpena, Tim Sukses Mang Ebet, sareng Tim Sukses Wirakancana.
Kakara lekasan maca surat panganteurna, Nina geus ratug angen. Sanajan basana ngahaja direka jeung kawas nu mamandapan, tapi angger karasa, eusina mah matak nyongkab kana awak nyelekit kana ati. "Paingan salaki aing siga napsu pohara," ceuk hatena.
Sura kahiji dibaca:
"Dibujeng pentingna bae, patali boh abdi boh Akang, rupina sami-sami nuju seueur kariweuh. Abdi nuju repot ku padamelan, ditambih deui ku tugas mantuan ngajejeran kagiatan nu aya patula-patalina sareng pencalonan Kang Haji Rahman, manawi Alloh marengkeun, kapan nuju nyalonkeun kanggo janten pamingpin ku sagala rupi kagiatan. Estu meuweuh pisan pidameleun "Super Sibuk" rupina teh. Bari jeung kitu, kapan Akang mah kabujeng keneh tutulung-tatalang, nya! Saha bae nu nyuhunkeun bantuan, taya basa nolak, atanapi nyebat teu tiasa. Paingan Akang rejekina bangun cararaket! Najan tacan waktosna mah kreatif deuih. Sareng ku wantunanana. Najan tacan waktosna kampanyeu ge geuning Akang mah beledag-beledug bae, ngampanyeukeun Kang Haji Rahman. Padahal abdi mah, nembe kitu wae, ku kalimah-klaimah ngenalkeun. Malih ngabagikeun gambar atanapi poto ge, pan tacan nganggo kecap-kecap calon, ari sanes sabadana resmi tos lolos tina pandaptaran ti KPU mah. Numawi abdi mah nganuhunkeun pisan. Numawi abdi mah kalayan asmana Kang Haji Rahman estu ihlas dugi ka ngeupeulan ratus-ratus rebu oge, da puguh Akang teh tos ngorbankeun tanaga sareng emutan.
Mung wasleg we, abdi teh teu nyangka sacongo rambut Akang baris ngabeungkeutan. Sanaos kitu sawios, da eta mah tamaha abdi, bongan henteu asak sasar. Henteu, henteu lepat Akang, estuning lepat abdi, hayoh milih kapetengan meleg-meleg jalma piduit. Ku kituna hubungan cekap dugi ka dieu. Abdi, Tim Sukses Haji Rahman." Pikir kabetrik hate kakoet. Nina dumadakan muriang. Deudeuh, Kang Sarja, geuning bet kieu jadina. Najan kitu masih panasaran keneh, dibaca surat kadua. Panjang suratna mah, di antarana wae kieu:
"Alhamdulillah, bagja sakalangkung ngawitan tepang sareng Ayi Sarja teh. Akang teh asa mobok manggih gorowong, basa salira sumping nawiskeun diri kangge mantuan tugas-tugas Akang salaku Tim Sukses Ir. Kodir. Sageuy ku Ayi teu karaos, ku atoh-atohna, Akang oge teu ngaraos lebar, upami Ayi ngajengkeun waragad dina raraga nyukseskeun Ir. Kodir, pipamingpineun di ieu daerah. Margi ku Akang ge kahartos, ieu kagiatan teh moal leupas tina resiko: ka ditu kedah nganggo mobil, motor kedah dibengsinan, patuangan kedah dieusian, hoyong nyesep kedah digaleuh, kulawarga di bumi kedah dibayuan sareng sajabina. Enya, ma'lum Akang oge, numawi kahoyong salira ge teu weleh dicumponan. Waktos Ayi ngajengkeun deui waragad anu ageungna di luar kamampuh ge, saleresna keur Akang mah teu gaduh anggapan kalangkungan, kahoyong mah angger nyukupan. Nya ku margi teu nyekapan pakeunna bae, henteu dipasihan ka Ayi mah, waragad teh kawilang pangageungna, upami dibandingkeun sareng waragad nu dipasihkeun ka nu sanes mah. Sanaos kitu Akang teh estu sukalillah.
Mung Akang teh kacida reuwasna, barang nguping, di dieu Ayi ngampanyeukeun Ir. Kodir, naha ari di tempat nu sanes ngampanyeukeun Mang Ebet? Malih sababaraha dinten ti harita, saur kapercantenan Akang keneh, Ayi ngampanyeukeun Rd. Kertasumpena. Naha enya, cek hate teh. Bari reuwas ge Akang teh henteu percanten kitu wae, ari nembe wartos mah. Da ari nuju usum kieu mah sok rupi-rupi wartos teh. Saha nu terang eta wartos teh sumberna ti nu kagungan maksad ngadukeun urang. Namung ayeuna Akang parantos gaduh kacindekan, yen Ayi teh geuning leres-leres aktor jadug nu teu kinten ahlina kana "balucat-balicet ngaheureuykeun nu lian". Muji ka Ayi mah, ku teuneung sareng ludeungna, dugi ka Akang sareng ieu rerencangan nu opatan ge "kaputergilingkeun". Teu lepat Ayi, ieu mah Akang saparakanca bae nu bongoh, manawi teh Ayi moal ka dieu ditewak ka ditu dirawu bari tega suka-siku ka calon anu rejekina "geus kabeunangan" ku Ayi. Nya wilujeng bae atuh, ari numutkeun Ayi eta rejeki baris mangpaat mah. Mung kapaksa panginten Akang teh, sanes tega, ti wangkid ayeuna ka payun bade nutupkeun panto rekep-rekep, sangkan Akang saparakanca nu limaan teu kagendam deui ku nu ngadeupaan lincar, bari kagungan maksad ngadamel rekaperdaya. Sakitu, Ayi pileuleuyan. Akang, Tim Sukses Ir. Kodir."
Renghap Nina ngerepan. Panas hatena beuki nambahan. Sirahna karasa engab-engaban. Kieu, yeuh, ti ditu nyokot sarantang ti dieu mawa sarantang teh, tungtungna ti dieu serenteng ti ditu serenteng. Enya tuda, bongan Kang Sarja henteu pengkuh kana hiji pamadegan, nanaon teh asal jadi uang bae. Najan kitu da hade goreng ge salaki sorangan, hatena tetep asa diteungteuinganan ku nu nyaruratan. Padahal tibatan mungkas hubungan ku cara susuratan model kieu mah mending bruk-brak sakalian adu hareupan. Tapi da enya deuih, pasti batur ge asa dilejokeun.
Ret deui Nina kana surat-surat nu tacan dibaca. Najan tacan dibuka, kacindekanana mah geus rajol narembongan. Geus moal salah, kawas surat kahiji jeung kadua, najan kalimahna tangtu beda. Najan lemes basana tetep baris nurihan hatena. Kana kitu kabeh oge. Komo meureun ti jalma-jalma anu karoroncodanana geus leuwih ti misti mah. Boa ketak nu sejen mah beda tinimbangan.
Tacan beak kapanasaran, sanajan angen geus kacida ngabagegelna, bari jeung degdegan ge surat katilu teh dibuka. Sabalikna tina dua surat nu geus dibaca tiheula, kakara maca kalimah mimiti ge, Nina langsung ngahegak, sab pondok tapi langsung nyogok. Sigana, upama nu nyarita teh Rd. Kertasumpena-na mah moal kitu-kitu teuing, sanajan anjeunna anu nanggung resiko balukar polah salakina teh. Ku sabab ieu mah Ketua Tim Suksesna, nu kasohor jalma borongongong tur rada bedegong, uyuhan teu dikakalakeun sacara badaniah ge.
"Aing moal make basa-basi ka jalma nu boga laku kawas sia, Sarja!" cek Ketua Tim Rd. Kertasumpena dina eta suratna. "Satadina aing percaya, sia bisa diandelkeun. Buktina sia saukur rek ngarah ngarinah, dapon ngeunah dewek bari nekukan nu lian. Aing moal rek panjang catur, sab aing geus badami jeung kabeh Tim Sukses-na kabeh calon pamingpin di ieu daerah nu aya di lembur urang, anu diheureuykeun ku silaing. Kanyahokeun ku sia, sanajan nu limaan, tapi lain hartina saukur rek meres calon, ieu mah sakadar usaha pikeun miara katengtreman antar warga, sanajan ari bajoang pikeun nyukseskeun calon masing-masing mah nya sewang-sewangan bae, henteu kawas sia ka ditu ka dieu ukur ngarah duitna. Nepi ka ieu surat ditulis hartina hubungan urang cukup nepi ka dieu. Teu perelu datang-datang deui!
Sarerea geus apal, rindat jeung rigig sia, rindat kapidunya! Sakitu ti aing, Ketua Tim Sukses Rd. Kertasumpena." Nu ngabagegel dina angen Nina meh ngabatu, hate nu tadi beuki manasan geus bener-bener kaduruk. Dada nu turun naek balas ngahegak semu nu rek reureuh kapaksa. Dayagdag Nina kana panyarandean korsi nu keur didiukanana. Pluk surat katilu nu cikeneh dibaca teh murag kana tehel, sanggeus leungeunna ngulapes dina tangan-tangan korsi. Beungeutna tanggah neuteup lalangit, teu lila panonna peureum.
Niat maca surat kaopat reujeung kalima ilang sapisan. Dina sela-sela sesa pikiran aya kacindekan, najan kalimahna pasti moal sarua, tapi eusina geus bisa kajudi, moal ka mana deui loyogna: ngahualkeun, ngajejeleh, megatkeun hubungan, anu ka dituna bakal megatkeun silaturahmi. Ayeuna karasa ku Nina, behna mah surat nu lemes basana jeung nu bebeakan kasarna ge sarua bae: neunggeul beungeut, nonjok angen, ngarajetkeun hate, meakkeun tanaga, malah bisa jadi makal maehan rasa, ku sabab ketug jajantung geus teu karampa ayana, leng, leng, leng, les.
Basa Sarja balik ti warung, tas meuli roko jeung abral-obrol sakeudeung bari miceun kakeuheul, kacida reuwaseunana ningali Nina geus nyangsaya dina korsina, meh teu katenjo renghapna, beungeut nu tanggah kana lalangit nu tadi miasan beuki nyepaan. Estu geus teu walakaya.
Sarja gogorowokoan, tulung-tulungan. ***

Pangancikan, Rajab 1429 H.