Minggu, 06 Maret 2011

carpon..

12. Purnama Peuting Katiga 
RET deui ras deui, ret deui ras deui. Enya kitu, ret deui ka Indung, ras kana rupa-rupa yasana ka sorangan sakulawarga jeung rupa-rupa kahadeanana ka sasama jalma nu lian, sarta kapengkuhanana dina ngalaksanakeun papagon agama. Nuluy  rus-ras teh, kana kalakuan sorangan ka kolot .....
Ari embung, rek kumaha deui? Saleuheung teu bogoh wungkul mah, kapaksa-kapaksa oge meureun daek we ngalayanan. Ieu mah keur teu bogoh teh, ah, teu hayang we. Ongkoh awak asa pasiksak tas nangtung meh opat jam. Teu mararatut-mararatut oge diberenyeh-berenyehkeun biwir teh, ambeh katembong rada amis, tamba jamedud teuing.....
14. Surat
Kaduhung tan wates wangenan. Rumasa kana sagala kasalahanana. Ayeuna hatena teu ngarasa tengtrem, ngaguligah lain meumeueusan.
Geus tilu kali dibaca, eusi surat teh kabeh ge angger kitu: basana lemes, ngeunah mimitina, ngaguluyur sopan pikatajieun, orokaya sajeroeun basana nu lemes teh, matak nyeletit kana ati. Beuki lila surat dibaca, beuki nyaksrak kana urat sawak-awakna:.......
15. Abdi Mah Geus Pasrah 
"IEU PEUTING PAMUNGKAS DI IMAH IEU..." Apanan kapungkur, abdi datang ka lembur ieu teh lantaran dibawa ku Akang. Lantaran abdi dipenta ti kolot, dipihukum sacara sah ku akang. Lain datang tambuh laku atawa palid kabawa cileuncang......