Sabtu, 29 Januari 2011

Purnama Alam (Bag. 26)

23. Saenggeusna nyaur kitu Putri, lajeng ngadeg tina pangdekuan, manahna nambahan mabok, bawaning ku kajurung, geus teu nolih era ku mantri, Putri Ratna Suminar, leng bae teu emut, kana pertata kusumah, jadi leungit pertiti terah narpati, bawaning ku kagendam.
24. Jeung harita kersana Sang Putri, bade lebet nyampeurkeun Sang Putra, tapi ti jero ngahebos, panasna liwat langkung, karaosna ku Ratu Putri, sartana hanteu lila, tina kamar racun, Sang Ratna Suminar, ngejat, bari nyaur dina salebeting galih, aduh naha bet panas.
25. Ana kitu mungguh diri aing, leuwih-leuwih nandang pakalahan, ku ieu arca jajaden, kahiji racun-racun, jimat aing kabur teu kari, ti Jurung Pajarangan, kadua hal pintu, ampir hanteu bisa muka, lamun hanteu aing kana arca amit, terkadang moal muka.
26. Katiluna estu diri aing, geus kagendam ku rupana arca, taya papadana bogoh, kaopat mehmeh lampus, ku panasna nu leuwih-leuwih, sarta aing kakara, nadah panas kitu, leuwih ti seuneu, biasa, boga pikir teter gimir.

Sinom

1. Tatapi aing tinimbang, hanteu aya kadar milik, ka ieu Purnama Alam, leuwih hade nyorang pati, ajur lampus nya diri, dina jero kamar racun, sanajan hanteu bisa, asup sabab panas leuwih, moal ingkah ti lawang si Pajarangan.
2. Sanggeus Putri kitu manah, ka arca ningali deui, sarta nambahan gumebyar, nojo kana raray Putri, leuwih-leuwih ti tadi, cahaya Pangeran Sunu, Putri Ratna Suminar, anteb kageugeut nya galih, rek nyampeurkeun da teu kuat ku panasna.
3. Tungtungna Ratna Suminar, bawaning ku anteb galih, sarta nadah kaewuhan, ngarumpuyuk hanteu eling, sarta bari ngajerit, nyambat-nyambat ka Sang Sunu, aduh Purnama Alam, manusa mustika rupi, neda tulung abdi pun Ratna Suminar.
4. Mugi agung sih piwelas, ka nu bodo sisip budi, kersa ngaleungitkeun panas, ti jero kamar werejit, margi ayeuna abdi, ka pangkon ajengan estu, manawina kamanah, sumeja sumadrah diri, ngangken ratu sumujud dunya-aherat.
5. Kitu Putri sasambatna, teu pisan kendat samenit, dipangkon ku para emban, kaget sadaya pramantri, jagastru ngabeui, ningal Raja Putri kitu, nyandangan kalalian, sasambat jeung jerat-jerit, pada nyebut kasibat ku rupa arca.
6. Enggal pramantri sadaya, budal lalumpat ka nagri, sejana maek ka Raja, ngunjukkeun lampah Nyi Putri, kacaturkeun geus nepi, sadayana ka kadatun, nyondong Ratu keur lenggah, sareng Aria Papatih, kakasihna Aria Lungabarahma.
7. Barang katingal ku Raja, sadayana para mantri, leumpang gancang tingrarenghap, Ratu langkung kaget galih, sartana geus ngajudi, tinangtu manggih pakewuh, geusan kabalaian, teu lami Ratu ngalahir, ka sadaya pramantri anu darongkap.
8. Eh Pramantri hulubalang, jeung jagasatru ngabeui, maraneh naon nu matak, daratang ka payun kami, kawas aya pamanggih, leumpang rusuh gura-giru, coba geura unjukan, teras nyembah Mantri Ginggi, ngawangsulan ka Sang Ratu Saksaria.
9. Bari rumanjug rumenghap, bawaning ku langkung ajrih, kalayan sadaya marga, dumeuheus ka dampal Gusti, wirehing nu sayakti, sumeja bade piunjuk, margi wangkid ayeuna, di guha Banjaransari, putra Gusti Sang Ajeng Ratna Suminar.
10. Kenging baya ageng pisan, sasar hanteu eling-eling, dina Jurung Pajarangan, sasambat sinareng nangis, arca anu dipuhit, nu kintunan Maha Ratu, Prabu Putiasukma, margi masih keneh jirim, hanteu mental racun Jurung Pajarangan.
11. Tina ku margina eta, supados Gusti tingali, Maha Ratu Saksaria, ngadangu piunjuk Mantri, kalintang kaget galih, ka Aria Patih nyaur, Patih Lungabarahma, hayu urang gasik-gasik, kana guha neang Nyi Ratna Suminanr.
12. Hanteu lami Sang Sri Nata, sinarengan Prameswari, tunggang kareta kancana, gumilang wantu disangling, kudana samparani, lajeng jengkar Maha Ratu, nu ngiring Arya Patya, sareng ponggawa pramantri, kana guha Banjar-panyiksaan.
13. Kacaturkeun sasumpingna, kana jero guha candi, kamar Jurung Pajarangan, sarta nyondong Ratu Putri, sidik piunjuk Mantri, yen Ratna Suminar ngangluh, nangis sarta sasambat, Sang Ratu sareng Meswari, lajeng mangkon ka putri Ratna Suminar.
14. Ratu nyaur jeung ngalimba, aduh-aduh anak aing, nu geulis Ratna Suminar, ku naon Nyai teh lali, nandang sangar nya ati, kawas lain titis Ratu, terahing raga ama, jasmani rembesaning jin, senapati mangkurat Tolongtelengan.
15. Nyai ulah kitu tata, sing inget putri Narpati, kapan Nyai geus kawentar, geus nyangking ati sajati, kana sagala surti, elmu kalawan panemu, ahir kieu buktina, nyorang cocobaning ati, matak wirang kasurak ka sabuana.
16. Sang Ajeng Ratna Suminar, sanggeus ngadangu panglahir, liren nangis jeung sasambat, tumukul bawaning isin, amung lajeng Sang Putri, ka Maha Ratu piunjuk, bari nyusutan soca, duh ama margina abdi, gaduh lampah ceurik dugi jejeritan.
17. Sanes kabadi kasibat, sanes kapanjingan iblis, sanes karancana setan, amung anu jadi awit, wirehing diri abdi, ngemutkeun parantos mashur, kongas ka sabuana, tina kagagahan sakti, luhung elmu perkosa nya pangawasa.
18. Amung eta kagagahan, ayeuna karaos jalir, roa-roa pakalahan, dumugi opat perkawis, kawonna diri abdi, elmu panemu teu maju, tumbal-tumbal teu mental, kias tarekah teu matih, kana ieu arca pun Purnama Alam.
19. Kabur sadayana jimat, baruang racun werejit, tina Jurung Pajarangan, kadua perkawis tadi, panto kamar werejit, pageuh langkung ti dipaku, hanteu kenging dibuka, muka soteh enggal abdi, permuhunan nyambat ka arca Purnama.
20. Dupi tilu perkawisna, barang bray pantona sidik, katingal rupina arca, hanteu samar tingal abdi, nembe saumur hurip, mendak nu kasep pinunjul, gumebyar cahyana, dumugi ka ati abdi, langkung-langkung kabongroy geugeut ka arca.
21. Sareng kaopat perkara, bawaning ku geugeut abdi, teras nyampeurkeun ka arca, ka jero kamar werejit, amung teu kantos dugi, ku margi panasna langkung, meh abdi kana pejah, upami teu ngejat gasik, tina jero kamar Jurung Pajarangan.

Asmarandana

1. Nembean saumur hurip, mendak panas cara eta, langkung tina seuneu bae, ngahebos dugi bosbosan, tina ragana arca, atuh abdi hanteu tulus, nyaketan Purnama Alam.
2. Mung mikir jeroning ati, pertela yen nadang kalah, pasal jajaten kasakten, ku arca Purnama Alam, sok komo keur hirup, manjurna elmu panemu, terah Narpati Riskomar.
3. Kitu awit diri abdi, margi nanda sakieuna, tina emutan rumaos, kaunggulan pangawasa, agengna ku kahayang, malah abdi anu estu, pamaksad waktos ayeuna.
4. Sae abdi nyorang pati, raga nadah pancabaya, tinimbang hanteu kalakon, kana raga munggah bagja, ka arca Sang Purnama, maksad runtut jadi dulur, dunya dumugi aherat.
5. Najan ama hanteu idin, midulur ka sanes bangsa, abdi neda idin bae, maha Ratu Saksaria, langkung-langkung kagetna, ngadangu Putri piunjuk, kitu balukarna arca.
6. Sakedap hanteu ngalahir, ngan wungkul goyang mastaka, sarta ka arca ngareret, katingal sidik rupina, gumebyar cahyana, Ratu dumugi ngaranjug, kaget ku endah rupina.
7. Sarta leuwih welas asih, Sang Ratu ka eta arca, hookeun teu petot mencrong, nyaur salebeting manah, aduh-aduh paingan, si Nyai mani kapincut, da kasep taya bangsana.
8. Tungtungna Maha Narpati, ningal arca Sang Purnama,  langkung langkung pogotna teh, meh hanteu tolih ka putra, anu keur lara manah, tina bawaning ku lucu, ningali cahaya mubyar.
9. Sarta teu lami ngalirik, Ratu ka Ratna Suminar, sartana bari nyarios, tina kituna kumaha, Nyai teh pamaksudan, yen hayang ngaku sadulur, ka ieu Purnama Alam.
10. Kawas taya peta jadi, da puguh geus jadi arca, sarta titipan Narpatos, Putiasukma Ambarak, nyobat dalit jeung ama, geus jadi dulur satuhu, taya peta bisa robah.
11. Barang Sri Maha Narpati, geus kitu dawuhanana, ujug-ujug meundeut bae, panto Jurung Pajarangan, Ratu tambah kagetna, sarta teu lami ngadawuh, estu matak aneh pisan.
12. Sumawonna Raden Patih, Aria Lungabarahma, wungkul culang-cileung bae, tina ningal panto kamar, meundeut tanpa karana, cara aya anu ganggu, nutup pintu Pajarangan.
13. Sri Maha Narpati gasik, nyampeurkeun kana lawangna, rek mukakeun deui panto, tatapi teu kaciosan, tina jero kamar tembus, ngaheab panas kacida.
14. Panangan Maha Narpati, ngerepes jeung ditiupan, panas tina nyandak panto, ngejat tina lawang kamar, ka anu rada anggang, sarta ka Aria nyaur, lah Patih Lungabarahma.
15. Kakang heran leuwih-leuwih, naha ieu panto kamar, kacagap panas nereptep, leuwih ti seuneu biasa, eta naon sababna, leungeun kakang ampir tutung, geura ku Patih tingalan.