Sabtu, 18 Desember 2010

Purnama Alam (bag 17)

Asmarandana

1. Panjang lamunana ditulis, kacatur Aria Patya, ngagandong Pangeran Anom, ngebut dina jumantara, sarta teu lami dongkap, ngan teu terus ka kadatun, ngajugjug ka kapatihan.
2. Pangeran Pinutra masih, teu aya emutanana, lungse wungkul diempes-empes, sarta ku Aria Patya, Rajaputra Purnama, dicandak ka kamar payun, diebogkeun dina ranjang.
3. ku tina enggeus sayagi, wantu kamar patamuan, kulambu kasur jeung sepre, ari saenggeusna teras, Aria Patih Kumba, jengkar bae ka kadatun, bade ngadeuheus ka Raja.
4. Sarta henteu lami sumping, Aria Patih Ambarak, ngadeuheusan ka Sang Katong, jero gedong karatuan, barang Jeng Ratu ningal, langkung-langkung bungah kalbu, sartana lajeng mariksa.
5. Aeh geus datang Ki Patih, henteu kesel ngadagoan, jeung kumaha hasil oge, Patih nyembah ngawangsulan, ka Sri Maha Narpatya, aya hibar Gusti estu, wilujeng miwah hasilna.
6. Mung ayeuna putra Gusti, Sang Putra Purnama Alam, di rorompok abdi keneh, Sri Maha Ratu ngandika, atuh nya nuhun pisan, ngan kahayang kakang estu, ayeuna Purnama Alam.
7. Dina peuting ieu misti, pindahkeun ti kapatihan, sina di kaputren bae, da geus meunang netebahan, jaga ku gulang-gulang, Aria Patih ngawangsul, nyumanggakeun ka Sri Nata.
8. Nyembah Patih sarta mulih, ti kraton ka kapatihan, ngambangkeun dawuh pagusten, Siti Kaswati kakocap, langkung tina bungahna, yen putra Sunu kabantun, ti kota nagri Riskomar.
9. Irihil gumuyu nyengir, dulak-dilak rundat-rindat, sarta bari emok cabok, tambah polah tambah tingkah, jadi maju owahna, kalangsu ku kebek napsu, robah manah jalan bungah.
10. Kacatur Aria Patih, geus sumping ka kapatihan, nyandak Sang Pangeran Anom, sarta henteu lami teras, ka kaputran dicandak, dipunggu teu emut-emut, Pangeran Purnama Alam.
11. Kacaturkeun enggeus sumping Pangeran Purnama Alam, teras diebogkeun bae, dina kamar pagulingan, ari saparantosna, ku Arya Patih ditutup, dijaga ku gulang-gulang.
12. Kaliwon jeung mantri-mantri, sarta upas upacara, di gedong karang kaputren, nu nuguran Sang Purnama, dina wengi harita, malah Patih ge teu wangsul, ka pakuwon kapatihan.
13. Panjang lamunna ditulis, perlampah peuting harita, gancangna nu dicarios, kacatur poe isukna, Sang Pangeran Pinutra, kira nuju pukul tujuh, ngalenyap teras kaemutan.
14. Pangawasa Arya Patih, sirep tenung tadi tea, geus dibuka malar hade, Sang Rajaputra Purnama, barangna geus kaemutan, ngahuleng kewuhan kalbu, ningal ka tengen ka kiwa.
15. Karaos sejen tingali, kana sipat barang-barang, kulambu bantal jeung sepre, jeung tempat jeroning kamar, beda ti sasarina, henteu lami gugah gugup, jeung nyaur lebeting manah.
16. Ih naha aing teh ngimpi, mana beda tetenjoan, sakur sipat nu kareret, jeung ka mana Nyi Kania, bet hudang miheulaan, barang geus ngamanah kitu, Pangeran Purnama Alam.
17. Sang Rajaputra lat lali, bawaning ku kakebekan, ku kewuhan nya pangraos, tunggara kiamat manah, poek buana alam, Rajaputra ngarumpuyuk, leuleus taya pangawasa.

Sinom

1. Caturkeun bae enggalna, putrana Sang Narapati, nya eta Kaswati tea, teu kinten sukana galih, reh harita geus nampi, dawuhan ti Kangjeng Ratu, dipiwarang ngalayad, ka Purnama beunang maling, lajeng bae harita ngome salira.
2. Mimiti malur salira, ku atal supaya kuning, pameunteu ku wedak cina, jeung make karang ku semir, di tengah-tengah pipi, jeung dina tungtung pangambung, sarta nganggo disipat, nganggo pipilis melengking, nu dipalar taar lir bulan tumanggal.
3. Sarta lambey digincuan, digandik waos dimasi, sanggulna pinuh ku kembang, campaka ros kacapiring, panganggona kawarti, sinjang songket nu ngagebur, jeung nganggo benten emas, sarta oto sutra kuning, turut sisi ku pasmen bodas.
4. Angkeng nganggo diepekan, malah lengkeh lir papanting, sutra koneng raksukanna, sarta ku pasmen dijepit, hanteu ngaggo panitih, ngan anting nu guntang-gantung, inten sagede muncang, kangkalung sagede piring, dikonkoyang ku karembong sutra jingga.
5. Kaos hideung kembang-kembang, gesperna nganggo rarawis jambrut mirah mutiara, reujeung sarung tangan deui, sarta reunceum ku listring, ramo nu sapuluh pinuh, ngagebur tingbaranyay, wantu emas kenging nyangling, turug-turug panabur inten berlian.
6. Kacatur saparantosna, teu lami Agan Kaswati, kaluar ti pagulingan, emban-emban anu ngiring, lajeng jengkar ti puri, semu bengkung ku kangkalung, dangah da ku kongkoyang, rada ngijing da ku pending, ngagandeuang da sanggul beurat ku kembang.
7. Gandang-ginding keupat eundang, panangan dibanting-banting, jeung gentra rada karadak, ku sabab Agan Kaswati, sedep nyesep teh teuing, bako tongbu geus ngabaju, malah-malah harita, angkat jeung nyesep ulacir, tur mapatkeun kinasihan kasemaran.
8. Siti Kaswati harita, ka kaputran enggeus sumping, jeung sakabeh emban-emban, lumebet bae ka bumi, nyondong mantri nu kemit, jeung kaliwon jaga satru, barang kabeh naringal, ka eta Siti Kaswati, langkung-langkung karaget ningal dangdosan.
9. Jeung batur patingal-tingal, pating kalieus ka gigir, garumujeng nangkep baham, sadayana mantri-mantri, yen ningali Kaswati, lampah lir nu owah estu, Kaswati hanteu lila, mariksa ka para mantri mamang-mamang di mana akang Purnama.
10. Alo teh arek nepangan, bari rek babakti diri, beunang ngosokan ku kasay, diwawangi ros paradis, reujeung minyak malati, dibalur ku lulur pupur, baris akang Purnama, mantri tugur hanteu lami, ngawangsulan sumuhun aya di kamar.
11. Malah ti tadi teu kendat, Pangeran Putra ka abdi, mariksakeun ka gamparan, saurna ku hayang panggih, barang Siti Kaswati, ngadangu mantri piunjuk, langkung bungah manahna, gumuyu mani ngagikgik, kelat-kelet bari ngelel-ngelel letah.
12. Dugi mawur kembang pacar, saurna lah deudeuh teuing, nu kasep kutan ngantosan, coba atuh mamang gasik, ulah rek lami-lami, geuwat laan eta pintu, alo arek nepangan, jungjunan panutan ati, bisi pundung ku jalanan lat dilayad.
13. Gancangna kamar dibuka, ku mantri anu ngajagi, Pangeran Purnama Alam, harita eukeur ngalinjing, sarta satengah lali, morobot saur teu puguh, tina sabab manahna, nekad kana buang pati, rek lahlahan ngamuk di nagri Ambarak.
14. Barang Sang Purnama Alam, keur susumbar mundut pati, ningal panto kamar muka, sarta sidik ka Kaswati, Pinutra leuwih-leuwih kaget salebeting kalbu, hookeun teu ngandika, ningal dangdanan Kaswati, cara tedak bangsa jalma anu owah.
15. Tungtungna Purnama Alam, ningal ka Siti Kaswati, gimir sajeroning manah, sieun leuwih ti ku jurig, jeung nyangka ka Kaswati, mana kitu oge palung, culang-cileung Sang Putra, inggis ngarontok Kaswati, arek lumpat da puguh teu aya jalan.
16. Keur sieun katambah-tambah, Siti Kaswati ngalahir, jeung luhak-lehek ngimutan, masa Allah siger ceuli, iraha kulan sumping, nya cai ngocor ti luhur, akang pupujan rasa, mustika panutan ati, lah sumangga ieu kuring bakti badan.
17. Pangeran Purnama Alam, ningali tandang Kaswati, mani geus teu puguh rasa, rarasaan asa ngimpi, dumugi kana lali, kasima teu yasa nyaur, mun di budak mah sawan, Siti Kaswati teu lami, tina langkung teu tahan nahan kahayang.
18. Ngarontok ka Rajaputra, pananganna nu dikeumbing, jeung nyiwit kana angkeutna, bari nyebat bosen teuing, Si Jenet gusti aing, ditanya henteu ngawansul, Rajaputra Purnama, yen dirangkul ku Kaswati, langkung gugup bawaning ku kasukeran.