29. Barang sumping Sang Ratu ka puri, geus patepang sareng Prameswara, di jero gedong karaton, Prameswari piunjuk, ka Jeng Ratu kumaha sidik, rupina pun Kania, naon nu teu surup, atanapi kuciwana Sang Narpati imut sartana ngalahir, ka rai Prameswara.
30. Lah rupa mah bener leuwih geulis, waktu ieu mustikana rupa, pantes bojo Purnama teh, ngalantung di kadatun, nyepeng puri jadi meswari, samalah rasa kakang, balikanan lamun, tulus Ki Purnama Alam, ka Kaswati, asup ka basa kiwari, leuwih-leuwih nya ningnang.
31. Tapi engkang pikir taya deui, ngan pamuga Sang Ratu Ambarak, pulur manah ngajak bedo, supayana tumuluy, lambat-lambut, nya laki-rabi, Purnama ka Kania, Meswari ngawangsul, ka raka Sri Maharaja, abdi oge taya sanes nu dipikir, amung sakitu pisan.
32. Yaktos pisan Nyi Kania kuring, somah miskin tur urang padesan, kajeun dapon hade legeg, sartana alus patut, najan eta ku hanteu kenging, payung kameswaraan, Kania ka payun, dumeh ku sanes turunan, nya keun bae margi salakina ngarti, baris majukeunana.
33. Gancangna teh ieu nu digurit, saparantos Sri Maha wawarta, tetep lungguh di karaton, Sang Pinutra kacatur, di kaputran sarengan rayi, Nyai Dewi Kania, taya nu disaur, mung timbalan Ratu tea, hanteu lami Pinutra teras ngalahir, coba Nyai kumaha.
34. Geus kaharti saur rama Gusti, anu tadi nu tilu perkara, imut Kania ngawalon, raos abdi piraku, hanteu ngartos ka saur Gusti, pibalukareunana, mung rebu panuhun, gamparan tong semang manah, nindih pati nyorang baya ulah gimir, nya kumaha ahirna.
35. Marga jamak nu ngalarap hurip, ngalantungan alam pawenangan, wenang awon wenang sae, nuturkeun ombak hirup, Rajaputra imut ngalahir, najan engkang teu pisan, bingung ku sakitu, nindih pati nyorang bahya, hanteu gimir jalanan bela ka Nyai, jamak nu keur anom mah.
Sinom
1. Pangeran Purnama Alam, sareng Sang Putri Pramanik, tetep di karang kaputran, sarta kalangkung diasih, ku Ratu jeung Meswari, ari siang di kadatun, sagala padamelan, ujug-ujug jol kapuji, ku Meswari sabab rajin ti tadina.
2. Nyieun kueh jeung pasakan, aralus sarta beresih, pantes keur tuangeun raja, atuh jadi guyur deui, nu muji ka Sang Dewi, jadi kacapangan saur, sanagara Riskomar, mustika sasmita ati, ceuk awewe pigustieun di Riskomar.
3. Ear sanagri Riskomar, jalma-jalma balawiri, hayang nongton putri-putra, nu jadi mustika nagri, nu deukeut nu tarebih, carunduk urang kampung, daratang ti padesan, nongton nu kasep nu geulis, sarta pada nyarebut cahaya dunya.
4. Panjang lamun dicarita, Sang Pinutra jeung Sang Dewi, geus bumetah di Riskomar, jatnika tur sugih mukti, wantu putra Narpati, ani dienod diugung, gancang nu dicarita, tunda di Riskomar nagri, kacaturkeun di dayeuh nagri Ambarak.
5. Nagri gede sarta jembar, tur rame jeung sugih mukti, ari nu jadi ratuna, sarieun ku gagahna, kawuwuh ku dugal bengis, asup basa sakecap kadua gobang.
6. Lamun nerapkeun hukuman, tara buang tara bui, wungkul hukuman paehan, sumawon ka abdi-abdi, najan ka pradipati, salah saeutik digantung, eta kitu adatna, taya timbang taya adil, kakasihna Parabu Putiasukma.
7. Jeung lain wungkul ratuna, anu jadi murka galih, patihna ge ganti adat, Arya Kumba Aringaring, papatih eta nagri, nya kitu lir adat Ratu, gangasna jeung dugalna, saktu manggulang-mangguling, geus kawentar ka saban nagara lian.
8. Jeung eta Ratu Ambarak, keur gagah digjaya sakti, katambah kagungan sobat, leuwih dalit jadi hiji, sareng hiji Narpati, Ratu di bumi pingpitu, nagri Tolongtelengan, ratu jin nu leuwih sakti, saban minggu sumping ka nagri Ambarak.
9. Caturkeun eta Sri Nata, kagungan putra sahiji, istri putri ti meswara, jenengan Siti Kaswati, nuju gumanter galih, yuswa limabelas tahun, teu acan carogean, papacangan mah geus nyangking, putra Ratu Riskomar Purnama Alam.
10. Siti Kaswati harita, kacida kapincut galih, ku Sang Pangeran Purnama, dumugi kana teu eling, kana pertiti putri, kasarung jadi mangpaung, geus taya kaerana, saban siang saban wengi, amung nyambat ka Sang Pangeran Purnama.
11. Malah tuang leueut suda, wungkul sasambat jeung nangis, salira tina ningal putri kitu, ku kacida kaedanan, ku putra Riskomar nagri, Ratu langkung tunggara ku kaewedan.
12. Jeung harita Sang Sri Nata, keur nuju lenggah di puri, sarengan Prameswara, dideuheusan ku papatih, Ki Kumba Aringaring, teu lami Sang Ratu nyaur, eh Patih marga kakang, nyaur teh arek badami, sabab kakang leuwih-leuwih nandang susah.
13. Estu taya papadana, mikiran Nyai Kaswati, kacida kedananana, datang ka sagala leungit, tata titi jeung budi, geus mawur sagala catur, taya anu disambat, saban beurang peuting, hanteu kendat nyambat ka Purnama Alam.
14. Enggeus taya kaerana, leungit pertitining putri, midangdam cara nu owah, jeung gawena taya deui, ka akang ngan meredih, hayang geura buru-buru, tikahkeun ka Purnama, malah basana Kaswati, lamun hante ditikahkeun enggal-enggal.
15. Tangtu kana miceun nyawa, rek newek maneh ku keris, atuh kakang teh salempang, ngadangu omong Kaswati, inggis nepi ka pati, cucud kana miceun umur, malah mun teu dijaga, ku emban jeung para nyai, daek-daek saenyana kitu lampah.
16. Sarta kakang leuwih heran, ngirim surat tujuh kali, ka Ratu nagri Riskomar, nya eta ngangkeran jangji, nyalametkeun Si Nyai, nikah ka Purnama Sunu, tapi Ratu Riskomar tempo deui tempo deui, cula-culu kawas lain tata Raja.
17. Paribasa ngan wagelan, Purnama Alam keur ngaji, tempo tilu opat bulan, kumaha ari geus nepi, hayoh bet menta deui, ayeuna tempo satahun, ku sabab Ki Purnama, ngaji kitab di kiai, nu dijieun angkeuhan halangan nikah.
18. Ana dipikir ku kakang, estu nyocoo teh teuing, mungguh Sang Ratu Riskomar, abong-abong lain wargi, bet hanteu nimbang teuing, ka nu keur tunggara bingung, jalanan ruksak anak, Si Nyai Siti Kaswati, hanteu beunang dipisanak dipiwarga.
29. Ku sabab eta kumaha rempugna jeung Arya Patih, ari diantep ku kakang, Si Nyai Kaswati, aringgis nombro gering, baluas umurna lampus, ari kakang rek maksa, ka Purnama sina kawin, kadongdora minantu beunang mirusa.
20. Teu lami Arya Patya, nyembah ngawangsul ka Gusti, mung raos abdi Gusti mah, manawi rempaging galih, tinimbang putra Gusti, Gan Siti Kaswati ngangluh, bok bilih teterasan, sae Purnama pamugi, candak bae ti Riskomar kangge tumbal.
21. Margi taya sanes pisan, menggah raos abdi Gusti, raka Jeng Ratu Riskomar, tempo deui tempo deui, amung ku saperkawis, semi-semi hanteu rujuk, atanapi Purnama, anu hanteu purun ati, tina margi emutan mohal kacida.