13. Ayeuna mah Raden misti, keresa hanteu keresa, bareng reujeung ama bae, urang di poe isukan, ayeuna dangdan-dangdan, malar isuk pukul tujuh, sadia bisa barangkat.
14. Rajaputra kaget galih, nampi saur Aria Patia, yen arek maksa ngabedol, Pangeran Purnama Alam, ngandika dina manah, diwuwuh pasemon mesum, ih naha ama Aria.
15. Kaya lain tata patih, wani-wani gawe maksa, nitah ngeureunan masantren, mawa balik ka nagara, teu meunang permuhunan, kawas aya pasal perlu, anu geusan pancabaya.
16. Kapan saur rama Gusti, ka diri aing sorangan, memeh indit ka pasantren, kudu nepi ka cacapna, ngaji elmuning kitab, sarta hanteu meunang wangsul, mun tacan jembar kabisa.
17. Ahir ayeuna bet jalir, gurat cai ceuk babasan, lir lain tedak Narpatos, tatapi kaharti pisan, anu jadi sababna, pangna rama Gusti kitu, dumeh aing ngintun serat.
18. Piunjuk geus boga rabi, ka nu lain kado’ana, pangalana tangtu bae, ka diri aing rek nyiksa, atawana nyeukseukan, terkadang ngawujuk-wujuk, malar pisah jeung Kania.
19.Tapi mungguh diri aing, tinimbang kana papisah, reujeung Nyai Kania teh, leuwih hade aing pejah, ngejat ka nagri lian, kajeun burung jadi Ratu, hanteu owel ku Riskomar.
20. Ngarah nagari mah gampil, ngalap jadi raja gampang, hese mun nyiar nu denok, kitu manah Rajaputra, jeung teras ngawangsulan, na kumaha margi kitu, asa dikedahkeun pisan.
21. Abdi wangsul ka nagari, semi aya balukarna, Aria Patih ngawalon, ih Raden ari eta mah, sababna taya lian, ngan ku dumeh Kangjeng Ratu, bawaning ka Raden melang.
22. Bubuhan tina patebih, loba geusan timburuna, anu ngabingbangkeun raos, anu matak ayeuna mah, kudu bareng jeung ama, kitu deui Raden lamun, enggeus sumping ka nagara.
23. Enggeus tepang sareng Gusti, mintonkeun kawilujengan, hade mulih deui oge, ka dieu ku sabab aya, wagelan ku aosan, ngajurungkeun deui tangtu, Ratu moal ngahalangan.
24. Sang Putra ngawangsul deui, sumangga abdi ngiringan, mung abdi ti pengker bae, moal tiasa ayeuna, ngiring keresa ama, permios bae saminggu, bade urus-urus heula.
25. Patih pusing jeung ngalahir, ulah nyieun adat bedang, bedegong milampah nogtrog, ulah kena putra Raja, nyieun pertata janggal, kapan ama teh kasebut, Patih kawasa nagara.
26. Tangan-tanganna Narpati, wajib digugu dihurmat, najan ku putra narpatos, wajib nerapkeun hukuman, ka jalma kurang tata, kurang sikep, kurang patut, teu nurut kana parentah.
27. Jeung deui najan rek mungkir, mungpang baha teu perenah, mo burung dipaksa bae, digenjang ku sarerea, dibawa ka nagara, mun ngalawan ditambalung, ku sabab dawuhan Raja.
28. Rajaputra barang nguping, panyeukseukan Aria Patia, langkung langkung ngalokotoy, tina bawaning ku reuwas, bubuhan anu sabar, tumungkul hanteu ngawangsul, tina rumaos ku sepah.
29. Teu lami Sang Maha Resi, ngalahir ka Rajaputra, raos ama mah nu yaktos, sewu sewuning pamuga, kedah bae keresa, ulah rek mungpang ngaberung, kana kahoyongna rama.
30. Najan aya kandeg galih, aosan nu tacan paham, matak naon di nagri ge, didugdag tangtos ku paman, sumangga ayeuna mah, ulah nyarusutkeun sepuh, balukan sangar salira.
31. Coba manah masing lantip, moal jadi kasaean, sanajan ageng pangartos, sarusut sareng sepah mah, watekna kendor ilham, ngariut sagala wahyu, ngurangan kana darajat.
32. Malah keuna hukum wajib, rama teh dipuja-puja, meungpeung keur jumeneng keneh, dialap hibar du’ana, malar kasalametan, ulah dipunjung geus pupus, balukar tara masihan.
33. Ulah tibalik pangeusi, sumembah ka nu teu aya, migusten ka nu teu jentre, ari sepah dimomonyah, Agan ulah sulaya, tumungkul kana tutunggul, muja kana patilasan.
**
Kinanti
1. Ku Agan mugi kasurup, kana salebeting galih, sugri pituah pun paman, ayeuna ulah sumingki, tumutkeun keresa rama, juragan Aria Patih.
2. Sang Raja pinutra Sunu, ngadangu saur Sang Resi, tumungkul medal cisoca, tina dijurungkeun mulih, raos sundek bumi alam, ku nunda ngalap pangarti.
3. Teu lami ngawangsul laun, Pangeran Putra ka Resi, sumangga putra ngiringan, lamun kedah-kedah teuing, wangsul ka kota Riskomar, tempat pasangaran ati.
4. Mung putra aya panuhun, menggah pun bojo Nyi Dewi, ku putra moal ditilar, bade dibantun ka nagri, bilih putra tambah bahya, gering pikir nyorang pati.
5. Ngawalon Sang Maha Wiku, ih Agan perkawis rai, teu aya pambenganana, rek dicandak ka nagari, ati ama sadrah pisan, hanteu ngait kumareumbing.
6. Ama darma anak estu, menggahing ka tuang rai, anu kagungan mah Agan, sumawonten ka nagari, najan dibunuh dibuang, Agan nu kagungan milik.
7. Ama mah ngan wungkul suhud, ngadudu’a siang wengi, disuhunkeun wilujengna, patebih reujeung balai, anggang tina pancabaya, salamet lahir jeung batin.
8. Pangeran Pinutra Sunu, teu kawawa nahan galih, tina kangangresanana, ngadangu saur Sang Resi, nyembah ti payuneun Aria, jumengkar lungsur ti bumi.
9. Dewi Kania teu kantun, ka karang patamon mulih, sami nandang lara manah, teu petot medal citangis, Pinutra Dewi Kania, ka karang patamon sumping.
10. Ari sup pintu ditutup, pageuh ku sabab disosi, nyoreang ka pagulingan, lalinggih dina alketip, mirempag perkara eta, nu jadi geusan prihatin.
11. Pangeran Pinutra nyaur, ka kang rai Nyai Dewi, kumaha Nyai rek bela, tina engkang geus pinasti, nadahan geusaning lara, manjing ka marga prihatin.
12. Dewi Kania ngawangsul bari cumalimba nangis, nyuuh ka pangkon Sang Putra, duh gamparan mugi-mugi, ulah jadi rentag manah, miris ku nu tacan bukti.
13. Panuhun abdi nu estu, tumutkeun pamugi-mugi, sakersa juragan Aria, yen kedah gamparan mulih, ka dayeuh nagri Riskomar, abdi ge sumeja ngiring. (hanca)