Sabtu, 18 Desember 2010

Galuring Gending (bag 5)

TENGAH peuting geus kaliwat, wanci meh ngagayuh ka janari; Sarah karek bisa leleyepan. Ku geus katumanan tea, hese pisan hayang bisa sare tereh-tereh teh. Najan dipeureum-peureum oge, atawa dibulen ku simbut sabuni awak, angger wae jararauh pitunduheun teh. Teu kawas Uning, tacan nincak tabuh sapuluh oge geus teu kecet-kecet. Kabita, hayang bisa kawas kitu, ceuk dina hatena. Enya, da ari dirina mah karek bisa sare teh lamun geus liwat ti tabuh dua welas. Anu matak hudangna teh sok beurang wae. Mimindengna mah wanci haneut moyan, karek turun tina kasur.

Cahaya panonpoe geus maloncor kana sela-sela hordeng jandela kamar. Sarah karek nguliat hudang. Gek dina sisi dipan bari terus babatek. Pangsarean Uning mah tembong geus rapih deui. Tangtuna ge hudangna ti tadi keneh, da sasarina oge sok bareng jeung ngong tarhim tina spiker masjid. Waktu Sarah kaluar ti kamar, Vicky Burki karek rengse nutup acara senam dina layar Anteve.

Kaayaan di imah geus rarapih. Kaangseu seungit ubin anyar ngepel; beresih herang ngagenclang. Jadi ras kana iklanna, "Belum lima menit!" cenah. Koloyong ka dapur; sangu goreng dina sangku geus ngajagrag; bangunna teh geus tiis deui. Teu jauh ti lawang kamar mandi, jolang geus nangkub. Padahal basa keur peuting mah pinuh keneh ku seuseuheun. Pagawean kabeh geus bxrxs. Rapekan pisan budak teh, ceuk Sarah dina jero hatena. Maksudna mah muji ka Uning, anu sagala pagawean di imah bisa katangkes ku sorangan, bari jeung dina migawena gancang deuih. Asa beda pisan jeung dirina anu sok sarwa leleda. Sakalieun nyeuseuh baju dua setel oge tara anggeus tereh-tereh. Komo mun pagawean aya dua tilu rupana, sok tara bener hasilna. Enya ari sasapu mah anggeus, tapi gogorengan katutungan. Anu matak, basa keur saimah keneh jeug kolotna mah, manehna mindeng digambreng, da bongan leleda tea. Ngagigihkeun bari teteleponan. Atawa caritana meresan majalah, tapi bari dibukaan; nya jadi lila.

"Resep ari ngabandungan Sarah nyangu teh," ceuk Panji dina hiji mangsa.
"Kumaha, kitu?"
"Sok loba nyesakeun intip," tembalna bari nyerengeh. Maksudna mah nyindiran, dumeh ari ngagigihkeun sok mindeng katutungan, tepi ka kerakna kandel.
"Gandeng ah, ari geus moyok teh!"
"Is, lain moyok. Puguh muji ieu mah. Mending ge aya intipna, da ngeunah ieuh. Komo mun didaharna haneut-hameut bari dipurulukan heula uyah mah; garing ngerekes. Hanas eta  aya paitan, atuh itung-itung ngalemetan gegedoh cikopi we."
"Enggeus, gandeng! Geus puguh enya, Sarah mah teu bisa masak!"
"Lain teu bisa meureun, tapi teu hobi."

Enya kitu, aing teh teu resep gawe di dapur? Sarah nanya ka dirina sorangan. Memang, ti keur budakna keneh oge sok api lain kana urusan popolah teh. Teu kawas adina (anu awewe).  Ngan untungna teh, najan manehna langka bunta-bantu ogenan, pagawean di dapur tara tepi ka kaboler; babakuna mah sabab aya Si Bibi. Enya, di imah teh kudu wae aya lanjang, malah kungsi sadua-dua. Anu jadi pangjurung ngukut lanjang teh, di sagigireun butuh ku tanagana, pikeun miara status sosial deuih. Kitu anu tumerap di lingkungan kulawargana. Komo di kulawanga Eyang mah aya opatna anu purah babantu sapopoe teh. Aya anu disebut pangebon, anu pancen sapopoena nguprek miara buruan reujeung balongna. Anu tugasna ngurus ingon-ingon mah beda deui jalmana; sapopoena kudu ngarit tepi ka marabkeun jukutna, ngaroris paranje jeung pangelatan manuk titiran, katut ngaroskam jeung moyankeun kuda kurung. Ari urusan popolah mah sagemblengna dipasrahkeun ka urang dapur; ti mimiti balanja ka pasar tepi ka tutup mejana pisan.

"Geuning Tanteu teu acan sarapan? Tos tiis deui panginten nya, sangu gorengna oge."

Sarah asa kagebah. Barang dilieuk, Uning geus aya di lawang dapur.

"Boro-boro dahar, ka cai ge tacan," tembalna. "Ari Uning tas ti mana?"
"Uih nelepon ti wartel."
"Geuning siga geus saged rek ka sakola. Lain engke indit mah samemeh lohor?"
"Dinten ieu teh aya pelajaran olahraga, tabuh sapuluh," tembal Uning. "Tanteu bade teras di bumi?"
"Ah, moal."
"Punten atuh koncina titipkeun ka Ibu."
"Enya," pokna pondok. Da memang kitu biasana; anu kaluar ti imah pangpandeurina kudu mangmihapekeun konci ka Si Ibu. Lain wae konci panto anu sok dipihapekeun teh, tapi deuih popoean. Kabeneran Si Ibu anu ngontrakkeun papiliun teh geus langka indit-inditan, bubuhan geus kolot.

Poe ieu Sarah aya jangji, rek ngabadamikeun persiapan keur acara gelar-budaya di Osaka. Geus aya kana samingguna ari informasina mah, ngan ku manehna tacan dibetuskeun ka sasaha. Saenyana mah rada horeameun diajak ka Jepang teh. Lain teu kabita ku honorna, komo deui ayeuna keur butuh pisan, ngan rek indit-inditan jauh teh melang sieun kumaonam; di lemah cai bisi aya riributan, sakumaha ceuk sawangan Panji.

"Aya kamungkinan Sidang Umum MPR bakal kaganggu," pokna, sawatara minggu ka tukang, samemeh manehna ditewak.
"Kaganggu ku naon?" Sarah pangangguran nanya.
"Ku demonstrasi. Pek we cirikeun, geura! Dina mangsa para wakil rayat yang terhormat sidang di Senayan, di luar bakal aya parlemen jalanan, pangpangna anu dilaksanakeun ku mahasiswa. Malah teu mustahil rayat ge bakal milu tarurun."
"Tapi pan ceuk Panji sorangan, ABRI sakitu kuatna. Naha bakal aya nu wani kitu, mun ngayakeun demonstrasi?" Sarah lahlahan nyarita kitu.
"Bener eta  oge. Tapi da dina ahirna mah kakuciwa, katugenah, jeung kamarudah balarea moal bisa dibendung ku bedil. Jeung barina oge asa piraku ABRI dina harti institusi bakal tega ngabedilan rayat. Kapan bedil katut pelorna teh dibeulina ku duit rayat," omong Panji. "Ngan mun tea mah sidang umum bisa lumangsung kalawan mulus jeung lungsur-langsar, sabab ti samemehna tentara geus nyieun antisipasi, angger wae ari riributan mah bakal timbul; teuing dua, teuing tilu bulan sanggeusna Soeharto kapilih deui jadi presiden. Pasti bakal aya riributan. Pek cirikeun, geura!"
"Ah, mani yakin! Kawas nu heueuh we bakal kitu."
"Eh, kapan ari galagatna mah ti ayeuna keneh oge geus narembongan. Kahirupan ekonomi rayat beuki ruksak, di antarana. Rupia beuki ngagejret hargana, pausahaan loba anu bangkrut tepi ka timbul PHK gegedean, sabab pamarentah loba nyieun kasalahan dina ngalaksanakeun program pangwangunan."
"Padahal mah naon untungna, make kudu aya riributan sagala. Da ari geus kacow mah, rayat-rayat keneh anu ripuhna. Ieu mah ceuk pamanggih Sarah anu teu ngarti kana urusan pulitik."
"Heueuh ari kitu tea mah! Da sarerea oge ari kahayang mah hirup ayem-tengtrem. Tapi, ari enggeus kudu kumaha deui? Rayat geus baroseneun, ieu nagara haben wae dikeukeuweuk ku Soeharto, anu dina kabuktianana beuki jauh tina cita-cita jeung semboyan adil makmur. Aya eta  oge ari lolongkrang makmurna mah, tapi ukur diajangkeun pikeun kulawadet jeung usung-esang Soeharto katut Cina, lain keur sakumna rayat. Ari Sarah geus bosen encan dipresidenan ku Soeharto?"
"Disebut bosen, enya meureun," tembalna sabalang-bentor.
"Tong make meureun atuh!"
"Ah, da Sarah mah teu ngarti kana urusan pulitik, cekeng oge! Enya ge sok rajeun mimilu kana kampanyeu, tapi da ukur ngeusian panggung wungkul, dumeh lumayan aya honoran," manehna gancang nyingcet.
"Kampanyeu Golkar, kituh! Sing lengkep nyarita teh!"
"Heueuh, kampanyeu Golkar. Da ari ngeusian acara kampanyeu partey mah tara aya honoran. Paling oge ukur cap nuhun," Sarah gancang nempas. "Terus, lamun ayeuna presiden geus ganti, ari kahirupan Sarah bakal jadi ningkat, kitu?"
"Mikirna ulah sasoranganeun atuh, tapi kudu bari jeung keur balarea."
"Ah, da teu mampuh atuh ari kudu mikiran nasib batur mah. Pek wae eta  mah urusan Panji."
"lh, nya henteu, da kudu jadi hancengan sarerea."
"Enya atuh, lah," pokna, ngarah teu kapapanjangan. Panji tea, mun diaduan dina masalah kitu mah moal beakeun omong.
"Ih, ari diajak ngobrol teh sok tara puguh!"
"Kapan puguh bieu ge, Ujang. Kapan Aceuk geus nyebut enya. Naha kudu nyarita naon deui?"
"Nyebut enyana kawas nu nyungkun cikeneh mah."
"Karep, ah!" bari ngaleos.

Naha enya omongan Panji bakal ngabukti? Naha enya di lemah cai bakal aya riributan, malah riributan gede? Sarah tacan bisa nyieun kacindekan; jeung kana moal bisa we deuih, da lain cahakna. Ngan, ceuk pamikirna, Panji nyarita kitu teh henteu dapon disada. Sarah geus apal pisan, sok sanajan dirina mah teu ngarti, kumaha perhitungan Panji dina urusan anu patali jeung suasana masarakat. Engke bakal anu geura, misalna. Atawa si anu bakal nyekel jabatan anu, si anu bakal dieureunkeun tina kalungguhanana. Tetela sok ngabukti. Atawa dina mencogna oge tara jauh. Mun tea mah prediksi Panji bener, yen bakal timbul riributan, kumaha atuh engke nasib aing di luar negeri? Naha bakal bisa gancang-gancang balik deui ka lemah cai? Sarah tumanya ka dirina sorangan. Enya, kapan waktuna indit ka Jepang teh meh mokprok jeung sidang umum.

Indit, entong? Indit, entong? Sarah lila nimbang-nimbangna. Tapi ahirna mah nyokot putusan indit, sok sanajan teu gilig pisan. Ari anu jadi alesanana mah saenyana beunang disebut deet: butuh duit! Kolotna rek hajat, ngawinkeun adina nu bungsu. Najan ukur rek nginditkeun, tapi ari babahanan mah tangtu wae kudu. Maenya rek sina indit ngaligincing. Komo deui anu disebut hajat di lingkungan kulawargana mah teu bisa ukur siduru isuk. Kapan ti heula oge, basa ngawinkeun nu nomer opat, keur ngareuah-reuah hajat teh belaan ngaleupaskeun sawah warisan di Ciranjang; anu saenyana mah Sarah teu panujueun pisan, sabab panghasilan ti dinya teh andelan keur ka dapur.

Geus rek karunghal dua tah, ayeuna teh; mangkaning ku adi lalaki. Ceuk batur, mun awewe karunghal, eta  teh matak pikanyerieun. Memang enya. Ngan untung ku manehna mah teu terus jadi pikiran panjang; malah atoh basa ti heula Nitnit rek rarabi teh, sabab beban kulawarga bakal ngurangan. Piraku sugan hayoh wae ngabangbaluhan, ari geus aya salakina anu baris tanggung jawab mah.

Sok rajeun eta oge aya nu tumanya: "Rek iraha atuh?" Maksudna, rek iraha Sarah rarabi. Minangka ngajawabna teh cukup ku seuri. Kitu deui kolotna lain karek sakali, dua kali ngasongkeun picaloneunana, tapi manehna sok gideug wae. Ngan alusna teh tara kateterusan mamaksa supaya buru-buru rumah tangga. Ari kitu tea mah meureun ku indung-bapana oge karasaeun, kumaha tohtohanana Sarah dina ngahirup-huripkeun kulawarga. "Mun Sarah kawin, sieun engkena teu bisa enya-enya ngabayuan kulawarga," kitu jawaban anu kungsi dikedalkeun ku manehna. Kahalartieun; lain wae ku kolotna, tapi deuih ku dulur-dulurna.

Naha eta  omongan teh jujur? Tangtu wae henteu sagemblengna kitu, da masih keneh aya alesan sejenna, pangna manehna kawas anu taya niat pikeun rarabi. Tapi, eta  alesan teh tara diambeng diucah-aceh; cukup ngan keur sadirieunana wae.

Ari ayeuna, bet aya anu daria ngajakan kawin, sok sanajan dikedalkeunana di tukangeun sarigsig beusi.

Manehna jadi ras deui ka Panji; kana pangajakna, kana kadarianana.

Panji, keur naon ayeuna di jero kamar tahanan?
***
Keur diuk, Sarah.

Enya, keur diuk bari ngumbar sawangan kana rupa-rupa kajadian. Sakapeung ngungkab rupaning lalakon ka tukang-tukang, pindah deui ka alam pikahareupeun, selang-selang ti kiwari nu keur karandapan. Sakapeung ngaruntuy, sakapeung tutuncalan. Bruh-breh gambar narembongan. Aya diri sorangan. Aya maranehna. Jeung aya anjeun, Sarah! Anjeun anu salawasna satia besuk ka dieu. Anjeun anu geus karasa bumela jeung loba pangorbanan. Anjeun anu teu bosen-bosen ngotretkeun kayu api, laju ngahurungkeun palita; di luar poek meredong, angin ngadudud taya reureuhna.

Lamun kuring nyebutkeun "aya maranehna", eta  teh "maranehna di pihak kuring". Tur kuring yakin yen moal ngalantarankeun anjeun jadi timburu. Beda deui lamun anjeun nyebutkeun "maranehna di pihak anjeun", sok remen ngalantarankeun dada asa ngaheab. Naha eta  teh anu disebut cinta tea, kitu?

Jadi, "maranehna kuring" beda jeung "maranehna anjeun". Ari kitu tea mah pantes, sabab urang teh kapan napak dina dunya anu beda. Beda panginditan, beda lalakon, beda nu meunteun, tapi rada sarimbag dina udagan. Tah, dina lebah anu sarimbagna( jigana) nu ngalantarankeun urang bisa sagulung-sagalang teh. Saenyana kuring remen ngiker-ngiker lolongkrang, sangkan sasaruaan di antara urang duaan jadi nambahan. Ulah ngan sacangkewok, ulah ngan saguliwek. Hayang sina rada lega meueusan, ngarah urang laluasa nyenghap jeung ngarenghap.

Jadi cindekna mah, Sarah, kuring teh butuh ku pameungkeut, sangkan jeung anjeun bisa leuwih raket. Memang pamohalan mun hayang raket dina sagala-galana jeung salalawasna mah, da anjeun mangrupa hiji pribadi nu geus ngabentuk, kalawan dikasang-tukangan ku kahirupan anu mandiri; atuh kuring oge nya kitu keneh. Geuning kuring kungsi nyarita, hiji mangsa Si Akang ngawih dipirig kacapi (sakumaha kalangenan manehna dina geus nyalse tina gawe, biasana dina wanci sareureuh budak) anu kieu ungkarana:

anjeun keukeuh hayang lodong
kuring mah boga tolombong
andika juuh ku lahang
kula ngababad turiang

Tuh, pan! Beda wadah, beda nu diwadahanana. Anu sarua teh lebah "aya beubeunanganana"; anjeun beubeunangan, kuring beubeunangan. Tah, nya "aya beubeunanganana" ieu nu hayang dibeungkeut-disimpay teh. Hanas anjeun meunang lahang, ari kuring turiang, nya keun wae atuh! Da meureun duanana oge bakal kaala mangpaatna. Dina kahirupan mah kapan teu kudu saban jalma boga lahang, atawa teu kudu sarerea meunang turiang.

Kitu anu katimbang ku kuring, tepi ka ahirna timbul paniatan hayang meungkeut anjeun, hayang nempatkeun anjeun dina posisi pamajikan. Kuring moal rek masualkeun lodong jeung tolombong, atawa lahang reujeung turiang. Kuring moal rek masualkeun kasang tukang hirup anjeun; eta  mah rek kumaha wae dongeng baretona, kajeun! Da anu penting mah lalakon ayeuna jeung isukan. Kuring moal rek pipilueun, naha anjeun rek terus milih dunya panggung, atawa rek ngawatesanan pakalangan. Moal, Sarah! Paling ge pamenta teh, pek geura pilihan deui, geura ayak-ayak deui, saha wae anu rek angger nempatan posisi "maranehna anjeun"; ulah nu ngalantarankeun kuring ragrag harga diri salaku lalaki.

Memang, satadina mah kuring teu mikir-mikir yen kudu (gancang-gancang) ngawangun rumah tangga. Ah, naon gunana, ceuk timbangan pikiran anu salila ieu jadi cecekelan. Bari jeung tacan siap nanggung konsekuensina deuih; boh dina aspek ekonomis, boh psikologis. Kuring hayang keneh bebas; dina harti bebas gerak ka ditu, ka dieu, jejeblogan dina urusan anu patali jeung cita-cita. Kuring teu hayang dibeungbeuratan ku anak-pamajikan. Sabab, mun kuring geus rumah tangga, tangtu wae geus moal bisa deui ras-jig; sagala rupa tindakan kudu ditimbang-timbang heula untung-rugina ceuk takeran kapentingan kulawarga. Ana kitu, geus pasti kuring kana bakal loba kasengker. Mun kuring geus boga anak-pamajikan, naha bakal bisa laluasa keneh ancrub kana rupa-rupa kagiatan anu remen pisan nyongcay waktu jeung tanaga? Moal bisa, pan. Tur padahal, kuring diperedih kudu kitu ku kaayaan anu kiwari keur disanghareupan; rapat di ditu, di dieu, mingpin diskusi, nulis keur media massa, ngahimpun kakuatan moral pikeun ngadobrak sistem pamarentahan anu geus karahaan.

Mun kuring hantem abrut-abrutan, tapi di sejen pihak geus boga tanggung jawab nu mangrupa anak-pamajikan, hartina kuring kudu ngawelah dua parahu; anu teu (tacan) sanggup tea eta  teh.

Eta sababna, sajeroning wawuh tur deukeut jeung anjeun, kuring tara ngocal-ngocal ngajak rumah tangga; keur mah ti pihak anjeun sorangan oge deuih teu miharep tepi ka dinya. Pek geura inget-inget deui, iraha teuing anjeun nyaritakeun perkara hayang ngawangun rumah tangga. Anjeun butuh ku kuring teh lain sabab butuh pisalakieun, lin? Ukur butuh pikeun diajak nyarita. Hanas sagala rupa oge ku anjeun tara aya nu dikoretkeun, ah, da kuring mah teu (enya-enya) menta.

Satadina kuring boga angkeuhan, lila-lila mah urang teh bakal bosen sorangan. Tah, mun geus tepi ka lebah dinya, naon hesena mun urang papisah deui. Teu kudu make acara resmi. Kapan basa urang munggaran patepung oge estu ukur ku kabenenan wungkul; lain meunang hayang, lain dihaja, jajauheun mun direncanakeun ti anggalna. Bosenna anjeun ka hiji lalaki, kapan geus biasa ieuh. Nya kitu deui kuring, bakal babari mopohokeunana; sakumaha babari pohona ka awewe anu haladir heulaeun anjeun. Tapi, dina kabuktianana, eta  kabosen teh teu datang-datang, tepi ka antukna teu karasa yen urang reureujeungan teh geus aya taunna. Geus kaitung panjang urang nataran lalakon; suka reujeung susahna, kareueut reujeung peuheurna. Tapi najan kitu, keukeuh wae kuring teu mikir-mikir ari kana kana urusan rumah tangga mah. Kitu deui anjeun, bangun anu geus ngarasa sugema ku remen reureujeungan wungkul ge.

Mungkin anjeun tumanya, ti mimiti iraha kuring robah pamadegan, tepi ka ahirna timbul paniatan hayang ngawangun rumah tangga?

Tah, Sarah, eta  parobahan teh datangna henteu sakali gus. Hiji mangsa, kuring ngobrol jeung Si Akang. Kalawan teu karasa leokna, jejer obrolan pindah kana urusan pribadi kuring. Si Akang mapaykeun, rek iraha kuring aya niat rarabi. Kuring ngajawab kalawan tatag, tur asa weweg argumentasina; yen moal waka boga anak-pamajikan, sabab aya sanghareupaneun anu leuwih rohaka.

Teu pati panjang harita Si Akang ngomentaranana, "Enya, tapi Kangjeng Nabi katut para sohabat oge anu kurang kumaha tohtohanana mancegkeun kaadilan jeung bebeneran, geuning teu mopohokeun urusan rumah tangga. Kangjeng Rosul kagungan garwa; berjoangna taya kendatna, urusan rumah tanggana beres-roes. Naha ari maneh teu hayang kitu nyonto ka anjeunna?"

"Wah, tuda eta  mah jaman baheula, Kang. Ayeuna mah geus beda deui alamna," omong kuring.
"Bener, ari alamna mah beda, da kasapihna oge aya kana welasna abad. Tapi ari hakekat berjoangna mah sarua-sarua keneh," walon Si Akang. "Rek kumaha bisana maneh memeres urusan nu leuwih lega, mun urusan pribadi maneh sorangan teu beres-beres. Ari pikeun urang mah, anu ngagem ajaran candak Kangjeng Rosul, anak-pamajikan teh lain panghalang dina berjoang. Lamun maneh terus ngalengkah rek ngahontal cita-cita bari dina kaayaan lalagasan, naha bakal leuwih alus, kitu? Alus dina prosesna, alus dina hasilna."

Kuring henteu ngajawab. Ngan wae ari dina hate mah ngaheueuhan kana omongan Si Akang.

Beuki karasa kumaha butuhna ku anjeun teh sanggeusna kuring nyirekem di dieu, hirup diwatesanan tembok tohaga, sarengkak-saparipolah teu leupas tina panalingaan patugas jaga, bari jeung tacan kasawang iraha kuring jadi deui manusa merdeka. Naha kuring ngarasa hanjakal? Eta  pertanyaan teh tina biwir anjeun oge kungsi kedal deuih. Ah, henteu. Teu matak jadi handeueul ieuh; komo mun tepi ka kudu meupeus keuyang atawa putus harepan mah. Naon-naon anu karandapan ayeuna teh kapan mangrupa bagian tina perjoangan. Kitu lah, kira-kirana mun ceuk legegna mah. Ari perjoangan, kapan pikeun ngahontal cita-cita tea.

Sarah, tangtu anjeun geus apal, kumaha ari pamadegan kuring dina urusan cita-cita enggoning ngahirup-huripkeun balarea. Ceuk pamadegan kuring, urang sarerea kudu ludeung ngarombak total, sistem pamarentahan kudu diganti, sentralisasi kudu gancang-gancang dikubur, sabab geus bukti yen naon-naon anu kiwari karasa ku balarea beuki jauh tina rasa adil. Kuring remen ngabuih di hareupeun anjeun ngeunaan kahirupan ieu bangsa sajeroning digenggem ku rezim anu ayeuna keur kawasa; yen demokrasi keur rumanggieung, yen hukum henteu jadi supremasi malah bisa dijual-beulikeun, yen nu nyarekel kakawasaan beuki karokomoan, yen korupsi geus mahabu dina sakabeh lapisan jeung lingkungan lembaga pamarentah, yen ... wah, loba pisan! Saban kuring dodongeng, anjeun tara mairan panjang-panjang. Tapi tina sorot panon anjeun sok rajeun kabaca aya rasa melang. Naha sabenerna anjeun hayang nyarita: "Tong ludeung-ludeung teuing atuh, Panji"? Ngan ari pikeun kuring mah, kamelang anjeun teu ieuh dianggap jadi panghalang, paling ge minangka ngingetan sangkan kuring leuwih iatna. Tapi geuning dina kabuktianana mah kakuatan ieu rezim lir akar-akar kanker anu geus sumarambah dina sakabeh bagian awak; ti mimiti embun-embunan tepi ka dampal suku. Kuring teu mampuh ngahindar, da geus teu boga deui panglumpatan, kajaba mun daek nurutan jadi binih kanker kawas nu lian.

Badan sakujur anu geus kalimpudan ku kasakit, tangtuna ge geus moal bisa deui diubaran. Komo ku ubar puruluk, dalah diamputasi oge geus moal aya hartina. Jadi, mending keneh geura sayagikeun kuburan.

Kitu pamadegan kuring mun nyaritakeun rezim anu ayeuna keur nyekel kakawasaan di ieu republik. Kudu dirakrak, kudu dikakat, da saider-ider geus dipake sayang rinyuh. Ana geus ngagebru rata jeung lemah, tatapakanana kudu dibebenah deui ; naha rek sina ka lebah mana nyanghareupna imah nu baris diadegkeun deui teh? Terus deuih kudu enya-enya dipalikiran; naha urang rek ngadegkeun imah lega anu sagala rupana museur di tepas, atawa imah petak nu baroga hawu sewang-sewangan? Kuring leuwih condong kana pilihan nu kadua, da geuning kabuktian yen imah gede teh ukur nyenangkeun maranehna anu caricing di tepas wungkul. Lalawuh anu dijieun ku urang dapur, karasa ngeunahna teh ukur ku anu caricing di tepas, anu kalolobaanana mah semah, anu daratangna ukur rek ngaheurinan wungkul.

Nya pikiran-pikiran eta  pisan anu ngalantarankeun kuring dicap federalis, provinsialistis, hayang ngadegkeun deui Nagara Pasundan anyar, anti ABRI, kesukuan, jeung musuh Ordeu Baru. Bisa jadi aya benerna, mun kuring meunang setempel kawas kitu teh. Tapina, eta  pamadegan teh da puguh dasarna atuh, sarta dikasang-tukangan ku pangalaman anu karandapan ku diri sorangan.