DI imah karasa tiiseun, cuang-cieung sorangan. Memang asa teu puguh, da biasana mah mun "nganjang" kawas kieu teh Panji keur aya di imah.
Ari ayeuna, heueuh, kapan geus aya mingguna ditahan. Tas lebaran ditewakna teh. Iraha rek bebasna? Wallohualam. Naha engkena bakal dijagragkeun ka meja hejo, atawa dibebaskeun deui kitu wae, sakumaha anu remen kadenge lamun aya anu ditewak ku tentara, tepi ka poe ieu Sarah tacan manggih raratan. Ngan lamun ngeunteung kana kajadian anu enggeus-enggeus, sakumaha anu kungsi karandapan ku batur, biasana tara terus dibawa kana proses hukum. Karek ayeuna Panji ngalaman ditahan, da anu ti heula-heula mah ukur dipanggil wungkul paling ogenan; tur dina sorena geus bebas deui. Naha ari ayeuna bet ngampleng? Naha pedah kasusna dianggap beurat? Sarah tacan kungsi meunang katerangan ngeunaan eta. Panjina sorangan tara bisaeun nyarita panjang, mun ditanya teh. Tapi ari ceuk itungan manehna sorangan mah, aya bahan lila keneh kana bebasna; komo ayeuna kapan rek nyanghareupan Sidang Umum MPR-suasana kudu tenang, dipahing aya riributan.
Jetrek ngahurungkeun televisi, ngarah teu tiiseun teuing.
Pas ngagebray, pas Harmoko keur ngomong; sumanget bari pepeta. Buukna lucir, matak tisoledat kutu. Ieu pamingpin anu resep pisan kana acara safari Ramadan jeung ngayakeun tarling alias taraweh keliling teh rek nyalonkeun deui Soeharto, cenah, sabab ngarasa yakin masih keneh dipikahayang ku rahayat Indonesia pikeun mingpin ieu nagara.
"Karep, ah!" Sarah ngomentaran Si Bung, bari jetrek dipareuman deui. Bosen ngadengena oge!
Ragamang kana tip-kompo. Sajetrekna deui mencet tutsna oge, teu pipilih heula kasetna; padu ngaheong, da tujuanana oge lain rek ngadengekeun-ngadengekeun teuing lagu.
selangkah demi selangkah
kau turutkan kata hati
sampai jauh ke ujung bukit
yang berbatas langit
Lagu karesep Panji. Lagu heubeul, cenah. Teuing urut nyetel Uning, kasetna teh dicabut deui, teuing urut Panji basa keur aya keneh di imah.
jasadmu tlah hancur
badan pun tlah luka
bahkan hati tlah berkeping
tapi tak kutemukan jawaban, u-u-u ....
Bogoh kana lirikna, ceuk Panji dina hiji waktu. Sarah teu mairan, da ari pikeun manehna mah keukeuh hese katewak maksudna, eta sora bariton Acil Bimbo teh. Beda jeung lalaguan pop lianna; boh anu eusina melas-melis ngageuri hayang dipulangkeun ka imah kolot sabab ku salaki dinyenyeri, boh anu hayang nuturkeun kabogoh ka mana wae jigna-ulah waka ka Kamboja, dalah ka Ethiopia oge Nyai mah bade ngiringan wae, cenah. Atawa jeung lalaguan jaipongan atuh, anu sok dipake mirig manehna lamun keur ngibing di panggung. Rek "Daun Pulus", rek "Serat Salira" eusina asa nalonggerak pisan; jol breh kaharti.
Tabuh satengah dalapan, Uning geus aya deui di imah. Teu kudu dipokkeun oge, pribumi geus langsung surti yen semahna moal rek nyieun balik, da geuning kalah dadapangan dina korsi males bari mukaan majalah.
"Bilih bade gentos ku daster mah, itu kagungan Tanteu tos kenging nyetrika, "omong Uning, waktu nyeueung semahna dadapangan bari andolekak.
"Enya, keun," tembal Sarah, bari panonna mah teu lesot tina majalah.
Uning asup deui ka kamarna. Kadenge keprak-kepruk; keur meresihan kasur ku sapu nyere. Ngahaja dipasang dua setel, dipan di kamarna teh; anu hiji deui paranti ari Sarah milu ngendong.
Sarah cengkat, bus ka kamar, bari ngagigiwing majalah. "Mana daster teh, Ning?"
"Ke sakedap, urang bantun heula tina lomari di kamar Mang Enji," tembalna.
"Naha make diteundeun dina lomari di kamar Amang atuh? Padahal mah hijikeun wae jeung baju Uning," omong Sarah. Manehna ingeteun deui kana caritaan Panji tadi; yen Si Akang kungsi manggihan papakean awewe di kamar adina.
Uning henteu nembalan, da kalah terus ngaleos ka kamar emangna. Teu kungsi lila geus jol deui bari nanggeuy daster meunang nilepan.
"Uning apal basa aya Mang Tahmid ka dieu?" Sarah nanya, sanggeus manehna ganti baju.
"Henteu. Waktos Mang Tahmid ka dieu, abdi tos mios ka sakola," tembalna. "Aya naon kitu, Tanteu?"
"Ah, henteu. Teu nanaon. Nanyakeun soteh, bisi we harita tepung jeung Uning," omong Sarah; pikiranana rada ngemplong. Enya, ku manehna ge geus kasawang tuda, bakal kurang hade kadengena, mun harita Kang Tahmid nyaritana di hareupeun Uning. Sabab, dina hate leutikna mah Sarah ge ngaku yen ku sok mondok-moekna di imah Panji teh matak teu pihadeeun. Keun, lamun Panji cicingna nyorangan mah. Ari ieu, kapan saimah jeung alona anu geus parawan. Sok sanajan Uning tara nembongkeun pasemon goreng, tapi ku manehna geus bisa dikira-kira, bakal kumaha kesan jeung perasaanana. Meureun mun kongang mah nyarita, bakal kieu pok-pokanana teh, "Naha teu isin, Tanteu, sering ngadon kulem di bumi pameget?" Henteu pok soteh dikedalkeun meureun we pedah ngaragangan, atawa memang teu wani nembrakkeunana. Dina hate leutikna Sarah ngaenyakeun yen kalakuan dirina teh bakal jadi "virus" pikeun Uning. Sabebas-bebasna Sarah, tapi manehna teu hayang nepakeun eta "virus". Lain wae ka alona Panji, tapi deuih ka anu lianna ogenan.
"Tanteu sering tepang sareng Mang Tahmid?"
"Ah, henten. Tepung teh ti henla we, basa ku Amang diajak ka ditu, ka gunung," tembal Sarah. "Mani jauh geuning, nya? Leumpangna oge aya kana satengah jamna, ti saturunna tina ojeg teh, jaba nanjak deuih. Tapi bejana geus aya sasak ayeuna mah."
"Muhun, tos beres. Ojeg teh tos tiasa langsung dugi ka buruan ayeuna mah. Tapi upami nuju usum hujan mah, angger we repot, da motorna sok sering ngosod."
"Nyantri nya, Mang Tahmid mah."
Uning ukur nembalan ku seuri.
"Sarua jeung Uning, nyantri," omong Sarah deui.
"Ah, Tanteu mah," pokna, bari semu rada era; meureun pedah dialem nyantri.
"Enyaan, nyantri. Geuning ayeuna Uning sok remen dijilbab. Ari Tanteu mah atoh we; komo Mang Enji mah bangun nu agul pisan nempo papakean Uning baruni teh."
Uning teu mairan, kalah tungkul. Memang kaasup kana kolom carang takol, jeung rada eraan deuih; ceuk Panji mah nurun ti indungna. "Si Enceu mah bageur jeung sabar," kitu lamun Panji keur ngalem lanceukna; heueuh, indungna Uning tea.
"Dikantun heula atuh, Tanteu," pokna, sanggeus ngabetem salila-lila. "Abdi bade meresan makalah kanggo enjing."
Minangka nembalanana, Sarah ngan ukur unggeuk.
Najan teu pati eces, ti jero kamar kadenge sora tuts keyboard; sakapeung nerektek, sakapeung anca. Sanggeus rada lila, disambung ku sora printer, ceceketan.
Di patengahan, Sarah diuk nyorangan, tepi ka peuting pisan. Waktu Uning geus teu kadenge keur baranggawe oge, manehna tacan waka-waka asup ka kamar. Anteng nataran sawangan anu bruh-breh narembongan.
Simpe.