21. Gancangna ieu carita, hanteu lami Sri Narpati, nimbalan ka Prameswara, kudu pindahkeun ka puri, eta Siti Kaswati, Meswari lajeng ngawangsul, nyumanggakeun ka raka, sarta harita teu lami, teras ngalih ka puri ti kaputrian.
22. Diiring ku sadayana, para pameget praistri, gurilap pajeng gilapna, geus sumping ka pancaniti, putri Siti Kaswani, tetep lenggah di kadatun, sarta mangsa harita, ngan kanti ririwit galih, nyeri peurih ku Rajaputra Purnama.
23. Tapi teu weleh neneda, Sang Putri Siti Kaswati, muga aya sih Dewata, nitis tulis bagja diri, ka nu kasep gumeling, Pangeran Pinutra Sunu, malah Putri basana, tinimbang jeung hanteu milik, kajeun wapat dina sajero napaan.
24. Nadjan dongkap ka kiamat, moal weleh mujasmedi, bawaning hoyong laksana, ramana nya kitu deui, tina bawaning watir, ka Putri anu keur ngangluh, sarta nguwung benduna, taya kendatna samenit, enya eta ka Sang Pangeran Pinutra.
25. Sarta teu lami Sri Nata, ngalahir ka Arya Patih, wantu masih berhimpunan, eh yayi Aria Patih, kakang teh leuwih-leuwih, nya nandangan napsu nguwung, ka si Purnama Alam, estu abong-abong teuing, deungeun-deungeun nganyenyeri ngawiwirang. 26. Teu beunang dipibaraya, nampik henteu jeung pamilih, milampah kaya nu owah, ngaruksak ka Nyi Kaswati, meh-mehan bae mati, lamun teu dirubung-rubung, ku du'a jeung panumbal, tatapina ati-ati, maksud kakang moal arek kumapalang.
27. Sabab si Purnama Alam, tinangtu moal sak deui, pangna wani kitu lampah, wujuk bapana pinasti, tina sabab mustahil, si Purnama teu ngagugu, mun dipapatahan mah, kudu purun ka Kaswati, da ku mohal anak teu nurut ka bapa.
28. Ku sabab eta ayeuna, kahayang kakang nu yakin, bapana montong kapalang, nya urang bandang sakali, basmi nagrina lindih, poe isuk Patih kudu, ngondang para dipatya, bawahan urang pribadi, urang bawa ngabedah nagri Riskomar.
29. Teu lami Aria Kumba, ngawangsulan ka Sang Aji, abdi Gusti tumut pisan, kana sadaya panglahir, kalayan abdi Gusti, lintang rebu-rebu nuhun, Gusti aya keresa, nempuh Riskomar nagari, manawina kabandang jadi pangkonan.
30. Kalayan ku kalamian, menggah diri abdi Gusti, henteu mendak peperangan, leleson tandingan jurit, ku kesel abdi Gusti, tutur tarung saban waktu, tuman perang galungan, ayeuna parantos lami, titingkueun lir hayam dicalongcongan.
31. Ngalahir deui Sri Nata, ka Raden Aria Patih, bener pisan Arya Patya, kakang ge nya kitu deui, ngan ayeuna mah gasik, ngondangan ka para tamu, pilihan nu utama, nu sok unggul dina jurit, jeung nu sikep dina tandang danalaga.
Dangdanggula
1. Saparantos Sang Ratu wawarti, Arya Patih jeung mantri sadaya sami wangsul ti karaton, gancangna nu dicatur, tunda Ratu Ambarak nagri nu keur ngantos ondangan, pikeun perang pupuh, malihan deui carita, di Riskomar waktu wengian dipaling, Sang Pangeran Purnama.
2. Putri Resi langkung kaget galih, salungsurna Sang Raja Pinutra, manah Putri tingseredet, jeung bayeungyang kalangkung, sasauran lebeting galih, ieu kawas alamat, kana geusan ewuh, nadah raga panca baya, reujeung, naha raka Pangeran bet lami, tacan sumping ti jamban.
3. Diitungna bet tilu jam leuwih, na ka mana tumeras jengkarna, ngalolos henteu nyarios, manahna Putri kitu, sarta lajeng lungsur ti bumi, kersana Sang Kania, nyusul Putra Sunu, kana jamban tempat siram, tatapina salirana Putri Resi, rasa pupuringkakan.
4. Tapi maksa kaluar ti bumi, sarta tuluy angkatna ka jamban, nyalira teu nyandak gandek, barang sumping kalangkung, nandang heran Putri Pramanik, wireh Pangeran Putra, di jambanna suwung, ngan aya sabun andukna, sarta sidik hanteu aya pisan ciri, tapakna urut siram.
5. Putri nyaur salebeting galih, aeh-aeh ka mana terasna, sumangkat hanteu nyarios, tapi Putri henteu geruh, marukanna teras pelesir, atawa ka pamengkang, Sang Pangeran Sunu, teu lami Dewi Kania, mulih deui ti jamban lebet ka bumi, ngan manah nu cangcaya.
6. Linggih deui dina pramedani, hanteu kulem ngantosan Pinutra, sugan sumping tereh-tereh, teu lami bedug subuh, Rajaputra masih teu sumping, heran Dewi Kania, manah dugdeg ratug, barang harita geus siang, pukul tujuh masih keneh tacan sumping, Rajaputra Purnama.
7. Hanteu lami Sang Putri Pramanik, lajeng nyaur ka sadaya rencang, saeusi kaputran bae, di bumi sina kumpul, sarta henteu lami ngalahir, dibarung jeung rumenghap, bawaning ku ewuh, coba saba anu terang, waktu lungsur Pangeran Putra ka cai, kersana bade siram.
8. Lamun aya anu mararanggih, cing ka mana piteraseunana, kami mah bet leuwih helok, angkat ka mana atuh, anu matak teu sumping-sumping, ti waktu bada isa, Jeng Pangeran Sunu, ti peuting waktu lungsurna, tapi nepi ka ayeuna hanteu sumping, da maranan mah mohal.
9. Sadayana emban-emban sami, ngawangsulan ka Dewi Kania, unjukan teu terang bae, Dewi Kania wuwuh, nandang heran kawanti-wanti, dumugi humandeuar, lah ka mana atuh, ku tara ti sasarina, unclang-anclong taya pedah damel kulir, Sang Pangeran Pinutra.
10. Ngan ayeuna hayu anteur kami, urang nyusul Pangeran Pinutra sugan angkat ka karaton, gancangna nu dicatur, hanteu lami Putri Pramanik, jung jengkar ti kaputran, angkat gura-giru, anu ngiring dua emban, juru sekar ngaran Nyi Rata Nyi Rati, gandek pangkadeuheusna.
11. Kacaturkeun geus sumping ka puri, nyondong Ratu sareng Prameswara, di songko pungkur karaton, katingali ku Ratu, lajeng nyaur ka Nyai Dewi, nyambat ngahiap-hiap, ka Sang Dewi mantu, Putri Pramanik tumeras, ngadeuheusan di payuneun Kangjeng Gusti, mando langkung ajrihna.
12. Kangjeng Ratu teu lami ngalahir, karep naon Nyai teh nu matak, datang rusuh isuk keneh, naon nu jadi perlu, jeung pasemon nu susah ati, coba geura bebeja, ka ama sing puguh, ngawangsul Dewi Kania, abdi Dalem margi ngadeuheus sayakti, maksad bade unjukan.
13. Tina margi abdi Dalem kenging, kaewuhan anu sakalintang ku putra Dalem Sang Anom, Pangeran Putra Sunu, wireh awit wengian tadi, kinten tabuh dalapan, keresana lungsur, bade siram dina jamban, hanteu aya abdi-abdi anu ngiring, dina wangkid lungsurna.
14. Mung dumugi ka ayeuna yakti, putra Dalem Pangeran Purnama ka bumi teu sumping bae, abdi Dalem kalangkung, kaewuhan margi teu sumping, duka Gusti ka mana, ku teu aya saur, margi abdi Dalem enggal, enjing-enjing dumuheus ka dampal Gusti, ngunjukan Sang Pinutra.
15. Sri Narpati teu lami ngalahir, ka Sang Dewi euweuh ka dieu mah, malah ti kamari oge, cing sugan di Panghulu, atawana di Arya Patih, rek ngadon cacarita, mupakat hal elmu, coba nitah gulang-gulang sina susul ulah waka geder ati, babarian ngalimba.
16. Hanteu lami Sri Maha Narpati, ngadawuhan ka hiji ponggawa, nu nuju tugur karaton, neangan Putra Sunu, kana saban bumi priyayi, ka kaum kapatihan, tapi teu katimu, hanteu lila gulang-gulang, dongkap deui piunjuk ka Kangjeng Gusti, Rajaputra teu aya.
17. Dipilari di sadaya sepi, Kangjeng Ratu nembe geder manah, ewuh ku Pinutra Anom, sarta teu lami Ratu, miwarangan nyaur Papatih, gancang nu dicarita, haneu lami jebul, Arya Patih ka pamengkang, ngadeuheusan ka payuneun Sri Narpati, Ratu lajeng ngandika.
18. Kieu adi Aria Papatih, anu matak diala ku kakang, sabab kakang manggih kaget, Nyi Kania piunjuk, Ki Purnama tadi peuting, kira pukul dalapan, ti imahna turun, basana ka Nyi Kania, Ki Purnama rek ka cai maksud mandi, di bak karang kaputran. 19. Tatapina nepi ka kiwari, Ki Purnama hanteu datang-datang, gandekna taya nu nyaho, ku tina sabab kitu, cing teangan ku kabeh mantri, ponggawa sanagara, bisina kasarung, karuncang rancana setan, Raden Patih langkung-langkung kaget galih, nguping dawuhan Raja.
20. Ngadawuhkeun Sang Pinutra sepi, ti kaputran lolos tanpa karana, Aria Patih ngajenghok, bawaning kaget kalbu, hanteu lami pamit ka Gusti, nyembah sarta jung jengkar, gudag-gidig rusuh, ka paseban kapatihan, sasumpingna nyaur sadaya priyayi, eusi kota Riskomar.
21. Jagastru sarta para mantri, gulang-gulang reujeung upacara, ngaberes sami marando, didawuhan yen kudu, kana ngider sajero nagri, neangan Rajaputra, masingna katimu, rahrah sajero nagara, sadayana nyambah pamit ka Papatih, gancang pada barudal.
22. Ti paseban sami masing-masing, nu sawareh ka kulon ka wetan, anu ka kidul ka kaler, diasruk saban lembur, imah-imah anu utami, sakur nu aya randa, jeung parawan alus, dijorag diarasupan, nu sawareh anu ka losmen ka kongsi, dirahrah teu kaliwat.
23. Tatapina weleh teu kapanggih, poe eta teu eureun neangan, ponggawa-ponggawa kabeh, tungtungna mah nya guyur, lain wungkul bangsa priyayi, anu nareangan, Sang Pangeran Sunu, sajero kota Riskomar, geus ubiag tagiwur praabdi-abdi, yen leungit Rajaputra.
24. Kangjeng Gusti Sri Maha Narpati, langkung-langkung tunggara manahna, mungguh Meswari mah komo, geus cara nu teu emur, jerat-jerit teu kendat nangis, sasambat lolongseran, di jero kadatun, ampir-ampir karancana, kana tega nelasan anjeun ku keris, lamun hanteu dijaga.
25. Ngan Jeng Ratu bubuhan peryogi, ngagem rukun raga karajaan, ngan ukur lunsena bae, teu keuna linglung kalbu, hanteu lami nyaur ka Patih, ayeuna geus pertela, di nagara suwung, coba-coba ku Ki Arya, rahrah bae ka gunung tegalan pasir ku sakabeh wadia. *** (Hanca)