Wanci haneut moyan, layon geus rengse dipulasara. Breng disalatan, diimaman ku Mualim Jamjami.
"Enji, iklaskeun ...," Si Akang ngaharewos, basa layon geus diperenahkeun dina pasaran.
Kuring unggeuk lalaunan.
"Maneh kudu milu ngagotong, minangka panghormat pamungkas kana jasad kolot urang," omongna deui, angger alon.
Naha pikuateun kitu, mun kuring milu ngagotong pasaran?
"Sok geura bismillah! Babacaan sabisa-bisa kainyah!" bari ngajungjungkeun kuring, sina nangtung.
Kuring jeung Kang Parman di hareup, kenca-katuhu. Si Akang jeung Kang Obing bagian di tukang.
Teu, teu beurat teu sing ari lebah manggul pasaran mah. Enya tuda, saburat-buratna oge waruga Mimih; moal leuwih ti satengah kintal, bari dijungjungkeunana ku opatan. Ngan dina waktuna ngalengkah, suku asa ramohpoy wae. Antukna kuring mah teu parat tepi ka pajaratan ngagotong pasaran teh, da kaburu rada gagaleongan. Gancang wae dioper ku Mang Enjang, rai Mimih nu pangais bungsu. Kuring gancang dibawa nyisi, da bisi ngagokan aleutan nu rek ka makam.
Sanggeus pasaran ngaliwat, kuring asup deui kana aleutan anu teu eureun-eureun nyoarakeun, "Laailaaha illalloh, laailaaha illalloh, laailaaha illalloh muhammad darosululloh ...," asa ketir kadengena, tingsareblak, tingseredet.
Cunduk ka pajaratan. Pasaran diecagkeun, laju rurubna dibuka; samping kebat dipapaes tiiran rampe. Turub pasaran dijungjungkeun. Ebreh katangen banusan dibungkus boeh, ditilaman samak pandan. Pa Amil turun pangheulana, dituturkeun ku duaan. Layon diangkat lalaunan, disodorkeun ka handap sina ditampanan ku duaan.
Tetenjoan ngadadak asa jadi teu jelas. Sirah lieur, suku ngagaleter. Untung wae kaburu aya nu nyekelan; jadi teu terus ngagebru di dinya. Kuring disangkeh dibawa nyingkah ti pajaratan. Sajeroning leumpang teh suku asa teu napak, awak asa ngahampangan-kakalayangan.
Rada jejeg deui ingetan teh sanggeus aya deui di tepas. Aya nu hideng ngasongkeun gelas. Regot diinum; karasa nyecep, maseuhan tikoro anu tuhureun. Pangacian nungtutan karumpul deui. Kuring ukur ngahuleng salila-lila.
Anu tas ti makam geus nungtutan daratang. Ceu Cacih nanangkeup samping kebat urut rurub pasaran. Na ari breh teh aya Sarah, leumpang gigireunana. Papakeanana sing sarwa hideung, malah make cindung sagala, najan teu buni nutupan buuk. Manehna terus nyampeurkeun, gek diuk gigireun.
"Panji kedah sadrah," pokna alon.
Kuring tiba unggeuk lalaunan.
***
Enya ari jalma mah pagaliwota. Lain semet di tepas jeung di patengahan wae, tapi deuih di buruan, ngan kuring keukeuh asa cuang-cieung. Najan urusan di pajaratan geus rengse, tapi semah tetep nungtutan daratang. Umumna mah nu padumukanana jarauh, atawa nu narima bejana kapandeurian.
Gek di tepas, asa teu matak betah. Koreleng ka pipir, keukeuh wae asa roncong pikir. Lol ka pawon, asa aya nu copong, padahal jelema sakitu rayapna; ti nu keur saksak-siksik tepi ka ngasur-ngasur seuneu. Katel gede ngagogotrok; nyao keur nyieun opor, nyao bebecek. Teu jauh ti sungut hawu, hulu domba sadua-dua geus gareheng sesa miceunan buluna. Gigih nu geus maju ka tuhur teuing aya sababaraha baskom; sawareh geus nungtut diseupanan.
Nenjo nu popolah di dapur, kuring kalah rus-ras. Enya, mun keur rame ku anu baranggawe kawas kieu teh, tah, sok di dinya Mimih calikna. Ari ayeuna, eta teh jadi dieusian batur. Kasawang keneh kumaha petana ari Mimih nuju utuh-etah. Ti ayeuna ka hareup mah geus moal aya deui tangtuna ge.
Antukna bus ka patengahan, milu ngariung jeung semah nu keur disanghareupan ku Kang Parman. Kuring neuteup ka lebah lawang kamar Mimih. Kungsi jadi kamar kuring eta teh, jaman ari sare kudu dikelonan keneh. Mun teu salah, kaluar ti dinya teh, sarta saterusna mah sare sorangan, basa kuring geus ampir disunatan. "Ayeuna mah ulah sare jeung Mimih, da Enji teh geus gede," saur Mimih harita, ngolo-ngolo kuring. Heueuh, nya di kamar eta pisan kuring nyahona kana pamolah Si Kabayan basa keur ngala tutut, atawa Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet anu ngarala cabe di kebon Pa Tani. "Seuhah lata-lata, seuhah lata-lata ...!" ah, kapireng keneh soanten Mimih harita; sakitu likur taunna ka tukang.
Lila diteuteup, tapi ari bus ka jero mah teu wani; sieun kasuat-suat. Rumasa kuring teh geus ngahesekeun pisan Mimih. Ngurus ti orok beureum tea, lain pagawean enteng, bari jeung uruseun Mimih teh lain ngan kuring wungkul. Kuring geus kahutangan jasa anu sakitu lobana, bari kuring sorangan tacan bisa males ku kahadean, da Mimihna kaburu ngantun. Basa keur aya keneh dikieuna mah, pikiran kawas kitu teh datangna ukur saliwat-saliwat, sarta gancang pisan kapopohokeunana. Da anu sidik mah tepi ka ayeuna nincak sawawa oge, kuring masih loba carekeunana, tur tacan bisa (remen) nyukakeun anjeunna.
Tepi ka rengsena riungan nyusur tanah, kuring masih keneh remen hulang-huleng. Asa teu pati hayang milu maurkeun maneh kana riungan kadang warga jeung tatangga. Ngobrol ari ngobrol tea mah, tapi ukur saoles-saoles, tamba balem teuing, bisi goreng kasebutna. Anu leukeun nyampeurkeun bari milu ngabeberah teh di antarana Sarah, najan ku kuring tara pati enya-enya disanghareupanana. Maksud kuring, dina lebah ngajawab pananya atawa mairan omonganana tara ku kalimah paranjang. Jigana manehna oge maphum, pangna kuring kitu peta teh dumeh masih keneh sungkawa.
"Ari Panji, naha aya ku teungteuingeun," pokna, teuing dina obrolan nu kasabaraha kalina; waktu di imah geus rada corengcang semah.
"Kumaha kitu?" tangtu wae kuring ngarasa heran, dumeh manehna ujug-ujug nyarita kitu, bari teu ngawahan heula.
"Muhun, kapan Mimih teh palayeun tepang sareng Sarah. Tapi ku naon Panji teu ngawartosan? Padahal naon sesahna nelepon. Sarah tangtos ngagurutak ka dieu."
Oh, sual eta anu ku manehna dianggap teungteuingeun teh, ceuk hate. Tapi ari nu dipokkeun mah, "Terang ti saha Mimih nyarios kitu?" Enya, kuring ge inget, kapan Mimih kantos nyarios: hayang tepung jeung Si Eneng.
"Ti Ceu Cacih," tembalna. "Ku naon sih Panji mani tega? Ongkoh Panji tos jangji, bade ngontak ka Sarah.
Naon sesahna nelepon? Pan tiasa ngiring di kantor kacamatan upami hoream angkat ka wartel mah."
"Nuju bangreung tuda dinten eta teh," kuring nyieun piandel. Padahal alesanana mah lain eta, tapi hoream ngontakna, dumeh geus aya kereteg hayang ngajauhan manehna.
"Atuh miwarangan nu sanes ge tiasa, pan?"
Kuring teu nembal, da rumasa geus kasedekkeun omong.
"Anu mawi, basa tadi subuh nampi telepon yen Mimih tos teu aya teh, Sarah teu kinten kagetna. Malihan teu percanten ngawitanana mah. Tapi deuih, piraku ari saukur heureuy mah, mani asa kabina-bina. Katurug-turug nyariosna mani sakitu dinesna. Waktos dipapaykeun, ieu nyarios sareng saha, walerna teh padamel kacamatan, dipiwarang ku Pa Kuwu."
Kuring teu gancang mairan, kitu deui manehna oge sarua jempe.
"Nuhun Sarah kersa sumping," omong kuring sanggeus rada lila.
"Ah, da ieu mah kawajiban atuh. Ari kana papait mah, sakumaha hoream sareng tebihna oge kedah maksakeun dongkap, sanaos terangna ukur ti jalmi saliwat."
Barang ngadenge kekecapanana kawas kitu, kuring ngahuleng. Geuning mikirna tepi ka dinya, ceuk hate. Ungkara kawas kitu pandena mah ilaharna kudu kedal ti jalama anu geus koloteun. Geuning buktina sikep Sarah sakitu koloteunana! Kuring percaya yen omongan manehna lain jijieunan, atawa meunang ngahaja ngareka-reka. Lain, lain kitu omongan Sarah cikeneh mah, tapi kedal tina hate nu satarabasna. Enya, lamun caritaan ukur jijieunan bakal beda kadengena, bakal beda karasana.
"Panji ulah teras-terasan katingal nguyung. Mending sing teger," pokna deui.
Ukur dijawab ku paneuteup.
"Eh, naha Sarah bet mapatahan Panji," omongna deui. "Sarah ge papatahaneun keneh, kapan."
"Ah, teu sawios atuh. Kapan urang teh wajib siligeuing," omong kuring. Teu, teu nyangka mun omongan bieu baris gancang ditempas:
"Iraha atuh Panji bade ngageuing Sarah?"
Teuing kalepasan, teuing geus dirarancang yen manehna rek nyarita kitu. Ngan nu sidik, kuring ngarasa kaget, da teu tatahar ti anggalna.
Kuring teu ngajawab. Anu matak, pok deui manehna ngomong, "Tapi ketang, boa Panji mah teu ngemut dugi ka dinya, nya?"
Eh naha bet jadi kapapanjangan ieu teh?
"Pasti, Panji mah teu ngemut dugi ka dinya," pokna deui.
"Sanes teu ngemut, tapi abdi teu acan terang," tembal kuring.
"Teu acan terang kumaha?"
"Muhun, teu acan terang, dina leresan naonanana Sarah kedah digeuing teh. Bureng keneh kanggo abdi mah; naha kumaha kitu Sarah nu saleresna? Urang patepang teh pan nembe oge sababaraha dinten. Jadi, bade kumaha tiasa apalna kana kaayaan Sarah anu saleresna," cekeng teh. Tah geuning, teu burung aya lolongkrang pikeun ngajawab.
Giliran manehna anu ngahuleng. Jigana wae caritaan kuring dianggap aya (atawa loba, kitu?) benerna.
Memang, mun tea mah kuring kudu jujur, ari gambaran ngeunaan dirina mah geus aya eta oge, tapi nu dipake dasarna karek ceuk panyangka kuring wungkul, lain ceuk katerangan anu jol ti manehna. Enya, najan henteu sacara husus boga maksud ka dinya, kuring geus bisa rada nengetan kumaha ari kahirupan manehna. Ngan nya kitu, nyahona teh karek semet anu nalalembrakna wungkul, tacan nyosok jero tepi ka bubuk leutikna.
Naha hal eta perlu dicaritakeun? Ah, teu kudu, ceuk rarasaan kuring mah. Lain ku nanaon; bisi manehna salah tampa, bisi dianggap pipilueun atawa openan kana urusan pribadi. Kuring teu hayang tumanya: naon ari pacabakan Sarah nu saenyana? Naha ukur jadi penari, atawa aya nu sejenna? Naha manehna geus boga salaki, atawa randa? Atawa naon?
Teu, teu hayang nanyakeun. Hanas katerangan ngeunaan kahirupan Sarah jolna ti dirina, beda deui mun kitu mah, da lain kuring anu ngahaja maluruhna.
***
Sarah ngendong sapeuting; keur mah bangun geus aya niat, katurug-turug ku Apa kacida diandegna. Kuring teu pati nitenan, di kamar mana diperenahkeunana, da harita di imah loba jelema. Kuring ge teu kabagian kamar, ukur ngagoler di patengahan, ngabarak jeung alo katut Si Akang. Kamar Mimih ditempatan ku Ceu Nunung jeung Ceu Idah saanak-anak. Memang ari sarerea keur ngumpul mah karasa heurinna imah teh.
Isukna, pangangguran laha-loho ka kamar Si Uning. Breh katenjo tas pakean make logo Garuda Indonesia reujeung label ngaranna, kumaha ilaharna wawadahan anu kungsi dipake dina penerbangan. Eta tas anu diteundeuna dina meja teh ditumpangan ku papakean meunang nilepan. Make hayang nyidikkeun sagala, najan kuring geus yakin yen eta teh bogana Sarah. Dina handapeun tilepan baju katembong aya buku jilidna kandel semu empuk. Geus moal boa buku harian. Perenahna nangkub, sabab jilid tukangna aya di beulah luhur. Tembong saeutik bagian handapna. Tetela aya tulisan, sajajar, meh katutupan:
balik ka handapeun padung
Har, ungkara eta mah atuh jajaran ka opat tina tulisan nu aya di kamar kontrakan kuring. Pasti. Moal salah. Meunang nyutat tina buku Si Akang eta teh; nyao meunang jieunan pribadi, nyao meunang nyutat deui tina sumber nu sejen. Teu kungsi dipapaykeun, ngan kuring bogoh kana ungkarana:
anak nu ngaberung pundung
balik mah tangtu ka indung
kolot nu ngaberung pundung
balik ka handapeun padung
Anu matak, kuring nitah babaturan, sina dipangetikkeun dialus-alus, terus diprint. Maksud mah rek dipiguraan, ngan tacan kaburu wae.
Sok rajeun aya papanggihan mun keur mukaan buku Si Akang teh; buku agama lolobana. Dina bagian anu kosongna, mimindengna mah dina jilid beulah jerona, sok aya tulisan beunang manehna: aya cutatan tarjamahan tina ayat Quran, kasauran Kangjeng Rosul atawa sohabat, kekecapan mutiara, atawa guguritan. Sok rajeun kadenge tetembangan deuih Si Akang teh, da manehna mah bisaeun ngacapi; teuing meunang guguru ti saha. Sakali mangsa mah manehna nembang meunang sababaraha pada; nyao kinanti, nyao asmarandana.
"Guguritan seratan Juragan Panghulu Haji Hasan Mustapa anu bieu teh," pokna ka kuring, bari narikan pureut.
"Saha eta teh, Kang? Ajengan ti pasantren?" kuring pangangguran nanya.
"Is, lain. Ceuk beja mah cenah bujangga baheula."
"Ari Akang meunang ti saha nyalinna?" kuring nanya deui bari ngilikan buku tulis anu sawareh dieusi ku dangding.
"Ti lurah santri, urang Limbangan, Kang Tohari. Kateuing meunang nyalin ti saha manehna oge. Bukuna geus kucel, da remen digulang gaper. Loba pisan nu aya dina catetanana mah, tapi ku Akang ukur disalin sawareh, dipilihan anu resepna wungkul," pokna, bari terus disambung ku ngadongengkeun pangalamanana jaman masantren.
Mun dijumlah-jamleh, aya kana genep taunna Si Akang masantren teh, ngan pedah sababaraha kali pegat heula; teu nyambung ti taun ka taun. Kaitung lampar, da kungsi ka Jawa sagala. Anu matak, kanyahona lumayan lega, padahal sakolana mah ukur tepi ka kelas dua PGA. Asa jauh mun dibandingkeun jeung Kang Parman atawa Kang Obing mah. Dalah jeung kuring ge, ketang, anu kasebutna tamatan paguron luhur. Keun ari dina bagbagan agama mah, da puguh manehna lila jadi santri; dina urusan kamasarakatan lianna oge kaweruhna rada jero. Dina urusan tatanen, misalna, manehna mah lain ngan semet boga kaleukeun wungkul, tapi dibarung ku paelmuanana deuih. Kitu deui dina bab ingon-ingon, rek hayam, rek domba. Anu henteu teh ngukut meri, dumeh pamatuhanana di sisi gunung nu jauh ka pasawahan. Ka miara nyiruan, miara nyiruan, Si Akang mah teu weleh jadian. Tatanen jeung miara ingon-ingon minangka sumber pakasabanana teh. Tapi basa ku Apa rek dipasrahan sapi Banpres mah nolak. Bisi teu kaurus, cenah. Jaba deuih dina engkena kudu setor susu ka KUD jauh lalampahanana.
"Ah, entong ditingalian atuh."
Sumpahna ge asa kagebah. Sawangan keur jongjon aya di sisi gunung, ujug-ujug kaganggu ku sora Sarah.
"Panji ningalian buku Sarah, nya?" pokna deui; geus katembong nangtung gigireun. Jigana karek balik ti cai, da katembong seger.
"Henteu, ukur ningal acukna wungkul," tembal teh. Da jeung enyana, teu rumasa mukaan buku harian manehna.
"Naon resepna ningal acuk kenging nilepan," bari terus dirongkong; kawasna mah rek dipake salin, meunang ngahaja misahkeun tina jero tas.
Breh wae tulisan teh kabaca opat jajaranana. Manehna surti yen kuring keur ngareret kana ungkara nu ditulis dina jilid buku tea.
"Isin ah, bongan diaos ku Panji," pokna, bari nyokot buku anu bieu katindihan baju.
Pluk aya potret murag, kana deukeut suku kuring. Gancang dicokot, heg diilikan. Tetela potret manehna keur mangku budak kira-kira umur sataun.
"Putra Nitnit eta teh," pokna, bari nuduhkeun potret budak anu keur dipangku ku manehna. "Lucu, nya?"
"Saha Nitnit teh?
"Pun adi," tembalna pondok.
"Geuning tos kagungan putra?"
Manehna ngan ukur unggeuk, bari terus nyelipkeun potret kana buku harianana.
"Seratan ieu teh kenging nyalin ti kamar Panji. Wios, nya?"
"Mangga teh teuing," cekeng teh. "Naha Sarah ngaraos kataji, kitu?"
Unggeuk.
"Kataji ku naonna?"
Teu waka ngajawab, kalah ngirab-ngirab buukna nu galing muntang sahandapeun taktak; meleber seungit sampo, nyao teuing naon merekna. Ku kuring ngahaja diantep heula, sabab hayang ngadenge katerangan satuluyna.
Buku harian teh ku diasupkeun deui kana jero tas, terus malik ka kuring.
"Saentos maca eta seratan, Sarah teh asa kageuing," pokna, alon jeung bangun nu asa-asa ngedalkeunana.
"Maksadna kumaha?"
Deui-deui teu ngajawab, da kalah pok:
"Punten bade gentos heula acuk."
Ku kuring diteuteup.
"Enggal ah, da bageur ...," bari nyurungkeun tonggong lalaunan, ka lebah lawang. *** (hanca)