Nu nguriling mirig jempling, ngajingjing hiliwir angin,nyanding bangbalikan pikir, mipir dikir jeung hariring birit peuting. Ngiclik ngilitik nuturkeun suku, muru pungkasan balitung gunung. Taya suda nu karasa, ngan halabhab nyaliara, binarung renghap randegan, muka buliklakan dada, tempat ngambah nu balaka. Taya nu muni nyumputkeun, taya nu wasa ngadoja, dalah ambahan talaga, teu daya nyangga pulia. Bongan saha make sangup jadi jalma, nu pancen mawa amanat, sebarkeuneun sabuana. Ana geus nyoledat letah, jadi jauh pamuruyan, pedah kasurung pamadegan. Tapi mun seug ditalungtik, dadasarna henteu ajeg, teu napak dina tatapakan pangapungan. Kuduna amanah teh ngamparkeun rohmatan lil alamin, lain jadi bibit buit werejit, nu numuwuhkeun pacengkadan. Ana geus kitu atuh teu nyunah. Sok komo asalna tina pangbaidan kaagungan nu ditulis lebah lawang janah. Teu kungsi kapanggih ku iblis, najan asalna malaikat. Katohyanna basa pasanggiri kaunggulan Anwar- Anwas. Duanana ditulungan, nu hiji ku iblis, nu hiji deui ku Jibril. Tangtu beda cara, beda hasil. Buntung pisan da jadi sabab kana pangusiran. Sumebarna di jagat goromyangan, nyabeulah nyapotong. Unggal aya bodas pasti kaselapan hideung, jeung sabalikna. Tapi mun panceg dina lilingeran tawadu, kana moal tisoledat. Nu cilaka, ego hideung sok leuwih nyasab jeung ngaranjah batan ego bodas. Sanajan dina tarung patutunggalan mah, meh salawasna ego hideung tara meunang. Kawasna sarerea meh poho, yen aya sabagian leutik daging tina awak-awakan. Nu bakal dipenta tanggungjawab. Eta daging teu dibikeun ka nu sejen, wungkul ka manusa. Ngaranna estu pondok ngan opat huruf, “qolb”. Tidinya sumber sagala kahadean, tapi teu eungeuh sok jadi sumber kagorengan.Nu ngarobedana, euleuh lain jutaan, tapi milyaran. Ngan mun kapager ku lilingeran, moalnepi ka lumpat kana tungtung biwir, da kapangrod, kakenyed. Beh dituna manehna bisaeun tur sanggupeun ngadalian puseur sagala kaparigelan nu mampuh ngusikkeun pancadria. Kakara mun geus kakepung tawadu, binarung rasa rumasa, mawa raga ka awing-awang. Tapi mun kapahung, nya kitu, nu dadasarna bodas ge, sok tilelep kana leutak kaijid balarea. “Sampurasun, Nun, neda widi hoyong kumereb..”Ceuk hiji sora nu kakaraanjog ka golodog. “Inalillahi, hapunten, Nun, jisim taya wewenang ngawidian”Tembal nu di jero. “Har, dugi ka mana atuh leresna rohmatan lil alamin teh, upami kitu mah?” semah neugtreug. “Nu utama sawanda, supados bijilna ngajanggelek jadi tangtungan pamadegan teu lenjong”.Tembal nu di jero. “Euleuh upami kitu mah atuh diskriminatif,” “Henteu. Margi tos aya katangtosan ti ajali. Andika mah tos biasa mungpang rupina,, jisim mah teu wanton. Sae milari deui pangancikan sanes, nu luyu sareng katangtosan.” “Nanging naha aya ringkelna dina papagon, nu megat ni’mat kana lumebet ka dinya?” “Aya, kayakinan. Bade aya ringkelna bade henteu. Mung taya ringkelna nu miwarang ngawidian wanda andika lebet ka dieu.” “Adil upami kitu mah, taya ringkelna ngawagel, tapi taya ringkelna miwarang. Teu lepat atuh upami ngawidian lebet teh,” “Tah eta, taya ringkelna kedah ngawidian. Hartosna upami ngawidian teh, bahula,” Jep jempe sakedapan, semahngaleos teuing ka mana. Nu dijero rada tenang, ngankeukeuh waspada. Sabab geus kanyahoan, semah nu wandana kitu sok licik. Teu salah, bet lol ti para, tapi teu wanieun asup, salila teu diidinan. Ukur tembong kalangkang sirahna. Cara tadi ditolak. Les deui. Koreleng kapipir, keketrok. Ditolak. Jep deui jempe rada lila.Ana pucunghul teh ti kolong. Keukeuhpeuteukeuh nu hayang asup, keukeuh peuteukeuh nu embung kaasupan. Duka teuing ti mana jolna bet aya saburicak cahaya koneng, mebes kana raga nu di jero. Pucunghul aya rasa sejen. Make dibarengan ku harewos: “Pek lah, moal bisa salila aya kami mah”. Tah rasa eta nu nyilakakeun teh,bituna rasa bet jadi liang leutik sagede tungtung jarum. Atuh geblus we asup, nyangkoyot nyumput dina sela-sela urat nu gedena sahandapeun buuk. Tuluy tuap-tiup kana sabudeureunana. Mokaha nungtut robah warna tina bodas semu beureum jadi hejo semu hideung, antukna aya nu ngagebleg sagede titik. Hideung meles. Nu di jero curiga, pedah teu kadenge deui sorana. Panasaran nguriling satungkebing rohang. Gorehel teh aya nu keur ngahenen. Teu antaparah deui, gabrug dirontok, ger galungan.Silih piting silih banting, silih dudut silih babuk, silih siku silih deku. Sarua jagona, taya hiji nu tembong pieleheun, sarua rosana, sarua bedasna. Heab karasa hawa panas nyaliara, terus naek nepi ka meh tilu juta darjah. Rey sakur nu aya robah warna jadi beureum, beureum jambu, beureum euceuy,tungtungna beureum geuneuk. Tarung meh taya tungtung, sapoe, saminggu, sabulan, sataun, sawindu, terus taya eureunna. Kabeh pamake, kabeh kabisa, diketrukeun pikeun ngelehkeun musuh. Duanana ngajoprak kacapean. Gurinjal hudang, der deui papuket. Ngan kitu jeung kitu, teu luntur ku usum, teu leeh ku poe, teu laas ku jaman. Gebru deui duanana rarubuh, ngagaloler. Gurinjal nu hiji, dituturkeun ku nu hiji,ger deui galungan. Nu hiji hayang cicing, nu hiji hayang ngusir. Kakara nu hiji kaduhung, naha bet make kudu ujub, jadi mweh aya lolongkrang keur musuh asup. Tapi kaduhung teu manggih tungtung, da sagalana geus kajadian. Angger nu hiji kudu tanggungjawab, sabab pancen ngajaga geus dibikeun ti awal dicipta. Bari ngajoprak nu hiji ngajerit atina, paratka lawang pingpitu, kadangu ku nu ngayuga,barasat cahaya bodas sakedet ngaburinyay. Bray samar-samar katembong tulisan luhureun lawang kaagungan. Nyeh manehna seuri, gerenyem dipapatkeun. Koceak kadengen nu hiji deui ngagoak bari ngajaul kabur kana urut tadi asup. Rikat ditutup. Tapi sakdepan geus geblus deui nu kabur teh asup. Tutup deui, tobros deui, geblus deui. Sered. Tutup. Gebros, bus. Sered tutup. Hese da bahan panutupna beda tina bahan nu nyampak. Atuh nya ipis nya rapuh.Sabab geus kakeclakan racun ujub. Tutungna bahan nu dipake nutup teh ruksak, meh rajet. Ahirna diantep. Maranehna ngajarentul pabaeud-baeud. Tempo nu hiji aya panggero supaya nyadiakeun lambaran bodas, geuwat ditongtak ku nu hiji deui, ditambal ku lawon hideung. Nyakitu mun nu hiji nguniang pedah aya panggero kudu ngamparkeun lawon hideung, gancang direbut ku nu hiji deui diganti ku lawon bodas. Der deui galungan. Kalan-kalan nu geus aya dijero eleh, tapi leuwih mindeng semah nu eleh. Pangaruhna robah kana pamadegan. Tempo nu dijero ngampar bodasan, can ajeg. Ngagiwar ngenca da katambahan lawon hideung. Mimindengna mun semah rek ngamparkeun hideungan,mindeng kakenyed, da buru-buru ditumpangan bodasan. Dimana hiji waktu semah nu eleh, kakara pamadegan teh ajeg dina amparan bodasan.Binarung seminar nu mencar teja mentrangan, nyaangan buana pancatengah. Tapi ana manehna ngalehleh, nu nanjeur teh lawon hideungan, reup poek sakuriling bungking, binarung ting golepakna banusan, gerungna nu ngaleupaskeun nyawa, atawa ngaharegungna nu senang-senang. Ditontak geus elat.Mundur, bulubus ngasupkeun tiupan leuleuy lambaran rasa kaduhung.Pamadegan balik deui, balik ka asal ngalengkah. Teu lila, isukna pamadeganana robah, lengkahna ngucupkrak kana leutak walirang. Maranehna nu jadi sumber jeung puseur nangtungna hiji pamadegan, hirup sewang-sewangan, cadu patanya jeung musuh, nu sidik silih dudut, silih bongkar. Kakara nu beda wanda tehs nyerah, mun kadenge aya panggero nitah ngadegkeun kawajiban, elehna teh ngan 5 kali sapoe sapeuting, kajaba mun panggerona digugu kabeh ditambahan sumanget nu ngagedur.Kakara rada lila ngajoprak elehna teh.Utamana mun wani nangtungkeun tihang bandera dina dua pertilu peuting, atawa srangenge liwat meletek. Tah ngan tihang bandera amanah nu bisa ngaleuleuskeun, najan teu mateni musuh nu nyemah. Tapi teu keudeu, kalan-kalan tihang teh tara gancang ajeg, da sok digugunyeng heula, sina dengdek. Ana geus kitu, teu bias dipiharep pamadegan bisa ajeg. Nya galuang-galeong we, malah tempo-tempo mah tihang teh ngagebru. Jutaan taun geus kaliwat, taya hiji kecap nu bisa dipake dami, tayahiji cara nu bisa dipake ngukur keur akur. Da puguh beda cara, beda wanda, beda rasa, beda hayang, beda papagon. Angger nu hiji resep ngenca, nu hiji tuman ngatuhu. Sakalieun ajeg tengah-tengah ge hese beleke. Tapi nya kitu mun daek bubuh ripuh, daek ngamangpaatkeun waktu, daek ngahagal ngalawan ku cara ngantep ulah ngadenge harewos, ulah ngagugu panungtun, ulah narima pangajak, kakara nu nyemah ngajoprak teu walakaya. Samanea, sabatae, nu boga ngatur padungdung. Tegesna ajegna hiji pamadegan gumantung kana kuat jeung lemahna pertahanan. Sedengkeun pamadegan nu kudu diraksa diriksa, nya pamadegan nu gumulung jeung ringkelan papagon. Mun kitu, dunya taluk tepak deku. Bumi langit ngarumpuyuk taat kana pamadegan. Da puguh kabeh jeung sagala eusi,geus diajangkeun keur nu pageuh nyekel pamadegan. Nu pikasebeleun, ki semah bet baranahan, nepi ka ngeusi bingbilangan opat puluh urang, nu hiji mandahna cicingna adu hareupan, nu tilu puluh salapan, ngarariung beulah kenca. Da Beulah katuhu mah ku sorangange katutup. Belegugna teh, mun sakalieun parebut tihang, nu tilu puluh salapan, sok rageg ngoroyok mantuan mandahna. Tapi mindeng katahan najan ku sorangan ge, asal inget kana barang nu kungsi dijingjing mipir peuting, mirig bangbalikan pikir tea. Lebah dinya na mah atuda kabeh ge teu dadak sakala, angger mapay unggal raratan. Usikna pancadria, dikadalian ku otak, ngagurinjalna otak, dikadalian ku qolb. Matak teu aneh mun raga mangprung, nyawa tutung, dina ngabodaskeun deui teh, qolb nu kudu tanggungjawab. Sabab pidawuh utusan ge, mun cageur saguruntul eta daging, mangka cageur sakujur ragana, mun gering saguruntul eta daging, mangka ruksak sakujur ragana. Nu matak harianeun, nun ngaruksak taya halodo panyadapan, unggal detik ngarobah-robah padoman, nu mawa robah kana papagon, antukna mengpar tina palangeran, akibatna nya kana lenjongna pamadegan.